Wb/su/Wawacan Jaka Miskin
Transliterasi tina Wikipabukon
Wawacan Jaka Miskin
Dipiwarang dicitak ku kangjeung gubernemen di kantor citak Batawi tahun 1862.
1. Awit kaula ngagurit, nuju di poé salasa, wanci pukul dua lohor, pareng dina bulan saban, éta anu dikarang, aya hiji urang lembur, sakadar kokolot désa.
2. Ari ngarana Ki Aris, putrana sahiji pisan, pameugeut keur sedeng balég, birahi sagala lampah, élmu sareng agama, hanteu aya nu kalangkung teges teu aya kakurang.
3. Ngarana Ki Jaka Miskin, pareng keur waktu harita, Kyai Aris enggeus répot, tina kasepuhanana, sarta lajeng teu damang, putrana lajeng disaur, teu lila geus ngadeuheusan.
4. Kyai Aris weweling, ka putra saréh teu damang, Agus mangka hadé-hadé, ayeuna ama palangan, sarta geus aya hilapat, dikersakeun ku nu agung, ama teh bakal papisah.
5. Tapi ama langkung miskin, teu boga pisan pusaka, barang anu hadé-hadé, inten emas rejeung pérak, kitu deui munding kadu, ngan aya sahiji élmu. Nu bakal jadi pusaka.
6. Tapi mangka ati-ati, nyekelan élmu pusaka, pacua ulah rék poho, piwuruk tacan kamapahum, menggah ku pikir kaula.
7. Ramana tuluy ngalahir, ségieu geura tampanan, rupana pusaka jampé, tah ieu pokpokanana, mending mana cicing jeung leumpang, mending leumpang jadi maksud, reujeung deui mending mana.
8. Sasaréan rejeung nyaring, jadi mending nyaring téa, sakitu éta jampé téh, ku agus kudu dijual, harga saratus pasmat, sarta lamun tacan tutup, bayaran tacan katampa.
9. Agus ulah wani-wani, kudu ditutup kacida, Jaka Miskin geus ngahartos, kabéh piwuruk ramana, hanteu aya nu kaliwat, sadaya enggeus kamapahum, anti nu dongkap ka ajal.
10. Kyai Aris enggeus pupus, putra garwa sami nangis, sareng lajeung ngaos ayat, ungeulna inalilahi wa inailaihi ila rajiun enggeus tarapti.
11. enggeus sing matak kayungyun, ningal anu marabait, mayit lajeng disiraman, diulasan lawon putih, lajeng disalatkeun pisan, malah dipeundeum sakali.
12. Sanggeusna Ki Aris pupus, Ki Jaka Miskin prihatin, unggal poé ngaos Qur'an, sareng bari mikir-mikir, prakawis pusaka téa, jampé kasebut tadi.
13. Sareng manahna geus gulung. Geus kamapahum yén prayogi. Jampé dianggo dagangan. Dijual ka jero nagri. Ki Jaka téh lajeng mangkat. Kacatur baé geus sumping.
14. Ka pasar nagara agung. Didinya tuluy papanggih. Jeung jalma Ki Jaka nanya. nagri naon ieu adi. Jawabna Nagri Bardiyam. Rajana sugih nya adil.
15. Ki Jaka tuluy ngajentul. Semu susah dina pikir. Ki Sudagar kaget nanya. Kakang téh di mana bumi? Jeung mana anu di seja. Sarta saha nya kakasih.
16. Gancang Ki Jaka ngawangsul. Pun kakang ti tepis wiring. Ngaran pun kakang Ki Jaka. Mungguh seja dina pikir. Rék dagang élmu pusaka. pangaos saratus ringgit.
17. Sareng teu beunang dianjuk. Weukas bapa wanti-wanti. Mun tacan bayar kontan. Sia ulah wani-wani. Ngawaca aji pusaka.Sudagar hatur pépéling.
18. Geura coba ka mas kuwu. Suganna keursaeun meuli. Wantu éta jalma kaya. Loba emas loba duwit. Ki Jaka lejeung pamitan. Geus dongkap ka balé calik.
19. Tuluy ditanya ku kuwu. Saré ning kakara panggih. Éh adi atuh haturan. Ti mana nya tuang bumi. Sareng saha nya jenengan? Ki Jaka ngawalon ta'alim.
20. Simkuring téh urang dusun. Numawi énggal papanggih. Di tuduhan ku sudagar. Meudeukan ka tuang linggih. Sareng aya nu diseja. Pihatur kuring nu wajib.
21. Ngadagangkeun hiji élmu. Pangaos saratus ringgit. Ngarana Aji Pusaka. Titilar bapa simkuring. Mandawa ajeungan keursa. Mangga bayar kontan ringgit.
22. Mas Kuwu huleung ngajeuntul. Éwuh sajero ning pikir. pareng akeur aya eumban. Ngaran Nyi Eumban Turasmi. Sareng lajeng ngadeukeutan. Ngupingkeun carios tadi.
23. Nyi Eumban keur dipiutus. Néangan dagangan euncit. Sarta barang rupa-rupa. Ka sudagar sugih-sugih. Pareng aya papanggihan. Nu matak Nyi Eumban ngintip.
24. Bareungna enggeus kamapahum. Eumban gagancingan mulih. Teu kacatur dijalana. kaseubut baé geus sumping. Tuluy medekan ka raja. Miunjuk carios tadi.
25. Raja kaget lajeng nyaur. Mantri jero nu dituding. Ditimbalan kapaséban. Unjukan na radén patih. Yén kudu nyaur Ki Jaka. Aya nadipun ngabéi.
26. Radén patih geus miutus. Hiji radén nu prayogi. Teu lila Ki Jaka dongkap. Ka payunan radén patih. Tidinya lajeng dicandak. Ngadeuheus ka kanjeng gusti.
27. Teu lila dén patih mundur. Kantun Ki Jaka pribadi. Raja Bardiyam mariksa. Dagang naon manéh pakir. Jaka Miskin lajeng nyeumbah. Dagang pusaka simabdi.
28. Élmu titilar ti seupuh. Pangaos saratus ringgit. Tapi keudah bayar kontan. Teu kénging kirang saeutik. Kakara kénging diwaca. Kudu geus béh saratus ringgit.
29. lajeng kangjeung raja nyaur. Mantri jero gancang indit. Meudeukan payuneun raja. Raja nyaur ka ki mantri. Hayu mantir urang coba. Sapihatur Jaka Miskin.
30. Sang raja bardiyam mundut. Arta dua ratus ringgit. Patih jero gancang mangkat. Teu lila geus dongkap deui. Sarta mantri mawa pasmat. Ka payuneun kangjeung gusti.
31. lajeng kangjeung raja nyaur. Jaka éta aing meuli. Jampé nu pusuka téya. Ki Jaka nyeumbah geus tampi. pasmatna geus diwadahan. Dibunteull ku lawon putih.
32. Ki Jaka lajeng miunjuk. Aji pusaka nu tadi. Kuleum nyaring mending mana. Anu leupas mending nyaring. Jeung deui cicing jeung leumpang. Mending leumpang jadi hasil.
33. Raja beungong bari tungkul. Kayungyun campur jeung isin. Raos tambah-tambah pisan. Dagangan Ki Jaka Miskin. Hanteu nyana ku mahalna. Ku tana élmu budak leutik.
34. Usap waspa bari imut. Weukasan gumujeung leutik. Kutan ngan sakitu pisan. Éta Jaka eweuh deui. Nya enggeus takdir ing Allah. Maneh kudu boga duit.
35. Ayeuna mah da geus tutup. Jaka hadé geura balik. Cong nyeumbah Ki Jaka leumpang. Bari na ngagembol duit. Teu ka catur di jalana. Kapungkur raja geus mulih.
36. Kocap sang raja Bardiyam. Sapaninggalan Ki Jaka Miskin mulih. Ti peuting sahiji waktu. Hareudang jeung bayeungyang. Hanteu saré raja gedebag-gedebug. Hanteu ngeunah raraosan. Rasa éling ka éélmu tadi.
37. Tidinya raja ngamanah. Boa-boa nya beuneur élmu si pakir. Cik coba rék luntang-lantung. Ngajajah jero nagara. Raja lolos panganggo enggeus dilungsur. Ka prabonan geus ditilar. Raja geus jeung karti bumi.
38. Teugeus hanteu nyandak réncang. Raja nyamur heunteu nganggo abdi. Luntang-lantung dilulurung. Keubat ka kidul wétan. kaleresan teupung jeung jalma di kidul. Di leresan parapatan. éta jalma arék maling.
39. Raja nyamur tuluy nanya. Kita paman keur naon cicing. Jeung naon anu dimaksud. Paman anu timana. Peuting-peuting luntang-lantung dilulurung. Tidinya tuluy némbalan. seja kula rék titilik.
40. Paman leuwih hadé teurang. Laku lampah supaya jadi prayogi. Ulah malang-malang tanggung. Karana pikir kaula. Lamun pareng sarta jeung sampéyan sarju. Malah kula seja pisan. Hayang teurang tuang bumi.
41. Sateurangna lampah kula. Nya kaula tukang bégal tukang maling. Jurujana enggeus masahur. Teu aya kahirupan. Ngan sakitu nyeubrot maling banda batur. Malah-malah bieu pisan. Rék maling ka radén patih.
42. Ngan supaya kaleresan. Keur kumpulan pra mantri jeung peurjurit. Sarta geus sadiya tulup. pada ngageum senjata. Guguneuman arék ngarampog sang ratu. Dina peuting ieu pisan. Ki patih ngalindih gusti.
43. Ayeuna nya sukur pisan. Sada kaula papanggih jeung tuang linggih. Urang paju lamun rempug. (.....) Ulah seumang nya kaula nu sanggup. Lahiran raja nu nyamar. Sumangga kaula ngiring.
44. lajeng mangka tas sarengan. Dua jalma ka bumi raden patih. Dumadak kana éta waktu. Jalma di kapatihan. Geus haréés. Teu aya pisan nu kantun. Tina capé ti beurangna. Tunduheun liwat saking.
45. Jalma dua paguneuman. Rék milampah anu prayogi. Raja nyamar tuluy nyaur. Paman mangké heulaan. Kula boga sobat di régol béh kidul. Mangga urang téang heula. Urang ajakan badami.
46. Pikeun nendeun éta barang. Beunang urang maling ti radén patih. Tapi nu leuwih perelu. Ngan éta baéésenjata. Hayu paman kabéh éta urang pupul. Ulah aya nu ditinggal. Sawab éta leuwih wajib.
47. Geus tidinya bral di téang. Hanteu lila sobatna enggeus kapanggih. Bareng prok lajeng di rangkul. Ku raja diharéwosan. Rasiahna manéh ulah kagét ulah gugup. Aing nitipkeun senjata. Beunang maling ti ki patih.
48. Sobatna hatur sumangga. Rasiahna kabéh enggeus kaharti. Gancangna carita tuluy Jalma dua deudeumitan. Senjatana kabéh geus pada dipupul. Sarta tuluy diakutan disérahkeun ka sobat tadi.
49. Mulih deui raja nyamar. Tuluy pada nyampeurkeun ka ki patih. Sarta nyandak péso cukur. Kumis reujeung halisna. Dicukuran. Dicingcang petana nyukur. Halis beulah ti kénca. Beulah di katuhu halis.
50. Geus praktos raja kaluar. Mulih deui ka parégolan tadi. Didinya lajeng barempug. Ngatur prakawis lampah. Rék kapalang rék maju kaburu subuh. Barabay pajar ti wétan. Hayam ramé manuk ricit.
51. Lahiran raja nu nyamar. Tapi ieu paman barang beunang maling. Urang jual heula isuk. Ladangna bagi dua. Ayeuna hayu urang pada mundur. Sawab jam geus tabeuh lima. Moal kaburu maling deui.
52. Peuting isuk jam dalapan. Sore-sore mangga urang tepang deui. Handapeun caringin kurung. Ngabagi ladang barang. Bari urang mun pareng deui lumaku. Ki bangsat hatur sumangga. Papisah seumuna manis.
53. enggeus beurang gégér radén patih. Kapalingan barang rupa-rupa. senjatana beak kabéh. Tumbak beudil jeung suduk. bandérana peudang jeung keuris. Kabéh taya nu tinggal. Dén patih burundul. Énggal miwarang unjukan. hiji mantri meudeukan ka kangjeung gusti. Ngunjukeun katiwasan.
54. Lajeng baé disaur dén patih. Mantir nyeumbah tuluy mangkat. Raja nyaur mantri jero. sareng tuluy ngadawuh. Juru ketok kumpulkeun mantri. Énggal(...)geus sadia. Jru ketok geus kumpul. Teu lila dén patih dongkap. Sarta nyeumbah radén patih tuluy linggih. Mando payuneun raja.
55. Lajeng baé raja téh ngalahir. Montong susah patih cacarita. Sabab kami leuwih nyaho. Manéh téh goréng laku. Rék ngareumpag jenengan nu linggih. Lamun teu kanyahoan tiwas jenengan ratu. Supaya pitulung Allah. Di parengkeun akal maneh hanteu jadi.
56. Sakalintang radén patih mungkir. Teu rumaos rék béngkok seumbah. Raja mundut kaca geudéé. Kaca lajeng dipangku. Diasongkeun ka radén patih. Dén patih seumu pias. Kaliwat kaduhung. Kumis halis geus dicingcang. Kangjeung raja ngadawuh barina beungis. Tangkeup si patih cidra.
57. Juru ketok bareung nagkeup patih. Di payang di bawa ka luhur. Sarta na lajeng dipotong. Geus kitu raja ngadawuh. Ka sahiji mantri prayogi. Kudu nyaur Ki Jaka. Téangan di lembur. Mantri nyembah lajeng mangkat. Gagancangan teu lila geus dongkap deui. Sarta reujeng Ki Jaka.
58. Jaka lajeng dipangkat papatih. Diémbarken ka mantri sadaya. Dina poé éta kénéh. Sartana enggeus masahur. Yén Ki Jaka dijungjung linggih. sareng digeuntos nama. Ku keursa sang ratu. Dén Patih Raksa Nagara. Geus diganjar bakal garwa hiji putri. Ngaranusada ningrat.
59. Kacarios deui enggeus peuting. Dina waktu jam tabeuh dadlapan. Raja tilar ka prabon. Ngabujeung waringin kurung. Prok patepang jeung basat tadi. Didinya lajeng dicandak. Ki bangsat ditungtun. Bareng geus dongkap ka lawang. ség gumeut keur bangsat kalintang ajrih. Mundur maju pikirna.
60. lajeng raja ka karaton linggih. Tuluy nyaur raja ka kiabngsat. Lamun manéh hanteu nyaho. Basa keur di lulurung. Waktu maling ka raden patih. Éta téh nay urang. Eukeur waktu nyamur. Tapa geus keursa ning Allah. Manéh jadi pitulung ka awak kami. Tangtu meunang ganjaran.
61. Nyai bangsat dipasihan gajih. Ringgit pasmat saban-saban bulan. Sarta ditenden di régol. Damel jadi sesepuh. Nganyahokeun sagala asil. Sareng geus dipasihan. Istri hiji alus. Bakal pigarwaeunana. Jeung na deui jenengan enggeus diganti. Mas ngabeui among praja.
62. Sanggeus kitu nagri tambah sugih.hanteu aya ka kiranganana. Para mantri suka kabéh. Nagara panjang-punjung. Sapanjangna nyandingkeun cai. Tuluy jadi pamunjungan. Nangkoda murubul. Suka tadah dadagangan. Jadi tanda yén ratu sugih tur adil. Hanteu aya kakurangan.
63. Ki Patih tadi kacatur. Lalampahanana julig. Arék ngarempak ka raja. Jadi hanteu matak hasil. Agur ség baé dirina. Dongkap nyandak hukuman pati.
64. Éta jalana sakitu. Éta kedah jadi éling. Dianggo conto perlampah. Anu rék ngadehes ka gusti.Kudu sumujud kacida. Supaya salamet diri.
65. Kasebut saturun-turun. Yén éstu jalma nu julig. Malah saanak incuna. hanteu diaku ku gusti. Jadi pacacadanana. Kadang wargi pada benci.
66. Lamun éstu jalma alus, Éta tangtu kitu deui. Sarta saturun-turuna. Dipika asih ku gusti. Tangtu meunang gancang rahmat. Sawab atina beresih.
67. Sanajan turunan ratu. Lamun boga pangkat leutik. Ulah aral basariah. Sumawona lamun julig. Sing alus nya panarima. Da geus karsa anu gaib.
68. Sawab teu meuanng nyalindung, lamun jalma goréng ati, dibuka ku gusti Allah, karana éta téh gusti, wajibna dikawulaan, terus rejeng hadis dalil.
69. Carita ieu geus tutup, pihatur kuring nu nulis, kasanak-sanak sadaya, manawi tacan tingali, ka nu ngarang ieu tembang, pakir anu kurang budi.
70. Jalma bodo liwat langkung, katambah ku leuwih miskin, ngan tina margi timbalan, numawi kuring ngagurit, anu matat ngabujangga. Wondéning ngaran simkuring.
71. Wasiat titilar sepuh, disebut ku kadang wargi, ngaran pun indranagara, anu dimaksud keur abdi, taya deui nu di seja, nu diantos beurang peuting.
72. Jawi timbalan nu agung, pupujan diri simkuring, pagustén anu keur mulya, anu ngahuripan diri, weulas ka abdi sadaya, asih ka jalma nu miskin.
~Tamat~