Wb/su/Ngédit Wikipédia/Nyieun akun

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Ngédit Wikipédia > Nyieun akun

1. Léngkah pikeun nyieun akun Wiki[edit | edit source]

Klik tutumbu "Jieun akun" di juru katuhu luhur pikeun nyieun akun wiki.
Formulir eusieun pikeun nyieun akun

Wikipédia téh katelah “énsiklopédi anu bisa diédit ku sasaha”. Dina prakna, kitu téh kudu muka lokana, milih éditeun, laju nyieun parobahan (baca bagbagan ngédit dina ieu manual). Ku boga akun, anjeun bisa nyieun artikel anyar, ngamuat berkas, sarta ngédit ampir kabéh artikel, kaasup anu rada dikonci (ketak anu ilaharna dipaké pikeun nyingkahan vandalismeu kana hiji artikel). Anjeun ogé bakal bisa milih kumaha midangna Wikipédia dina panyungsi anjeun, muka aksés ka parabot ngédit husus; ngawaskeun hiji artikel, sarta boga ngaran salaku kontributor petingan. Lian ti éta, akun anjeun ogé bisa dipaké di sakabéh proyék Wikimédia.

Pikeun nyieun akun Wiki, tuturkeun pituduh di handap:

  1. Buka raramatloka Wikipédia dina panyungsi anjeun - https://su.wikipedia.org.
  2. Klik tutumbu Jieun akun di juru katuhu luhur kacana.
  3. Sanggeus asup ka kaca pormulir eusianeun, eusian data-data anu dipénta: sandiasma, kecap sandi, konfirmasi kecap sandi, alamat surélék, jeung CAPTCHA pamariksaan kaamanan.
  4. Wilujeng! Anjeun geus boga akun Wiki. Aya sababaraha tutumbu anyar anu mucunghul di luhur:
    • Sandiasma – nutumbu ka kaca pamaké pribadi anjeun
    • Préferénsi – pikeun setélan pilihan anjeun dina maké Wikipédia.
    • Awaskeuneun – nyirian kaca-kaca anu ku anjeun diawaskeun parobahanana.
    • Obrolan – nutumbu ka kaca tempat anjeun bisa nampa sarta mairan tulisan ti kontributor lian.
    • Kontribusi – béréndélan éditan anjeun ti saprak nyieun akun.
    • Kaluar log – tombol pikeun ninggalkeun log wiki anjeun

2. Nyieun kaca pamaké[edit | edit source]

Kaca Pamaké téh minangka kaca pangwanoh ngeunaan diri anjeun. Teu langkung, eusina bisa panjang, bisa ogé pondok. Hadéna mah ulah midangkeun data pribadi anu henteu perlu, cukup anu umum baé.

  1. Klik tutumbu sandiasma anjeun di luhur (biasana warna beureum, nandakeun kosong kénéh).
  2. Anjeun bakal asup ka kaca jeung hiji eusieun tempat anjeun ngeusian kaca pamaké anjeun. Lamun rék nutumbukeun hiji kecap/frase ka artikel di Wikipédia, paké tombol Tutumbu (gambar ranté) di luhurna, atawa dikurungan ku tanda kurung siku dua kali ("[[" jeung "]]").