Wb/su/Wawacan Wulang Tani/Pupuh Kinanti
Appearance
II
Pupuh Kinanti
- Nomer genep melak jambu,
- Tanwandé buwahan cukul,
lamun dina enggon tiis,
lima taun gé buwahan,
sok buwahan unggal musim,
buwah dina satangkalna,
mun ka kalong teu kapanggih. - Muat opat lima ratus,
jeung dina harga saduit,
dua saduit lumbrahna,
lamun anu rada leutik,
opat mah enggeus kaprahna,
pang juwalna tukang tani.
jambu éta réa jinis,
jambu bol heula kacrita,
anu dipelakeun siki,
lamun dina enggon panas,
tilu taun ogé hasil.
- Jambu Samarang kacatur,
aya tilu-opat jinis,
hiji jambu anu bodas,
rasana kesed jeung amis,
kadua nu héjo téya,
rasa cambor réa cai. - Katilu nu semu wungu,
rasa hasem sari amis,
kaopat jambu érmawar,
nu rasana amis seunggit,
jambu aér kalimana,
tangkalna buwahna leutik. - Sakabéh nu jinis jambu,
melakna leuwih babari,
hanteu hésé tarékahna,
dahan nu dipaké bibit,
ti puhuna diseketan,
diceblok supaya jadi. - Ngan sahiji jambu batu,
anu dipelakeun siki,
diipuk ngarah kongkowak,
pilihan nu bakal jadi,
nu montok mulus akarna,
supaya teu lila geuring. - Kabéh sarupa ning jambu,
sok buwahan unggal musim,
kira buwahna satangkal,
geus tangtu réwuwan siki,
mun teu ku kalong ku lalay,
hargana dina saduit. - Muat dua-tilu puluh,
lamun mangsa nedeng musim,
ngan jambu bodas nu béda,
undak sapuluh saduit,
tina sabab rada langka,
hanteu aya unggal pipir. - Nomer tujuh nu kacatur,
digurit ku juru tani,
lamun rék melak rambutan,
melak siki ogé hasil,
tatapi réa gagalna,
tara unggal melak jadi. - Ari gagalna disebut,
lain sabab henteu jadi,
ngan jadi rambutan kembang,
kula geus nyoba pribadi,
nya leuwih hadé cangkokna,
sarta béda téréh hasil. - Lamun siki tujuh taun,
kakara mimiti hasil,
siki gé mun di nu panas,
angkok hanteu lila teuing,
opat taun gé buwahan,
tapi ari di nu tiis. - Dina enggon anu luhur,
leuwih tilu réwu kaki,
luhurna tina sagara,
rambutan tara ngajadi,
kembang baé sapanjangna,
sabab teu ngeunaheun tiis. - Sanajan lebah di Garut,
hanteu tilu rébu kaki,
sok jadi rambutan kembang,
jadi buwah teu dieusi
rajen aya hiji dua,
nu bagja buwah dieusi. - Tangkal pulasan jeung tundun,
jeung rambutan még sajinis,
kahayangna di nu panas,
petana melakna sami,
jeung siki hadé cangkokna,
sarta ulah di nu tiis. - Melak jeruk nu dicatur,
nomer dalapan perkawis,
lamun melak jeruk jamlang,
nu dipaké bibit siki,
atawa cangkok dahana,
éta hadé manan siki. - Éta lamun melak jeruk,
siki nu dipaké bibit,
nepina kana buwahan,
tujuh tahun malah leuwih,
lamun cangkok nu dipelak,
tilu-opat tahun hasil. - etana nyangkok teu dicatur,
tina enggeus lumbrah galib,
sagala jalma galib,
tapi tarékahna deui
ulah nyangkok dahan ngora,
atawa dahan nu leutik. - Sumawona nyangkok sirung,
sasat saruwa jeung siki,
tujuh atawa dalapan,
tahun kakara rék pentil,
rejeung deui jeruk éta,
ulah di nu tiis teuing. - Nu luhurna tina laut,
leuwih tilu rébu kaki,
saperti lebah cikajang,
buwahna hasem jeung leutik,
tapi aya ogé béda,
jeruk paséh rejeung Bali. - Jeruk Bali anu kudu,
ulah pisan di nu tiis,
sanajan lebah limbangan,
jeruk Bali tara amis
tina taneh kurang panas,
sanajan bibit Batawi. - Réa nu melak di Garut,
cangkok Cirebon Batawi,
tatapi réa nu gagal,
buwahna taya nu amis,
ngan hadé pisan tangkalna,
tina sabab tiis teuing. - edeng lebah karang sambung,
jeruk Bali tangtu amis,
sanajan lebah Sumedang,
geus kacoba ogé amis,
baheula di panyingkiran,
aya cangkok ti Batawi. - Umurna ngan tilu taun,
kaopatna bijil pentil,
tina ceb melak cangkokna,
buwahna gedé jeung amis,
ngan hanteu cara asalna,
kitu lampah jeruk Bali.
- Ari nu hadé di Garut,
jeruk paseh jeruk nipis,
leuwih tina enggon liyan,
buwahna gedé jeung amis,
jeung lebet taya hamana,
kalong lalay hanteu beuki. - Muat dua-tilu ratus,
buwahna di nu geus jadi
lamun mejehna carangna,
ulah kahiyeuman teuing,
wates satumbak satengah,
carangna geus tangtu hasil. - Ari harga buwah jeruk,
lumbrah hiji dua duit,
malah ari nu gedé mah,
sahijina genep duit,
upama cokot leutikna,
dina hiji dua duit. - Satangkalna tilu ratus,
upama dicokot, leutik,
satangkal genep rupia,
sakitu tanwandé.
jadi, coba mun melak ratusan,
sabat boga duit. - Nomer salapan dicatur,
carita ki juru tani,
petana melak pisitan,
anu dipelakeun siki,
umurna tina dipelak,
tepika buwahan hasil. - Watara sapuluh taun,
lamun dina enggon tiis,
buwahna unggal dahan,
raranggeuyan pinuh rimbil,
hargana buwah di pasar,
ngan dua puluh saduit. - Kasapuluh melak dukuh,
anu dipelakeun siki,
dicangkok gé rajeun beunang,
lamun dina enggon tiis,
nepina kana buwahan,
tujuh belas taun hasil. - Nomer sabelas dicatur,
tarékah lampah nu tani,
petana melak kokosan,
aturan cara nu tadi,
nya cara picitan téya,
harga buwah kitu deui. - Kadua belas disebut,
nona nu dipelak siki,
ari dina enggon panas,
tilu-opat taun hasil,
mimiti kana buwahan,
lamun dina enggon tiis. - Kudu opat-lima taun,
buwahan geus ngadirihdil,
hargana sahiji buwah,
tara kurang ti saduit,
nu geus kaprah di Limbangan,
ayeuna séjén perkawis. - Melak srikaya dicatur,
katilu belas perkawis,
petana nya cara nona,
ngan harga buwah sahiji,
dua duit mah kaprahna,
genti deui nu digurit.
- Melak kawista disebut,
kaopat belas perkawis,
petana mah cara nona,
ngan umur tepika hasil,
likuran taun lawasna,
lamun dina enggon tiis. - Hargana buwah sahulu,
lima genep tujuh duit,
pang juwalan urang pasar,
malah malah rajeun leuwih,
genti deui pangajaran,
kalima welas perkawis. - Melak gedang nu dicatur,
melakna nya kudu siki,
cara peta melak nona,
ngan umurna rada gasik,
sataun gé geus buwahan,
buwahna dua saduit. - Kitu deui gedang gandul,
kagenep belas perkawis,
hanteu béda tarékahna,
melak diipukeun siki,
ayeuna ganti carita,
katujuh belas perkawis. - Melak Balingbing nyakitu,
nu dipelak kudu siki,
ngan béda dina umurna,
opat-lima taun hasil,
ari hargana nu kaprah,
Balingbing dua saduit. - Buwah namnem nu dicatur,
dalapan welas perkawis,
sikina anu dipelak,
ari dina enggon tiis,
belasan taun buwahan,
ka pungkur teu pati amis.