Jump to content

Wb/su/Wawacan Wulang Tani/Pupuh Asmarandana (kadua)

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Wawacan Wulang Tani > Pupuh Asmarandana (kadua)

VII

Pupuh Asmarandana

  1. Pépéling ki juru tani,
    ka sanak-sanak baraya,
    poma-poma masing getol,
    pepelakan bubuahan,
    masing panjang élingan,
    ninggalan kasewe putu,
    supaya ulah masakat.

  2. Geura manah masing lantip,
    saperti urang ayeuna,
    wareg ku titinggal kolot,
    sarupa ning bubuahan,
    atawa dahar gula,
    kawung titilar karuhun,
    ayeuna kantun ngadahar.

  3. Lamun urang hanteu éling,
    kana pepelakan téa,
    ana ka incu meureun ngongkrong,
    ngawajit teu maké gula,
    lamun kurang élingan,
    ayeuna teu melak kawung,
    tanwandé kitu temahna.

  4. Montong dimanahan teuing,
    sabab lila kabuktina,
    nya matak pondok,lalakon,
    lamun dipikir keselna,
    tatapi kudu manah,
    hasil ana geus kapuluk,
    untung mayeung sapanjangna.

  5. Teu karana modal deui,
    unggal taun mupu buah,
    ngan kari untungna baé,
    geura sumangga manahan,
    upama legga lahan,
    dina watara sabau,
    ceb pelakan tatangkalan.

  6. Jeruk paséh jeruk bali,
    manggah cengkir budidaya,
    jajar-jajarkeun sing hadé,
    masing saruwa carangna,
    supaya hadé buah,
    nu geus kacoba di Garut,
    carang satumbak satengah.

  7. Hasilna nu geus kabukti,
    kacoba ku nu geus melak,
    satangkalna jeruk paséh,
    meunang dalapan rupiah,
    tapi cokot leutikna,
    tilu rupiah mah tangtu,
    sakitu mah moal kurang.

  8. Meureun matak jadi sugib,
    lamun melak masing réa,
    dina sabau lahan téh,
    asup dua ratus tangkal,
    itung tilu rupiah,
    dina satangkalna jeruk,
    jumlah dua ratus tangkal.

  9. Meunang genep ratus rispis,
    sangkilang cokot leutik,
    geus tétéla untung gedé,
    nu matak kudu daékan,
    sagala pepelakan,
    geuna geuna saban taun,
    melak genep tujuh tangkal.

  10. Pikeun distrik-distrik,
    hadé nu harieum téa,
    pinuh kalapa jeung jambé,
    tangkal kadu tangkal nangka,
    awi tukangeun imah,
    ulah suwung pelak kawung,
    sabab hadé kahieuman.

  11. Sarta pinuhan ku kopi,
    dihandapeun tatangkalan,
    ulah aya lahan ngoblog,
    rejeung kudu nyieun lombang,
    keur pamiceunna runtah,
    kumpulkeun mangké keur gemuk,
    ana geus buruk runtahna.

  12. Tatangkalan anu keri,
    kudu digemuk lembahna,
    jeung deui tarékah doktor,
    kudu bresih lelemburan,
    sabab jadi panulak,
    ka sakit radang jeung budug,
    kaléra marbus teu datang.

  13. Sok aya ogé kasakit,
    tina kotor lelemburan,
    buruwan jeblog jeung bécék,
    hawana asup ka imah,
    jadi kasakit téa,
    nu matak kudu diurus,
    runtah kumpulkeun piceunan.

  14. Sisi lembur dikamalir,
    keur pamiceunan cileungcang,
    supaya tuhur teu bécék,
    anggeus tangtu tambah betah,
    lamun lembur ditata,
    rejeung kudu melak waru,
    nyadiyakeun kasusahan.

  15. Lamun hanteu ati ati,
    susah tanwandé ka sorang,
    meureun susah ngéjo ogé,
    ngalah suluh engges anggang,
    sumawon geus dilarang,
    ngaruksak kai di gunung,
    geus témbong pisan masakat.

  16. Éta kudu ogé éling,
    melak waru pager huma,
    atawa di lahan kosong,
    nu matak gunung dilarang,
    diruksakan kaina,
    panjang élingan sang agung,
    ngamanahan kapayuna.

  17. Sasat henggeus katingali,
    mungguh pitemaheunana,
    ku élingan gupernemén,
    lamuna hanteu dilarang,
    gunung tanwandé ruksak,
    kaina meureun digempur,
    buktina enggeus ka sorang.

  18. Baheula keur jaman aki,
    réya leuweung manan teggal,
    ayeuna buliklak kabéh,
    cacak lamun teu dilarang,
    moal lila gé bungbang,
    susah mungguh anak incu,
    moal bisa nyieun imah.

  19. Tah nu matak kudu éling,
    melak waru ulah tinggal,
    ngarah pisuluheun baé,
    malah jadi kauntungan,
    lamun melak tohaga,
    suluh dijual ka warung,
    harga satanggunganana.

  20. Payu dua puluh duit,
    lima welas sén murahna,
    tambah kauntungan ogé,
    jeung supaya ulah nuwar,
    tatangkalan nu ngeunah,
    limus nangka rejeung kadu,
    éta mah ala buahna.

  21. Aya dongeng nu di gurit,
    hiji jalma kasangsara,
    unggal poé sok bermaén,
    mumulan taya kasabna,
    ngandelkeun ménta-ménta,
    pareng dina hiji waktu,
    bermaén ka Ki Nangkoda.

  22. Ku Ki Nangkoda kaharti,
    yén éta jalma mumulan,
    unggal poé ngan bermaén,
    taya pisan kalakuan,
    tuluy ku Ki Nangkoda,
    dibéréan siki dukuh,
    nangkoda téh kieu pokna.

  23. Ieu ayeuna téh aing,
    méré siki dukuh jimat,
    gewat pelakeun ku manéh,
    mangké buahan uang mas,
    hé ieu tanda tangan,
    bisi omong aing luput,
    ieu cekel tanda tangan.

  24. Mangké sodorkeun ka aing,
    ari dukuh geus buahan,
    bisi omong aing géséh,
    tidinya tuluy ditampa,
    nu jalma kasangsara,
    dikandung dibawa tuluy,
    sanggeus datang ka imahna.

  25. Nginjem pacul jeung pangali,
    siki dukuh ceb dipelak,
    disambil jeung melak bonténg,
    kacaturkeun lila-lila,
    tangkal dukuh buahan,
    tapi si miskin jamedud,
    pikirna dukuh téh gagal.

  26. Omong nangkoda teu jadi,
    hanteu buahan uang mas,
    si miskin téh tuluy baé,
    mupu dukuh dikarungan,
    los dibawa ka pasar,
    mawa lima genep karung,
    dijual ka tukang dagang.

  27. Marengan keur elat musim,
    ekeur suwung bubuahan,
    jadi mahal hargana téh,
    dibeli kontan harita,
    dibayar uang eumas,
    Ki Miskin kakara imut,
    percaya ka Ki Nangkoda.

  28. Ki Miskin geus jadi sugih,
    tambah kaget tolanana,
    enggeus kapikir ku haté,
    jalma melak tatangkalan,
    sasat melak uang mas,
    malaur ngahurun balung,
    leuwih hadé pepelakan.