Jump to content

Wb/su/Warnasari/Tukang Ngangon Domba Gedé Ambek

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Warnasari > Tukang Ngangon Domba Gedé Ambek

III. Tukang Ngangon Domba Gedé Ambek

Aya hiji tukang domba gedé ambek, ngarana Andris, diheureuyan baé dombana téh, unggal-unggal poé ngaganti panenggel, éta domba sieun na ku Andris sarua jeung ku anjing baé, ari Andris nenggelan domba téh, éta domba lalakina sok ambek sarta masangkeun tandukna, kawas-kawas nyindiran: “Tah ieu leuwih bedas batan panenggel sia.

Tidinya barang ditenggel sakali deui, éta domba lalaki lumpat ka tegal, ku Andris di tuturkeun sarta tonggoy baé ditenggelan, beuki bedas jeung beuki remen, buk-bek baé kawas tukang ngampamalulu, ngeprék suukna.

Domba-domba anu sok diangon ku Si Andris

Tatapi éta domba anggur beuki tarik lumpatna, beuki jauh beuki jauh, datang ka nepi kana sampalan nu rada bala.

Ari geus kitu, béh diharepeun manggih solokan sakitu legana, datang ka ngaharuleung duanana, tapi éta domba lalaki hanteu mikiran, tuluy baé luncat.

Andri beuki banget ambekna, rék luncat teu kaduga, hanjakaleun domba téh geus teu ka genggem.

Tina gedé ambekna leungit kasieuna, tuluy baé luncat bari ngagero: “Ayeuna rasakeun baé ku aing rék diturutan!

Sanggeusna ngomong kitu, tuluy manéhanana nurutan ngaluncatan solokan téa.

Barang nepika peuntas tiditu jadi ngarandang, ana rék ceungkat manéhanana héraneun kacida, geura pikir ku nu maca, leungeuna salin rupa, sagala jadi cara domba, tambélag pisan cara domba nu sok ditenggelan téa, patutna nyakitu, sarua potonganana, sarua deudeugna, sarua buluna, tandukna nyakitu kénéh baé, ngeulik teu ka piceun sasieur-sieur acan.

Sanggeusna Andris ngajadi domba, éta domba deui ganti rupa jadi bersih, témbong cahyana, Blég pisan juraganana téa Andris, moal aya nu ngira baé yén éta domba téa.

Tuluy ngomong Andris anyar téa ka domba anyar: “Eh sobat manis papakéan urang ayeuna pahili, manéh kudu nurut ka kami, upama manéh teu daék, mangké dihakan ajag!” Ceuk domba anyar téh: “Kunaon nu matak kaula diganti ngaran, apan teu kieu-kieu?” Dibales deui ku Andris anyar: “Rasakeun baé ku manéh, naha teu karasa ku manéh? Meureun tina gedé ambek nganiaya umat, nu matak ka tulah!

Domba anyar ngadéngékeun kitu sieun kacida, tuluy baé nuturkeun Andris anyar téa. Andris anyar nyingceut ka gigir ngintip bari mawa paneunggeul, anu ti juraganana téa, montong sieun, ceuk Andris téh: “Kaula sanggup ngajar kawajiban lampah manéh sarta kami rék ati-ati supaya ulah cara lampah manéh pribadi, sok hereuy, jaga supaya manéh jadi domba bageur, sarta kami rék jadi tukang ngangon manéh, sing bageur naon kamistian pangabisa manéh. Jeung manéh kudu asrah kana takdir, kumaha petana manéh rék aral, kamistian manéh ngan nyebut embé baé, geuning saeutik pisan!

Sanggeus kitu tuluy manéhna disada embé-embéan, tidinya manéhna disampeurkeun ku domba-domba jeung anak-anakna, marukanna domba-domba téa, tina bawaning ku atoh disada deui.

Barang domba-domba baralik soré, éta indung bapana Andris tacan kapanggih, ari geus prok kagét kacida, anakna jadi lungguh jeung bresih sarta tambah-tambah manis jeung basa na baeang indit tadi isuk-isuk.

Tuluy balik si Andris anyar téh ka imah juraganana bari dituturkeun ku domba anyar téa.

Matak héran kacida, ceuk indungna: “Andris jeung saha manéh téh datang ka imah, cara anak domba baé, éta domba kunaon semu bengis saperti manéh?

Tidinya manéhna kagét barang ngadéngé téh, ngomong cara domba ka juraganana, anu ngartieun basa manéhanana: “Mangga kumaha pikeursaeun anjeun ka kuring, tatapi kuring wakca taya taksiran kuring pibisaeun aturannana!

Ceuk Andris anyar: “Bisa ogé asal ku kami dipapatahan ka bodoan manéh, datang ka bisana!

Geus kitu ditémbongkeun iteukna tukang ngangon téh bari ngomong: “Nyaho manéh di ieu?” Domba anyar ngawalon: “Kuring teu sieun ku nu kitu, naon deui kawasa téh ka kuring!” Ceuk Andris anyar: “Aya deui kabisa aing ka manéh, aing bisa motong beuheung manéh!

Sanggeus ngadénge omongan kitu, tuluy baé nyingkir éta domba téh bari ngagidir tiris, terus kana igana, wantu tina tacan lilaeun tas diguntingan buluna, awakna pinuh ku ci ibun.

Andris teu ngomong sakecap-kecap acan, tuluy baé jeung domba ka tegal moro jukut. Domba anyar téh matak karunya pisan kalakuanana, wantu kakara jadi domba, tatapi manéhna jadi bageur pisan tina hadé nampana pangajaran juraganana.

Dina hiji mangsa rék dihakan ajag, tatapi teu tulus, tina bélan juraganana, ajagna dilawan ku paneunggeul, ari éta domba tarimaeun pisan.

Upama soré arina balik ti tegal ka lembur, mindeung poho jalan ka kandangna, sakapeung mah tuluy baé sarta disada nu matak karunya, kawas anu ngola, hayang dibéré roti, matak watir pisan, heug nénjo ka indungna téa, semu nu rék ngomong kieu: “Eh Emak, na geus poho deui dianak sorangan?

Éta indungna kacida pohona, ari datang Andris tukang ngangon téa, ngomong indung Andris téh saperti indung ka anak baé, éta domba téa aya didinya teu kaduga lila-lila nénjo, tuluy baé nyingkah bari ci mataan.

Aing cilaka alah batan domba.” Omongna ka Andris anyar téa, nu matak nyeuri kacida, ari ras ka jaman baheula.

Andris ngawalon: “Enya manéh kudu inget ka baheula, geuning manéh unggal-unggal poé sok nganiaya, sangkilang kaula sato, aya ati ras rasan ka manéh, tapi manéh euweuh pikiran ka kami, yén Allah bakal maparinan ngajadi sato, tina sabab kaula ogé sarua pada mahluk Allah!

Geus kitu domba téh nénjo, semu ngusut sarta ambék, bari nanya ka Andris: “Cik béjakeun iraha eureuna siksaan kaula? Diwalon ku Andris: Upama ditimbang kana lilana nganiaya manéh bareto ka domba-domba, meureun lila kénéh siksaan manéh!

Domba téh ngarénghap: “Beu atuh lila teumeun kaula pineupieun ka ruwat!” Ngawalon tukang ngagnon téh: “Kaadaban tata krama manéh, kami trima, upama niat kami mah masih poé ayeuna ogé jadi cara ka hareup deui, tatapi kami moal meunang mun kareup sorangan!

Dina séjén poé Andris anyar ngomong ka domba téh pokna: “Kami boga pibejaeun teu ngeunah pisan ka manéh, bapa manéh ngomong tadi isuk-isuk hareupeun kami, pokna: kahayang kami éta domba montong lila teuing sina leuleumpangan, anu matak eungké laukna jadi liyat, geus teu ngeunah deui dihakan na, niat kami isukan rék dipeuncit, jadi ayeuna poé panungtungan manéhanana ka tegal pangangonan téh!

Ceuk domba téh: “Non-non!” Bari semu reuwas ngomong sajeroning ati, “Aing rék paéh sarta ku leungeun bapa sorangan.

Eh ulah ngadeuruk sobat, déngékeun geura,” ceuk Andris téh, “Kami mapatahan ka manéh, eungké soré ari urang datang ti tegal, kudu nyuuh kana tuur bapa manéh tilu kali, sarta disada nu matak karunya, sugan na kahartieun ku ati bapa manéh, sarta manéh tangtu moal tulus dipeuncit!

Domba nurutkeun sakumaha papatah tukang ngangon téa, barang datang kaburuan imah, bapana keur nangtung dina tukangeun panto, tuluy domba téh nyampeurkeun semu susah nyuuh kana tuur bapana téa, sarta disada tilu kali nu matak karunya, tatapi teu puguh pokna.

Naha beut kitu petana domba téh,” ceuk bapana, “Kawas nyahoeun éta domba, yén manéhanana arék dipeuncit, sigana ménta dihirupan, atuh ayeuna mah keun baé sakeudeung deui, dina séjén poé baé!

Ari si domba narima kasihkeun ka tukang ngangon téa, tina ka tarimaanana. éta tukang ngangon ngomong deui ka domba: “Pibéjaeun kami ka manéh poé ieu, hanteu ngeunah alah batan kamari, indung manéh kamarieun tas ngopi nanya ka kamu, pokna: kumaha manéh tutunggon kénéh di anakna tukang tani wéseul, ngaran Stineu?

Ari kaula teu nyaho, kumaha nya pingawaloneun, tina sabab manéh tara pisan nyarita lampah éta bobogohan, ku kaula diwalon kieu baé, di buru lulusna: atuh puguh unggal poé gé sok ngajaga kénéh.

Enya kitu hadé pisan”, ngawalon domba téh, “Ayeuna kaula nuhun tarima pisan. Enya kaula masih resep kénéh, malah ayeuna sanggeus kaula ganti adat asa beuki nyaah ka Nyi Stineu.

Pok deui Andris anyar: “Jeung deui ngomong indung manéh, Nyi Stineu geus aya omongan moal daék ka manéh, sieun diambeuk ku cara manéh sok ngambeuk kana domba, da jalma nu sok goréng ka sato rajeun ogé goréng ka jalma. Jeung deui indung manéh geus meunang béja, yén Si Fideus, anu beunghar bogoheun ka Nyi Stineu, ku bawaning atoh dibélaan ku indungna ngolo-ngolo kabogohna tidinya tuluy baé indung manéh leumpang ka Stineu, sarta manéhanana dicaritaan, yén manéh geus séjén pisan adat jeung baréto, adil sarta tara nganiaya cara ka tukang-tukang.

Si domba téh bijil omongna tina keureuteug angeunna, sarta lain tina ihtiarna, pokna: “Eh Emak nu bageur kaula ayeuna jadi malarat sarta jadi domba goréng pisan, kumaha petana hayang meunangkeun anu geulis, kumaha atuh akalna?

Tuluy Andris tukang ngangon téh nyampeurkeun, pokna: “Déngékeun geura, rasa kaula kieu, urang bareungan jeung ka Stineu, upama keur aya Stineu didinya, kaula rék nanya ka manéh, sarta manéh kudu ngawalon ku gigideg atawa ngingguk, ngawalon eunya atawa hanteu, Stineu geus tangtu héraneun ku kapinteran manéh, sarta meureun dipénta domba pinteur, mangké dibikeun ka manéhanana, tidinya kaula rék ngomong, yén éta domba dibikeun sotéh lamun sanggup moal meuncit atawa dibikeun ka nu séjén, manéhanana geus tangtu sanggupeun, jeung upama manéh kapibanda ku Nyi Stineu, meureun manéh ditanya deui, jeung manéh kudu bener, nya méré walonan ka manéhanana, nanyakeun urusan kawinna jeung nu ngaran Fideus téa.

Sanggeus kitu domba ajrét-ajrétan meucah pisan bawaning ku atoh, sarta tuluy baé poé harita kénéh nganjang ka Nyi Stineu.

Barang datang kadinya, Stineu keur diuk, jeung Emakna di balik panto.

Sanggeusna tukang ngangon tatabéan jeung manéhanana ngomong ka Stineu, pokna: “Nyi Stineu kaula nyaho, yén indung kaula euntas tidieu jeung ngomongkeun tina kahadéan kaula ka manéh, nyarita kula geus séjén pisan, tatapi tina sabab manéh bisi teu percaya, majarkeun indung kaula ngomong teu puguh, kaula mawa saksi kadieu, geura éta domba tanya, kaula kumaha ayeuna hadé atawa goréng ka domba?

Tidinya pék Stineu nanya ka domba: “Enya ayeuna tara dikaniaya manéh jeung batur manéh?

Ari si domba anyar téh ingguk-inggukan sarta Stineu sanggeus nénjo lampah domba hideung sarta pinteur, kacida kagétna.

Pok Andris anyar ka domba anyar: “Enya Stineu rék kawin ka Fideus beunghar?

Gogodeg domba téh. Beureum beungetuna Nyi Stineu, sarta teu puguh rarasaanana, aya éra, aya garéték, aya kagét. Garéték tina sabab dipajar bogoheun ka Si Fideus, kagétna ku domba hartieun omong jalma.

Nanya deui Andris anyar: “Enya Andris resep pisan ka Nyi Stineu?” Domba ngingguk deui dua kali nyebut eunya-eunya.

Ceuk Andris anyar: “Kira manéh kumaha piluluseun laki rabina?

Beuki kacida inggukna.

Ceuk Andris: “Atuh ayeuna baé kawin?

Gigideug kacida pisan nanadakeun yén teu pisan rempug.

Ceuk Andris: “Ariraha atuh, bulan hareup?

Gigideug domba téh.

Ceuk Andris: “Tahun hareup?

Gigideug, ari Nyi Stineu seuri anteup-anteupan.

Andris: “Na kumaha, kudu permisi ka bapa manéh heula?

Kacida pisan inggukna.

Tidinya Nyi Stineu ceuceuleu-keuteukan bari ngomong ka Andris anyar: “Lamun enya manéh gedé tineung ka kaula, kaula ayeuna ménta tanda, éta baé domba pinteur téa kadieukeun!

Andris anyar ngwalonan: “Kaula sanggup heug dibikeun domba téh, tatapi masih datang kapaéhan gé ulah nyingkah ti nyai!

Ngawalonan Nyi Stineu: “Éta kaula sanggup pisan. sarta domba téh diolo sato kami nu bageur sing jongjon baé, manéh sing betah di kami, sarta ku kami dijaga, ulah aya nu neunggeul ka manéh, sarta moal kurang parab.

Sanggeusna Stineu ngomong kitu, éta domba nginggug siga nu nyebut tarima kasih tina bawaning ku atoh.

Tidinya domba téh diragap sirahna ku Nyi Stineu, beut jleug baé jadi Andris deui, Nyi Stineu ngadéngék, harita kénéh tukanguenana aya nu disada bé! dilieuk ka tukang béh baé domba nu eunya taya.

Ari Andris baku sidik deui satadina, ngan ari ayeuna jadi bageur pisan sarta lungguh.

Tidinya Andris ngawakcakeun lalampahanana kabéh, sarta hanteu pati lila dikawinkeun, ramé pisan kariaanana.

Ari si domba téa dipiara salawasna, hanteu dipeuncit.

Ari barudak nu sok resep nganiaya sato, mangka haradé, bisi katarajangan siksaan cara Andris téa.