Jump to content

Wb/su/Warnasari/Putri Kasangsara

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Warnasari > Putri Kasangsara

I. Putri Kasangsara

Jaman baheula aya hiji raja istri geus sepuh, geus rila katilar pupus ku carogéna, kagungan hiji putra istri ti raja, éta Nyi Putri ti bubureuyna kénéh geus dipacong-pacongkeun ka hiji pangéran anom, putra raja nu jauh nagarana ti nagara Nyi Putri téa, ari geus nepi kana waktuna ditikahkeun, éta putri diiangkeun ka nagara picarogeunana téa, cara paribasa sapi anut ka banténg, tegesna istri nuturkeun pameget.

Demi ibu putri téa ngentepkeun barang-barang nu gedé hargana, bokor emas, perak jeung sagala rupa sakur nu piayaeun dameulna bari sapangantén, bangsa raja - raja, sabab putra ngan sahiji pisan, langkung-langkung dipikanyaahna, taya deui nu jadi buah manah ngan éta pisan.

Ku ibuna dipaparin hiji lanjang keur pangiringna sarta pangasuhna, nu beunang milih dikira pibélaan, jeung dipasihan kuda titihaneunana, éta kuda ngarana Si Walada, bisa ngomong cara jalma.

Demi poéan jeungkar Nyi Putri, ibuna tuluy asup ka jero kamar, nyandak pangiring awéwé saurang, tidinya raja istri ngeretan ramona ku anjen, datang kagetihan, éta getih ditandeyan ku lamak bodas, tilu keclak, tuluy dipaparinkeun ka putrana, barina nyaur: “Ieu lamak bodas beunang nétésan ku getih ibu, ku eulis ampihan masing hadé pisan, geura mangké di jalan aya gawéna.”

Tuluy ku Nyi Putri ditampanan, tapi teu kaharti pisan, rasiahna, sanggeus kitu Nyi Putri jeung ibuna sili rangkul sili cium, wantuning rék papisah sakitu jauhna, ngélingkeun bisi jadi poé bungsuna, nyaéta poe panungtung.

Raja istri ngawuruk sarta nitipkeun putra ka lanjang nu rek ngabelaan téa.

Nyi Putri dangdan panganggo raja kaputren, lamak bodas nu beunang nétésan ku getih téa dicandak dibungkusan deui ku lamak séjén, geus kitu clak nitih kuda lajeung jeungkar.

Ramé lalakon nu katinggal ku nu angkat, indung-indung ting salegruk éwé randa maridangdam, cawéné ramé laléwéh, budak leutik pada carerik, nini-nini rawah-riwih, katinggal ku nyai putri, nyakitu deui Nyi Putri tunggang kuda semu susah, tungkul nyusutan ci soca.

Ngaliwat di pasar gedé, ramé nu mileuleuyaneun, geus dongkap ka jaba kuta, ngaliwat-lawang sakéténg, éar sorana kangkaréng, tikukur pating areungguk, nya ékék pating karékék, nya piit pating caricit, heulang kawas humandeuar, éta buburonan kabéh pada milu susah.

Jauh ti lembur, anggang ti nagara, lalampahan Nyi Putri jeung pangasuhna.

Kacaturkeun enggeus jauh ti lembur, anggang ti nagara, nyorang tegal, ngentak-ngentak, tina kacida panasna Nyi Putri hanaangeun, hoyong ngaleueut ngalahir ka lanjang pangasuhna téa, lahirna: “Turun manéh sakeudeung, kami halabhab, pang nyiukeun cai itu tina sumur sisi jalan.”

Pangasuh téh ngawalon sarta songong, pokna: “Lungsur baé ku anjen nyiuk cai, ari hoyong ngaleueut mah, hanteu perlu dilalayanan ku kuring.”

Tina sabarna Nyi Putri, hanteu ngawalon, tuluy baé lungsur tina kuda, angkat ka sisi sumur, cangogo bari nyiuk cai ku panangan, hanteu wanieun nganggo pinggan perak sawab dilarang pisan ku ibuna, ulah nganggo barang emas perak,

Nyi putri ngalahir bari humandeuar. “Ya Allah.” Barang Nyi Putri ngalahir kitu, éta getih nu tilu tétés téa ngawalon, pokna: “Eh Allah, lamun ibu uningaeun, meureun raheut manahna tina sabab ngahelas ningali lampah salira ajengan.”

Tina sabarna sarta handap asorna Nyi Putri, hanteu diwalon, tuluy baé tunggang kuda sarta jeungkar.

Kira-kira sapal jauhna tina sumur tadi, nyorang tegal ngentak-ngentak jukutna dongdoman baé, sarta réa batu jeung cadas, panasna kabina-bina, panon poé keur manceran pisan.

Nyi Putri geus hanaangeun deui, malah leuwih ti tadi, barang nepi kana sisi walungan Nyi Putri ngalahir ka pangasuhna, saurna: “Turun heula sakeudeung, kami halabhab pisan, pang nyiukeun cai ku pinggan emas tina walungan.”

Nepi ka walungan tuluy lungsur Nyi Putri rék nyiuk cai.

Tina ku bawaning hanaang Nyi Putri lat lali baé kana larangan ibuna, ulah nganggo barang emas téa.

Pangasuhna némbal bari ngagelendeng, semu reueus, ngan masih kénéh maké adab saeutik, pokna: “Ari hayang ngaleueut mah nyiuk baé ku anjen, montong miwarang, kuring hanteu pernah jadi badéga anjen.”

Tina sabar darana Nyi Putri hanteu ngawangsul sakeumék, jut baé lungsur tina kuda, angkat ka sisi walungan, cangogo sisi cai, bari humandeuar lahirna: “Ya Allah.” Éta geutih nu tilu tétés téh ngawalon deui, pokna: “Eh Allah: Nyi Putri kutan aya didieu? Lamun ibu tingalieun meureun raheut deui manahna tina ngahelas ningali salira ajengan sakieu balangsakna.”

Ku Nyi Putri hanteu diwaro, tuluy nyiuk cai, keur ngarongkong éta lamak nu aya getih tilu keclak téa ragrag ka cai, sarta ngambang, tatapi Nyi Putri hanteu pisan uningaeun yén éta lamak ragrag sarta palid.

Ngan lanjang pangasuh téa nyahoeun sarta atoheun kacida, bari ngomong pokna: “Ayeuna mah beunang pisalakieunnana ku aing.”

Sabab éta Nyi Putri ti saenggeusna getih anu tilu tétés ragrag ka cai, jadi lalesu kawas nu dipupul bayu, taya pisan dayana, ulatna pias cahyana sureum.

Ari geus kitu barang rék cat (clak?/clat?) Nyi Putri nitihan Si Walada, lanjang pangasuh ngomong pokna: “Kami hayang tumpak Si Walada, ari manéh mah kudu tumpak kuda urut tutumpakan kami baé.” Bari tuluy di rangsadan panganggona, dipake ku manehna kabeh, ari Nyi Putri disina maké papakéan manéhna.

Nyi Putri taya walakayana, kapaksa kudu nurutkeun paréntah pangasuh téa, tungtungna éta putri dipaksa sina sumpah, yén mangké upama geus datang ka karaton pangéran téa, ulah pisan ngomong sakecap lalampahan ieu, jeung kudu sanggup saumur-umur, moal betus, lamun hanteu daék sumpah tangtu dipaéhan ayeuna baé, éta diturutkeun baé ku Nyi Putri, saparéntah nyi lanjang pangasuh téa.

Tatapi Si Walada nyahoeun kabéh lalampahan Nyi Putri, sarta diinget-ingetkeun niatna supaya ahirna bisa ngababarkeun. Niat bélanga lebur tapak Nyi Putri.

Sanggeus sumpah tuluy baé Nyi Putri Palsu tumpak Si Walada, bari nganggo parabot raja, kaputrén sing sarwa emas, ditarétés ku inten, eukeur mah dadasarna rada hadé, bérés bisa maké wantuning ti leuleutik cicing di karaton, semu taya dusunna, tindak taya cacadna, ngan kacawadna kacida teuing gumelisna, ulat ieu aing, ari Nyi Putrina eunya téa, matak karunya pisan, tumpak kuda galadag, rarang kéna bararutut, tunggang kuda bari nangis, Nyi Putri Palsu ngalahir: “Gewat badak masing gancang, urang masing téréh datang ka dayeuh papacangan aing.”

Sagala buron leuweung pada milu susah, nya geuri pada carerik, kadanca milu nalangsa, ékék pada nyeri haté, nenjo Nyi Putri sakitu kasangsarana, hanteu kacaturkeun kabéh lampah di sajalan-jalan, jauh mo burung cunduk, anggang mo burung datang, caturkeun datang baé, ka kaca-kaca nagara, geus nyampak anu mapag istri pameugeut, piibuan piramaan, pirakaan, pirayian, indit sirib piriumpi, ais pangampih, pangéran anom ku anjen mapag ti wates, kira-kira nepi ka karaton dijajaran ku umbul-umbul sarta tatabeuhan asa kaindit, surakna ngalembur gedé, ayeh-ayehan, ka capangan jalma-jalma urang nénjo nu geulis pijuraganeun urang.

Kocapkeun barang gok patepang, pangéran reujeung Nyi Putri Palsu langkung lumenyapna bari gewat nyamperkeun, jeung ngalungsurkeun tina kuda ku anjen pisan, atuh Nyi Putri Palsu téh béak baé suka bungahna jeung ngaléléwan duwang daweng layap-léyép, kabéh ais pingampih, sanak baraya pada marunjungan, bari hookeun nénjo anu tumegep gumelis, sakitu kawas teu ngarikeun batur, dibéakeun ku sorangan, ari Nyi Putri eunya mah taya nu ngawaro-waro tina kucel papakéanana.

Sanggeus kitu tarunggang kuda deui, sawaréh nyacat, barang sumping ka jero karaton dilungsurkeun deui tina kuda, dicalikkeun di tengah bumi, diriung ku para ibu, disarib ku para bibi, diréndéng para sadérék, ais pangampih ngabaris, baru daék hampak ngabayak, Nyi Putri eunya cingogo dina golodog.

Demi geus tuus barang tuang, tuluy pangantén dipernahkeun dina bumi alus, nu beunang netebahan, hurung hérang kumaha onam pangantén putra raja, anu dipusti-pusti, dipieuweuh-euweuh, ari Nyi Putri eunya téa dipernahkeun dina hiji pangkéng wadah bubututan, cangkorang bongkang, réa pisan beuritna, malah aya kapalana hiji beurit cantung, sagedé ucing.

Tidinya raja sepuh istri ningalian éta pangiring Nyi Putri pangantén, eunya ogé goréng papakéanana, tatapi semuna manis dedegna leunjang, malah ngungkulan juraganana, sakitu ditapuk-tapuk ku emas inteun, katingalina Nyi Putri téh keur nangtung di latar, tuluy raja sepuh istri asup ka kamar pangantén, sarta tuluy mariksakeun ka mantu, lahirna: “Éta saha budak nu nangtung di buruan?” Nyi Putri Palsu ngawalon, pokna: “Budak badéga kuring, bawa ti ditu, tapi mumulan pisan.” Saur raja sepuh istri: “Atuh ari taya pigaweunana mah anggur sina ngabaturan Si Kudrat baé, budak tukang ngangon soang téa, tamba taya gawé, anggur ngangon-ngangon soang.”

Nyi Putri Palsu ngawalon: “Sumangga pisan dipipanteseunana, budak goréng patut mah ngan ngangon soang, di dituna gé turunan kuring leupit cacah rucah.

Isuk-isuk geus indit Nyi Putri Sajati jeugn Si Kudrat ngangon soang.

Tuluy baé unggal poé Nyi Putri eunya reureujeungan jeung budak lalaki ngaran Si Kudrat ngangon soang.

Lila-lila pangantén Nyi Putri Palsu mikir risi sieunan kabuka rasiahna, ku Si Walada, tuluy baé aya haturan ka pangéran anom, pokna: “Pangéran mugi ulah dipungpang turutkeun panuhun kuring anu sanget pisan.” Walon carogéna: “Hég ku kakang diturutkeun, naon paménta téh, sikep kacida teuing, cik waléhkeun baé naon.” Nyi Putri Palsu ngawalon, “Sumangga raka miwarangan nyaur tukang kulit, éta kuda gaduh kuring Si Walada piwarang peuncit teukteuk beuheungna.” Raja putra kaget sarta nyaur: “Naha kuda alus-alus bet dititah dipeuncit naon dosana, jeung keur naon gawéna.” Putri palsu ngawalon, “Éta kuda nganiaya ka kuring, di jalan remen ngaragragkeun.” Éta kitu walon Nyi Putri Palsu, tapi satemena mah ngan kubawa ning risi baé sieun éta kuda cacarita, lalampahan manéhna, nganiaya Nyi Putri.

Tidinya tuluy raja putra nyaur tukang kulit (jagal), miwarang meuncit Si Walada.

Nyi Putri Sajati ngadangu, yén éta Si Walada dipiwarang dipeuncit, ngalenyap manahna ngaraos bakal buntu laku, pondok nya lalakon.

Geus kitu tuluy baé Nyi Putri Sajati nyandak duit uang emas tina kanjut nu di beubeurkeun kana angkéngna, dipaparinkeun ka tukang kulit téa, bari ngalahir: “Ieu uang emas, tapi kula neda tulung éta kuda Si Walada gantungkeun dina luhur kaca-kaca nu sok kaliwat unggal poé ku kula, ari ngangon soang, supaya remen papanggih, jeung éta hulu kuda.” Tukang kulit ngawalon: “Sumangga, naon baé paréntah ku kula dilakonan, ari aya amisnamah beureum-beureum cara ieu.”

Gancangna tuluy éta kuda dipeuncit, huluna digantungkeun luhur kaca-kaca, panuduhan Nyi Putri Sajati téa, tapi éta tukang kulit nurutkeun paréntah sotéh lain nyaho yén éta tukang ngangon téh putri sajati, ngan kusabab kabongroy ku uang baé.

“Eh Walada, kutan manéh ngagantung didieu.”

Kacaritakeun isuk Nyi Putri Sajati jeung Si Kudrat geus bral ngangon soang, ngaliwat ka handapeun kaca-kaca, Nyi Putri Sajati tanggah barina nyaur, “Eh Walada, kutan manéh ngagantung didieu.” Hulu kuda ngawalon: Eh Nyi Putri, kutan aya didieu manaha teuing lamun ibu uningaeun meureun manahna raheut, tina sabab ngahelas ningali ajengan.” Nyi Putri Sajati tuluy calik handapeun kai, rék disanggul, pamérésna nu ditabur ku inten, hanteu karangsadan, ku Nyi Putri Palsu téa, sabab kabunian ku rambut, harita rék dianggo mérésan rambut, katénjo ku Si Kudrat tingburinyay, tinggurilap, Si Kudrat kabitaeun pisan, hayangeun ngarebut baé.

Geus kamanah ku Nyi Putri Sajati yén Si Kudrat matak teuhang, tuluy Nyi Putri kakawihan.

Ieu kawih kudu dikawihkeun cara lagu dongeng.

Hiuk-hiuk angin barat,
Kebutkeun topi Si Kudrat,
Sabab aing keur kapalang,
Nyisiran digelung malang,

Si Kudrat masingna lila,
Aing keur pepeta heula,
Carita jeung hulu kuda,
Supaya ulah katara.

Sanggeus Nyi Putri ngawih kitu, dumadakan datang angin barat, topina Si Kudrat kabawa hiber ku angin, tuluy diudag ku Si Kudrat, jadi tumaninah Nyi Putri nyisiran diminyak, tuluy digelung malang, bari sasauran, jeung sirah Si Walada, ari Si Kudrat pundung ngaréhéng ka Nyi Putri, sapoé jeput hanteu mawa lémék [palémék], ari geus burit tuluy Nyi Putri mulih ngagiringkeun soang, bari tuluy dipeutingkeun, Nyi Putri asup ka pangkéngna, geus dipaparin alas cara ngalasan ucing baé.

Isukna deui tangi, tuluy ngabijilkeun soang, bari tuluy digiring jeung Si Kudrat, ngaliwat kana kaca kaca Nyi Putri tanggah barina nyaur: “Eh Walada kutan manéh ngagantung didieu?” Sirah Si Walada ngawalon: “Eh kutan ajengan aya didieu, lamun ibu uningaeun mereun raheut manahna, sabab ngahelas, ningali ajengan.”

Nyi Putri gék calik dina jukut, barina nyaliksik, Si Kudrat nyampeurkeun, ka Nyi Putri, Nyi Putri tuluy ngawih deui. Kieu pokna:

Hiuk-hiuk angin barat,
Kebutkeun topi Si Kudrat,
Sabab aing keur kapalang,
Nyisiran digeulung malang.

Si Kudrat masingna lila,
Aing keur pepeta heula,
Carita jeung hulu kuda,
Supaya ulah katara.

Hiber topi Si Kudrat kusabab hiuk-hiuk angin barat.

Tidinya datang deui angin barat, ngagelebug hibeur jauh pisan topi Si Kudrat, tuluy ku Si Kudrat diudag, méh teu kasusul, tina topi hampang kabawa ku angin gedé. Sanggeus Si Kudrat mulang deui nyampeurkeun Nyi Putri, barina baeud, Nyi Putri geus kasampak bérés gelung malang, tuluy ka pasawahan ngangon soang, nepika burit, geus burit mulih ngagiring soang, lebah kaca kaca pok deui nyaur: “Éuy Walada kutan manéh ngagantung didieu,” Sirah kuda ngawangsul, “Eh kutan Nyi Putri aya didieu, lamun ibu uningaeun, mereun raheut manahna, ningali ajengan kasangsara cara kieu.” Nyi Putri lajeung, geus ngasupkeun soang kana kandangna, Nyi Putri asup ka pangkéngna téa, tuluy baé ébog, bari ngamanahan lalampahan, nineung ka ibuna, nyaur sajero ning manah, “Eh ibu kumaha baé ibu lamun tingali lalampahan awak kuring sakieu.”

Ari Si Kudrat mah tuluy baé ngadeheus ka raja sepuh istri, ibuna pangéran anom téa, Si Kudrat haturan pokna: “Kuring narah baé rerejeungan jeung budak awéwé anyar téh, sok maséaan baé ka kuring.” Raja istri sepuh nyaur: “Maséaan kumaha? cik manéh carita masing panjang, bet éléh ku budak awéwé, tur anyar.” Tuluy Si Kudrat nyarita gemet pisan.

“Kieu nu matak kuring teu kaduga, ari ngaliwat lebah kaca-kaca didinya aya hulu kuda digantungkeun luhur kaca-kaca, budak awéwé téh ngomong, kieu pokna: Eh Walada kutan manéh ngagantung didieu? hulu kuda teh ngawalon, pokna: Eh Nyi Putri kutan aya didieu? lamun ibu uningaeun mereun raheut manahna tina sabab ngahelas ningali ajengan.” Tuluy ku Si Kudrat dicaritakeun tepika tamatna.

Raja sepuh istri nyaur sajero ning manah. “Lamun kitu petana mah éta budak awéwé téh lain samanéa.” Tangtu terus sing ratu rembes sing ku sumah, papacangan anak aing téa, éta mah nu ayeuna palsu, geus kitu raja sepuh istri ngalahir ka Si Kudrat, lahirna: “Kudrat wayahna sapoé isuk deui baé, manéh ngangon soang reureujeungan jeung budak awéwé téh.”

Geus kitu raja sepuh istri haturan kacarogéna, yén kitu caritana Si Kudrat, nyaritakeun lalampahan budak awéwé tukang ngangon soang téa, raja kagéteun pisan sarta nerka, yén éta lain budak samanéa, tangtu nyaéta nu sajati tamah, ari mantu nu ayeuna mah putri palsu, ngalahir ka geureuhana, “Hayu urang intip, urang cicing di nu bala, deukeut kaca-kaca, kumaha pokna, kumaha lampahna.” Walon geureuhana: “Sumangga.”

Kacaturkeun isukna isuk-isuk Nyi Putri Sajati, ngencarkeun soang tina kandangna, tuluy ngagiringkeun jeung Si Kudrat,

Raja istri sepuh jeung pamegetna subuh-subuh geus araya di nu bala deukeut kaca-kaca téa, barang Nyi Putri Sajati ka lebah kaca-kaca, pok nyaur cara sasari, “Eh Si Walada kutan ngagantung didieu.”

Hulu kuda ngawangsul: “Eh Nyi Putri kutan aya didieu, lamun ibu uningaeun mereun raheut manahna tina sabab ningali sangsarana salira ajengan.” Geus kitu tuluy Nyi Putri calik dina jukut bari nyaliksik.

Éta saur Nyi Putri jeung wangsulan kuda kadangu kabéh ku raja istri sepuh istri pameget, sili toél geureuha reujeung carogé nyeuseumonan yén carita Si Kudrat bener, demi geus kitu Si Kudrat nyampeurkeun ka Nyi Putri, Nyi Putri ngagayuh deui angin cara sasari.

Hiuk-hiuk angin barat,
Kebutkeun topi Si Kudrat,
Sabab aing keur kapalang,
Nyisiran digelung malang.

Si Kudrat masingna lila,
Aing keur pepeta heula,
Carita jeung hulu kuda,
Supaya ulah katara.

Tidinya datang deui angin gedé pisan ngagelebug sorana ngaguruh, topi Si Kudrat [tipeucat], hiber kabawa angin jauh pisan, tuluy diudag ku Si Kudrat, blug-blug nyuuh, blak nangkarak, sanggeus ka tepi Si Kudrat mulang deui nyampeurkeun Nyi Putri, barina jameudud baeud, Nyi Putri geus kasampak bérés, digelung malang [nyulikeutkeun/nyulikatkeun?] pamérés, ditarétés ku inten, tuluy ngangon soang, raja istri pameget geus tamat ngintipna, nyata kabéh sapihatur Si Kudrat, langkung-langkung kagéteunana, jeung [handeueuleunana], kagungan minantu putri palsu, tapi sakur saréhna ayeuna bakal kabuka rasiahna, tuluy raja istri pameget marulih, ngadago-dago burit, hoyong geura mariksa ku anjeun.

Sanggeus burit Nyi Putri Sajati mulih, ngiringkeun soang jeung Si Kudrat, Nyi Putri ngudar heula gelung, dikusut-kusut, sisirna inten di susupkeun kana kandungan, sanggeus datang ka bumi, ngampihkeun soang, kana kandangna, Nyi Putri tuluy asup ka pangkéng parantina sasari.

Hanteu lila deui Nyi Putri disaur ku raja istri pameget, Nyi Putri tuluy ngadeuheus, sarta reuwaseun pisan, barang gék calik payuneun raja, raja istri mariksa, lahirna: “Ayeuna ulah reuwas-reuwas, geura nyarita masing terus terang, kumaha lalampahan awak, ti barang indit ti imah tepika ayeuna.” Walon Nyi Putri: “Sumuhun bebendu gamparan, kuring hanteu werat carios, saperkawis kuring hanteu seja ngagogoréng jalma, kadua perkawis, kuring enggeus sumpah naruhkeun umur, yén moal ngomong ka hiji jalma, ngaluarkeun rasiah nu ku kuring kudu [dikeker], lamun kuring nyorang meureun paéh, mana kabéh-kabéh anggur sumangga tektek beuheung baé, manana ngabéjakeun.”

Tidinya raja istri pameget beuki panasaran baé, hoyong geura ngadangu, sabab tangtu ngandung rasiah ahéng. Raja lahirna: “Ari kitu mah kieu baé, manéh montong cacarita ka jalma-jalma da enggeus sumpah tapi kudu cacarita kana hawu baé, da hanteu asup kana sumpah.”

Ku Nyi Putri kaharti lamun kitu, [mo kaha] hanteu asup nyorang sumpah, da lain cacarita ka jalma.

Tuluy Nyi Putri asup ke jero hawu, pok cacarita barina ceurik, tina mimitina rék indit ti dayeuhna nepika ayeuna, gemet tetela pisan sakecap saléngkah taya nu kaliwat.

Ari raja istri pameget ngarintip tukangeun hawu, kieu nangisna Nyi Putri di jero hawu.

Kuring teges putra ratu,
Tapi dijerum ku babu,
Babu kuring jadi maru,
Kuring dijieun panyapu.

Isuk-isuk nyapu kandang,
Bari tuluy ngangon soang,
Nyatu gé ngan kéjo doang,
Lalawuhna tulang bawang.

Raja istri pameget nu ngarintip, di tukangeun hawu ngadangu Nyi Putri cacarita bari ngawih, sakalangkung kagétna, sarta nalangsa wani hoyong geura kek baé nangkap Nyi Putri Palsu, diasupkeun kana panjara, raja ngalahir, miwarang bijil tina hawu.

Gancang Nyi Putri bijil tuluy dikaléng ku raja istri dirangkul diciuman, ditungtung ditengteng dijieun limus sakeret dijieun gula sagandu, tuluy dipiwarang siram dipaparin kasai di kasaian ku para nyai, sanggeus siram dipaparin panganggo sutra-sutra nu aralus, jeung di paparin minyak nu sareungit, tuluy Nyi Putri diminyak nyisiran, rup nganggo nu aralus, gék di amparan ku alkeutip.

Bijil cahya na asal, nya keusik-keusik barentik, nya cadas-cadas harérang, kahibaran ku Nyi Putri, ditilik ti gigir leunggik, diténjo ti tukang lenjang, ditetep ti harep sieup, geulis lain kaulinan, éndah taya nu madanan, anu nyeeung pada nineng, anu nilik pada asih, anu mencrong pada bengong.

Demi geus kitu raja sepuh istri ngumpulkeun eusi bumi eusi pawon, pada dijarangjian yén ulah waka geruh, ulah aya nu ngomong, lamun tacan dibabarkeun.

Harita tuluy nyaur putrana nyaéta pangéran anom téa, tapi dijangjian kudu nyalira baé, montong nyandak geureuha.

Teu lila pangéran anom sumping barang rék ningali Nyi Putri, ngageter manahna, sarta nyaur sajeroning manah, ieu téh sémah timana, datang tatamu timana, cunduk putri ti mana ngajadi.

Raja sepuh duanana istri pameget pada mésem, ningali pangéran anom olohok semu hookkeun. Nyi Putri imut barina ngarampu sanggul, atuh anu hookeun téh beuki angot baé, bari sumeblak lumenyap manahna, lamun hanteu ras payunen ibu ramana meureun dirawu baé.

Tina bawaning teu tahan, pok baé naros ka ibuna, “Ieu téh ibu putri timana ngajadi, déwata timana datang, nya geulis kawanti-wanti nya éndah kabina-bina, irung kawas kuwung-kuwung, tarang kawas téja mentrang, halis kawas katumbiri, geulis teu ngagéhan batur.”

Ibuna mésem bari nyaur: “Ulah waka geruh baé, ieu téh papacangan manéh téa, mana horéng éta mah nu ayeuna pangasuhna.” Tuluy ku raja sepuh dicaritakeun ti mimitina tepika tutupna.

Pangéran anom geus teu ka ampeh noél kana pamentena, barina nyaur: “Ih kutan lain widadari turun tina langit, déwata ti swargaloka, mana horéng bébéné akang.”

Geus kitu raja pameget ngalahir, “Ayeuna urang kieu nya metakeun, peuting isuk urang pésta masing ramé ngumpulkeun para mantri, ponggawa, urang ngondang ka raja-raja nu deket, ieu Nyi Putri urang pidangkeun, si putri palsu deui pidangkeun, sina mulangkeun panyiraman, sabab isukna urang paéhan, sapeuting ieu manéh masing sabar ulah katara kuwa-kieu.” Walon pangéran anom: “Sumangga.”

Teu ka catur ti peutingna, caturkeun isukna baé, kumpul para mantri, ulun, kuring ménakrama dangdan-dangdan, dikerid ti suklakna ti siklukna, kumpul ka dayeuh, peupeuk sagala tatabeuhan, ngarandog nyieun arotan, ngadadak nyieun kariya, tapi kuring-kuring kabéh tacan nyahoeun nu rék dikariyakeun, pada sili tanya jeung batur.

Sigegkeun nu tatan-tatan nu dangdan-dangdan, caturkeun geus rep peuting, hurung damar kurungna, siang damar malamna, di bumi agung geus ditatakeun, korsi-korsina, siang kembang mejana, raja sepuh pameget istri, geus caralik, nya kitu deui undangan geus ngarédés dina korsi.

Geus kitu jebul raja anom, jeung geureuhana, nyaéta putri palsu téa, caralik ditengahna, papayun-payun jeung ibu rama, teu lila Nyi Putri Sajati sumping dipiwarang calik teungeuneun raja anom, ari Nyi Putri palsu téa calikna kiwaeun raja anom.

Putri palsu hookeun baé netep ka Nyi Putri Sajati, dina pikirna saha éta awéwé geulis-geulis teuing, sémah timana datangna putri ti mendi jadi lengkering pameunteuna méh siga Nyi Putri anu dijerum ku kami, tapi sagey éta mah da geus jadi tukang soang, da geus dipupul bayuna, diala cahyana, geus belewuk, cara kéré belut, kitu pamikir Nyi Putri Palsu, barina netep baé ka Nyi Putri Sajati.

Tidinya raja sepuh istri ngalahir ka Nyi Putri Palsu, maparin siloka lahirna: “Naon pisiksaeunana jalma cidra ka raja nu kawasa, jeung jalma nu nganiaya ka nu taya dosa, jeung jalma cidra kana titipan.”

Nyi Putri Palsu gancang baé ngawalon, “Pamikir kuring jalma kitu petana ratu-ratuning awon panggedé gedéna dosa, ari siksaanana kudu di arak saluar nagara, digotong dina jampana, ari nu dijieun jampana tahang, tancepan ku paku nu sareket, masing pinuh cara burang, supaya nirukan cirit, ideurkeun sakuriling dayeuh, kudu kitu siksaanana jalma nu boga dosa sakitu gedéna.”

Jalma nu ngadaréngé pada bengong mikir pihartieunana siloka, jeung pada muji, gancangna nu ngawangsul, jeung tétélana sarta seketna.

Tidinya raja sepuh ngalahir, bari nunjuk ka Nyi Putri Palsu, lahirna: “Nya manéh nu kudu meunang siksaan kitu téh, éta dosa nu disilokakeun, aya di manéh kabéh.”

Nyi Putri Palsu ngartieun yén kabuka rasiahna, sarta nganyanan(ngananyaan) yén éta putri nu calik teungeuneun pangéran téa, nyaéta putri anu diasuh, sarta dikaniaya ku manéhna téa.

Tuluy baé ngadengék, ngajerit maratan langit, ngocéak maratan désa, bari gogoléran.

Teu lila jebul kajineuman, tuluy nu keur cerik téh dicekel lengenna, dibawa kana panjara, bari tuluy diasupkeun, jeprét dikunci haleang baé tembang, kaluwat, bari ngurut-ngurut suku, kieu cerikna:

Mugi agung nya paralun,
Dosa kuring geus pasusun,
Mugi jembar nya hampura,
Dosa ku kuring geus karasa.

Kuring kabongroy ku dunya,
Kuring geus nemahan inya,
Sakedeng ngajadi ménak,
Tungtungna manggih balangsak.

Kuring moal panjang umur,
Teras disiksa batur,
Da dosa diri sakujur,
Nyeuri kabawa ka kubur,

Kuring salah panarima,
Nu nyaah dipulang moha,
Nu asih dipulang seungit,
Ayeuna kuring dipeuncit.

Da bongan kuring sorangan,
Ka gusti neung teuinganan,
Nya umur moal bulanan,
isukan kuring nekanan.

Pileleyan nyawa kuring,
Isukan kuring digiring,
Diarak digiring-giring,
Perih nyeri diri kuring.

Gusti kari salametna,
Panjang umur jeung salametna,
Geus punah balang béngsalna,
Kari sugih jeung muktina.

Sigegkeun anu keur ceurik di panjara, malikan deui carita nu riungan dina pésta, waktuna geus teungah peuting, kangjeung raja sepuh istri pameget geus asup ka pangkuleuman, ari Nyi Putri dipernahkeun di bumi baé tacan dicampurkeun jeung pangéran anom, raja anom geus mulih ka bumina, caturkeun Nyi Putri hanteu karsaeun kulem nangis baé, nyaaheun ka urut pangasuhna, sanajan geus karaos nganiayana, kitu gé hanteu téga kana patina, éling kana kahadéanana ka tukang-tukang baé.

Tidinya bral baé Nyi Putri kana panjara, rék néang pangasuhna bari rék ngadon nangis, jalma nu ka reumit geus haréés. Barang sumping Nyi Putri ka panjara, pangasuhna kasondong keur ceurik baé, nyaéta cara nu geus di tétélakeun di luhur.

Barang kadangu ku Nyi Putri, jerit baé Nyi Putri nangis, kadéngé ku pangasuhna, aya nu ceurik deukeut panjara, ari di rérét puguh Nyi Putri, terkana marukan Nyi Putri pang sumpingna rék ngadon nyesel, tuluy baé haturan nyuhunkeun hampura, Nyi Putri hanteu ngawangsul, tina teu yasa nyaur, bawaning ku kawatiran, tuluy baé dicandak leungeuna pangasuhna téh, bari diciuman.

Nyi Pangasuh haturan, pokna: “Gusti kuring hanteu nyuhunkeun dihirupan, da puguh dosa salaput hulu, ngan panuhun kuring ulah dilila-lila baé, hayang diteukteuk beuheung sakali baé, nyaéta ulah siksa anu geus dijangjikeun bakal kasorang isuk téa. Jeung ieu kuring nyanggakeun ali sareng sueng, mugi pasihkeun ka indung kuring, minangka paninggalan kuring ka indung, jeung deui muga ulah di carioskeun kalakuan kuring, anggur carioskeun yén kuring paéh muriang baé, supaya indung kuring ulah nyerieun teuing.”

Sabot keur kitu kaburu datang ronda nu ngalanglang panjara, Nyi Putri lumpat mulih ka bumi, tapi hanteu kersaeun kuleum, ngaleungis baé, éling ka pangasuhna, jeung ngamanah-manah jalan pinulungeun, supaya ulah datang ka tulus di paéhanana.

Geus bray beurang raja kaluar rék masamoan, nyaéta rék ngahukum nu di panjara téa, tuluy baé Nyi Putri muru ka raja, sujud kana sampéanana, bari nangis hanteu yasa nyaur sakecap, raja nya kitu deui milu nangis, tina kagagas ku Nyi Putri. Geus rada lilir tuluy raja mariksa, “Kunaon nyai mana ceurik kacida teuing? Kapan ku ama rék di pang maleskeun kagorénganana pangasuh nyai téh.”

Tidinya Nyi Putri haturan, nyuhunkeun hampura, supaya pangsuhna hanteu tulus dipaéhan, lamun keukeuh di kersakeun di hukum pati [mati], kuring moal ngeunah hirup.

Raja sakalangkung kagétna, jeung héranna, naha aya putri sakitu alusna, nu ijid di pulang asih, nu dosa di pulang nyaah.

Raja ngalahir bari nyusutan ci soca, lahirna: “Hadé ari kitu mah, ku ama moal di paéahan, tapi ulah sina ngajedog didieu matak sangar, sarta matak ngahudang kala, jeung bisi aya nu nurutan.”

Gancangna dikaluarkeun tina panjara, harita kénéh dipulangkeun ka leumah caina, ari reup peuting gur tatalu, geur tatabeuhan pésta ramé teu kira-kira, réndéngan Nyi Putri jeung raja anom.

Nya bedil asa kaindit, nya péstol sada borondong surakna ngaindung lembur, surak nga bapa désa, ayeuh-ayeuhan, enggeus oléng pangantén nu geulis reujeung nu kasép, tepung putra reujeung putri, lulus runtut taya kuciwana, carogé yasa ka geureuha, geureuha yasa ka carogé, pada arasih ka kuring, pada nyaah ka rahayat, amis budi ka pangampih akuwan ka kulawarga, saréséh jeung méré maweh, tara cegukan pundungan, tara tuman maréhéngan, kitu lalakon raja putri jeung raja putra.