Jump to content

Wb/su/Warnasari/Pansakin

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Warnasari > Pansakin

IV. Pansakin

Aya hiji raja kagungan putra istri tujuh, éta kabéh gareulis pisan, tatapi éta bungsuna anu jenengan Balna pinteur alah batan raka-rakana. Waktu raja istri pupus marurangkalih kénéh pisan, jadi éta putri-putri geus teu kagunganeun ibu, nu baris ngajaga kana salirana.

Putra-putra raja ngadamel unggal-unggal poé haturan ramana.

Raja keur mireumpag hukuman nagara jeung patihna.

Tidinya teu lila éta patihna hilang kadadak, ninggalkeun hiji garwana jeung putra istri hiji.

Unggal-unggal poé upama éta putri-putri keur ngadarameul tuangeun ramana sumping, éta randa patih jeung putrana téa beurmaén seuneu ka pawon, Balna sasauran ka raka-rakana, saurna: “Sina balih éta awéwé piwarang mirun seuneu diimahna sorangan, keur naon nyokot kadieu? upama ku urang dianteup manéhanana tangtu urang kasangsasra.” Ngawaralon sadérékna: “Balna, sing sabar, kunaon ari manéh mana aya-aya baé piomongeun téh ka éta awéwé? keun baé sina nyokot seuneu ari hayangeun mah!”

Randa patih tuluy ka hawu sarta nyandak seuneu, jeung upama euweuh jalma anu nénjo ngageuwat ngarawu keusik diabruskeun kana katuangan haturan raja téa,

Raja nyaaheun kacida kaputra-putrana, ti sanggeus ibuna pupus éta putri-putri arolah ku anjeun, tina sabab aringgis aya nu ngabaruang jadi weureu.

Barang katingali eta keusik tina katuangan, manah raja marukan éta baé putra-putrana téa nu lalawora, tina teu uningaeun yén aya hiji jalma nu ngasupkeun, tatapi tina kaadilanana raja, teu keursaeun nyesel ka putri-putri téh, sakitu unggal-unggal poé manggih keusik tina katuangan téh.

Dina hiji poé raja aya manah hoyong tingali di nu keur arolah, éta dina katuangan aya naon, lajeung raja asup ka pangkeng nu deukeut ka pawon, ngintip putra-putrana noong tina bilik nu kohok,

Tidinya katingali putra-putrana nu didarameul sakitu arapikna, béas diisikan heula, sambara angeun dikumbah heula, ari geus sadia aya hiji putra nu nungguan di hawu, geus kitu katingali éta randa patih téa datang kadinya rék beurmaén seuneu.

Balna ngalieuk sasauran beungis: “Kunaon bibi patih nu matak heunteu miru na seuneu diimah sorangan, ngan kadieu baé unggal-unggal poé ménta seuneu? Tuluy nyaur ka rakana: “Éta bibi patih montong dipaparin seuneu deui, keun baé sina meuli suluh sorangan!”

Ngawalon rakana nu pang sepuhna, lahirna: “Balna keun baé éta bibi patih sina mawa suluh jeung seuneu, da heunteu kieu-kieu ka urang ogé! tatapi ingeutan Balna, upama nyi randa patih mindeung datang kadieu tangtu nyilaka keun ka urang, nyieun piteunah ka diri urang.”

Raja ngamanah, kumaha anu matak éta randa patih los kadieu nyampeurkeun nu arolah, sarta nyokot seuneu bari ngasupkeun keusik kana unggal kahakaneun, tidinya katingali deui raja héraneun kacida, nimbalan ka hiji jalma nangkeup éta randa patih sarta kudu dibawa ka payuneunana,

Barangna datang lajeung dipariksa sababna nu matak kitu nya lampah, éta randa patih unjukkan ka raja, pokna: “Anu matak ngalampahkeun kieu kuring hayang menangkeun gamparan, jeung réa-réa piunjukna bisa pisan, sangkan ulah meunang siksaan anu panteus, tibatan meunang siksaan agur hayang meunang ganjaran.” Tina bisana ngageundam raja ka pélét, katingalina ku raja éta nyi randa patih kawas apsari ti sawarga baé, gancangna lajeung baé ditikah, sarta diangkat pawarang, calik di karaton, raja kacida bogohna, tina saumur kakara ngaraos istri séjén, sajaba ti nu geus pupus téa.

Éta raja istri anyar néangan akal supaya éta putri-putri nu tujuh nyingkah tidinya, tina sabab kahayangna éta banda sakitu lobana bagiyana anakna téa, sarta cicing di gedong saperti putri-putri jeung deui pibenereunana éta randa patih mulang tarima ka éta putri-putri, sabab éta nu ngalantarankeun, tatapi anggur disangsara kacida ku anjeunna éta putri-putri, tara dihaturanan barang tuang, kajaba ti roti saeutik, jeung tara dihaturanan ngaleueut, ngan masih cai baé saeutik, éta putri-putri urut baréto sakitu ngeunahna, ari anu barétona teu pati manggih kageunahan, ayeuna jadi ngeunah kacida!

Unggal-unggal poé éta putri-putri arangkat ka pajaratan ibuna bari narangis jeung salasauran, saurna: “Eh ibu, teu tingali sakieu cilakana putra-putra ibu kuring hayang barang teu da teu dibéré ku indung téré!”

Tidinya barang éta putri-putri keur caralik didinya bari narangis, katingali aya hiji tangkal koldi jadi didinya, pinuh ku buahna arasak pisan, éta marurangkalih naruangan buah koldi, tina bawaning hoyong barang tuang, ku ibuna kawalonna sok dihaturanan barang tuang saeutik pisan, lajeung kapajaratan ibuna naruangan koldi baé.

Geus kitu éta ibuna kawalon sasauran ka putrana téa, saurna: “Ibu teu ngaharti naon sababna nu matak éta putri-putri téh mana lalintuh baé sarta barérés gareulis. Tur tara pati dibéré barang hakan ku urang. Katénjona ku ibu anggur leuwih bérés tibatan manéh, éta teu kaharti kacida.”

Tidinya putra-putrana amitan rék ngintip putri-putri hayang nyaho saha anu ngahaturanan barang tuang.

Unggal-unggal poé éta putri-putri arangkat ka pajaratan ibuna.

Barang éta putri-putri arangkat ka pajaratan ibuna téa, rék ngala buah koldi, diténjokeun ku putrana patih téa nu ngarala buah koldi téh.

Tidinya Balna sasauran ka raka-rakana, saurna: “Teu kataringali itu dulur téré urang ngintip ka urang? urang piwarang balik, atawa ieu koldi urang sumputkeun, engké tangtu dicaritakeun ka ibuna, éta tangtu matak cilaka ka urang!”

Raka-rakana ngawaralon, saurna: “Eh moal, manéh ulah kitu Balna, éta budak moal sakitu goréngna datang kacarita sagala ka ibuna, anggur urang tanya sugan hayangeun ngasaan ieu koldi!” Tuluy di saur éta putra patih, sarta dipaparin hiji koldi, geus kitu didahar éta koldi datang ka béakna, tuluy mulih, ari sumping cacarios ka ibuna téa, pokna: “Kuring teu héran éta putri-putri nu matak tara keursaeun barang tuang, anu matak dina deukeut pajaratan ibuna aya hiji tangkal koldi pinuh ku buahna, sarta marurangkalih unggal-unggal poé arangkat kadinya naruangan buah koldi, malah kuring ogé neda hiji, jeung éta koldi anu pang ngeunahna pisan kuring kakara ngarasa.”

Éta raja barang ngadangu carita putrana hookeun baé jeung hanjakaleun kacida.

Ari dina séjén poé mintu anjeun di pangkéng, unjukan ka raja carogéna majar manteun puyeng kacida pisan, raja karunyaeun pisan ka garwana, sarta mariksa, saurna: “Kumahakeun atuh ku kami?” Raja istri ngawalon: “Aya hiji tamba anu matak nyageurkeun rieut kuring, dina deukeut pajaratan garwa gamparan aya hiji tangkal koldi, éta koldi timbalan bawa kadieu, sarta dicacag tuluy dikulub jeung akar-akarna, éta cai panguluban kudu keclakeun kana tarang kuring, tangtu rieut kuring cageur!”

Tidinya raja nyaur hiji gandék nimbalan ngarabut tangkal koldi, sarta dipolahkeun sakumaha papatah garwana téa, dikeuclakeun kana taar na éta cai panguluban téh, raja istri haturan ka raja carogéna: “Rieut kuring ayeuna geus saé pisan taya nu karasa, isukna deui éta putri-putri cara sasari ka pajaratan ibuna, éta tangkal koldi geus euweuh.”

Tidinya narangis bari gegeroan, dina deket pajaratan ibuna aya hiji balong leutik, ti sanggeusna putri-putri gegeroan éta balong pinuh ku nu sarupa cisusu, sarta teu lila jadi kuwéh bodas. Barang putri-putri ningali aratoheun kacida, tuluy naruangan éta kuwéh, ngenah pisan.

Ari séjén poé nyakitu deui, ti waktu harita unggal-unggal poé éta putri-putri angkat ka pajaratan ibuna nyondong éta balong pinuh-pinuh baé ku kuwéh téh.

Tidinya ibuna kawalon sasauran ka putrana, saurna: “Ibu héran kacida, éta tangkal koldi nu deukeut pajaratan raja istri téa ku ibu geus dirabut, tatapi éta putri-putri teu jadi lalangsip jeung heunteu raruksak, sakitu tara keursaeun bararang tuang nu beunang nyadiaeun urang, ibu teu ngarti kacida!” Putrana ngawalon, pokna: “Mangga ku kuring rék diintip deui! isukna deui, mangsa éta putri-putri keur naruangan kuwéh, katingali aya hiji budak nyampeurkeun, Balna anu ngira pang heulana yén éta budak putrana ibu kawalonna téa.” Balna sasauran ka rakana, saurna: “Tingali itu, budak téh datang deui mangga ayeuna urang caralik di sisi balong, nyumputan éta budak, sabab upama ku urang dibéré kuwéh tangtu carita ka ibuna, sarta meureun cara ka tukang, urang tiwas kacida!”

Raka-rakana maramanahanana éta Balna goréng niat, tatapi éta omongan panteus ogé diturut, anggur di palaparin kuwéh ku aranjeunna éta anak patih téh. Ari na datang cacarita deui sagala ka ibuna.

Sanggeus raja istri ngadanguhan éta putri-putri sakitu saralameutna, anjeunna beundu kacida, jeung nimbalan hiji abdina ngarimbunan pajaratan raja istri téa, sarta éta balong leutik dipinuhan ku batu, ku prakara ieu anjeunna teu pati bérag, isukna deui anjeunna awad teu damang waleus pisan, kawas nu rék pupus baé.

Raja carogéna susaheun pisan, sarta mariksa ka garwana, saurna: “Kumaha naon piubareunana anu matak cageur, sugan kami bisa nambaan?” ngawalon garwana, saurna: “Aya sarupa nu matak nyageurkeun kuring, nanging abdi uninga yén ku gamparna moal dikeursakeun!” Raja carogéna ngawalon: “Kami jangji yén bakal diturutkeun, naon nu matak cageur?”

Geus kitu anjeunna unjukkan: “Anu matak nyageurkeun kuring, putra gamparan nu tujuh ti garwa nu kapeungkeur éta kudu di paéhan. Ari geutihna kudu dicakclakeun kana tarang jeung kana dampal leunguen kuring, éta parupus, kuring kanteunan hirup!

Geus kadangu raja éweudeun pisan, tatapi tina anjeunna geus jangji, lajeung néangan putrana jeung susah manahna.

Tidinya kapanggih putra-putrana dina deukeut pajaratan ibuna keur gegeroan.

Raja ngaraos taya petana yasa maéhan ka putra-putrana, raja nyaur ka putra-putrana: “Hayu urang nyaraba ka leuweung!”

Didinya raja mirun seuneu jeung nyangu, tuluy putra-putrana disina taruang.

Tina urut panas ti peutingna éta putri-putri tuluy karuleum, tidinya raja ningali ka putra-putrana, talibra pisan, ditinggalkeun baé tina bawaning sieun ku garwana, raja sasauran nyalira: “Leuwih hadé ditinggalkeun ku aing jeung dibawa ka indung téréna mah!”

Geus kitu raja ngabedil hiji uncal, lajeung mulih, dicakclakeun geutihna kana taar jeung kana panganan garwana.

Panginteun garwana marukankeun enya baé éta geutih putrana téa.

Tidinya éta putri-putri garugah, ningalian ramana euweuh, ngan aranjeunna baé dina jero leuwueng, ngaraos sarieuneun kacida sarta jarerit sata keur tanaga, sugan kadangueun ku ramana, tatapi tina sakitu jauhna teu kadangueun, masih sakumaha beudasna cara gugur gé.

Poé harita kénéh aya pemeget tujuh putra raja, rék ngeursakeun morok leuweung éta, barangna rék marulih, ti pamoroan ka bumina, éta putra raja téa sasauran ka raka-rakana, saurna: “Calik heulaanan sakedap, kukupingan kuring aya jalma nu nyeulukan, heunteu ngadangu soara? mangga urang calik dina awahanana hayang uninga éta naon!”

Raka-rakana nurutkeun ka rayina sarta tuluy arasup deui ka leuweung ngadarangukeun éta putri-putri keur tingjarerit baé. sanggeus putri-putri naringali, aratoheun kacida, jeung dipariksa rék dicandak ka bumina, tujuhanana pada ngawalon sumangga, lajueng pada nyandak éta putri-putri ték ditarikah hiji séwang, geus kitu jadina nu sepuh ku nu sepuh deui, nung turut baé kabéh.

Éta anu pang bureuyna sarta kasép nyandak Balna nu geulis sarta pinteur téa.

Réa pisan sagala rupa-rupa katuangan aya dina éta pésta tikahan raja.

Barang sumping ka nagarana raraméan pésta gedé pisan, narikah putra raja, karasép aranom ka putri-putri nu gareulis. Teu lila ti waktu harita Balna kagungan putra pameget hiji-hiji, uwa-uwana jeung paman-pamana nyaraaheun kacida ka éta murangkalih, kawas nu kagungan ibu rama tujuh baé, taya deui nu kagungan putra sadérék-sadérékna, kajaba ngan Balna nyalira, jadi kabéh ka éta murangkalih kawas ka putrana baé. Dina mangsa harita bargja kacida sarta salameut, unggal-unggal poé ngan cucurak baé.

Ari dina hiji waktu poéna alus pisan, tidinya carogéna Balna sasauran anjeunna rék angkat bubujeung, teu lila anjeunna lajeung, garwana ngantos-ngantos lami pisan heunteu sumping.

Geus kitu sala sauran sadérékna nu genep rék neangan: “Kumaha kajadianana éta carogé Balna?” Tidinya lajeung jaleungkar, tatapi anjeunna ogé teu sumping deui.

Éta putri-putri nu tujuh sarusaheun kacida, tina sabab bingung ngamanahan cararogéna kumaha nu matak teu sarumping.

Dina hiji poé tacan lila ti harita, Balna keur ngayun putrana, ari sadérékna keur didameul di jero pangkeng, aya hiji jalma lalaki maké seungseureuwa hideung, datang ka buruan éta gedong: pokna majar manéh anu miskin rék musapir duit. Bujangna Balna téa ngomong ka éta jalma, pokna: “Sampéan teu meunang asup kana jero gedong ieu, putra-putra raja kabéh arangkat, taksiran kaula parupus, sarta ieu randa-randa na ulah datang ka dibikeun ka nu musapir!” Manéhanana ngawalon: “Kaula jalma bageur pisan, sampéan kudu ngidinan ka kaula asup ka jero gedong!”

Tidinya manéhanana diidinan ku bujang bodo téh asup ka jero gedong, anu matak teu nyahoeun yén éta lain nu tukang musapir, mana horéng éta jalma juru teunung ngarana Pansakin.

Pansakin jalan-jalan di jero gedong nénjo sagala sakur nu aralus, datang ka nepi kana pangkéng nu di eusi Balna, keur callik dina deukeut ayunan putrana téa, juru tenung nénjo ka Balna, alus alah batan sakur nu geus ka ténjo, datang ka ditaros ku manéhanana diajak ka imahna, sarta rék dikawin.

Tatapi Balna ngawalon, saurna: “Salaki kaula aya, kaula sieun dipaéhan, ari anak kaula leutik kénéh, kaula rék nungguan didieu nepika anak kaula gedé jeung pinteur, upama geus gedé ieu budak rék disina nyaba néangan bapana. allah ngararangankeun, kaula ulah rék ninggalkeun ka ieu budak, jeung kawin ka sampéan!”

Éta juru tenung sanggeus ngadéngé kasauran Balna kitu, ambek kacida, sarta Balna disalin rupana jadi anjing hideung leutik, tuluy dibawa: barina ngomong juru teunung téh: “Tah kudu kieu bongan manéh teu daék, ku aing ayeuna ka dipaksa,” éta Balna geus teu yasa walakaya, rék nguninga gé ka sadérék-sadérékna teu yasa tina anjeunna kitu kajadianana.

Barang éta Pansakin nepi ka buruan gedong téa, bujang nu tadi nanya ka manéhanana pokna: Ti mana sampéan nyandak éta anjing alus teuing? juru tenung Pansakin ngawalom: “Hiji putri ka kaula meursén hieu!”

Sanggeus kitu teu panjang éta bujang nanyana, Pansakin tuluy deui, tidinya teu lila éta putri nu pang sepuhna, ngadangu geuntra suana téa nangis, geus kitu lajeung ditéang, anjeunna kagéteun kacida éta murangkalih kasampak nyalira, ibuna aya nu maling.

Tidinya anjeunna mariksa ka bujangna téa, sanggeus ngadangu caritaanana bujang, tuluy miwarangan néangan éta juru teunung jeung rayina nu di jadikeun anjing hideung leutik téa, tatapi weuléh teu kapanggih nya juru teunungna nya anjingna.

Lah matak karunya pisan ku putri-putri nu genep téa, harayangeun teupang jeung cararogéna, jeung sadérékna, ngan kari nararangis baé bari ngajaga suanna téa.

Ngan kitu baé kalakuanana, datang ka nepika umur opat weulas taun éta suana téa.

Tidinya dina hiji mangsa éta uwa-uwana nyarios ka suanna, hal ibu ramana éta murangkalih, jeung uwa-uwana carogé aranjeunna yén teu araya, dicarioskeun mimitina, barang geus kadangu ku éta murangkalih panyariosana uwa-uwana, sasauran amitan hayang néangan sugan kapanggih, upama kapanggih tacan parupus rék diajakan marulih. Uwana susah ngadangu sauran suanna kitu, sarta ngamanahan kumaha nya pingawaloneun, tidinya diwalon ku anjeunna: “Ayeuna uwa-uwa enya laleungit, jeung dulur uwa ibu ujang téa, jeung carogéna ibu rama ujang, ari ayeuna kasusah uwa kumaha petana upama ditinggalkeun ku ujang?” Éta murangkalih ngawalon deui ka uwana, kieu saurna: “Uwa ulah leutik manah, kuring gé moal lami, tangtu kuring gegewatan mundur deui, sarta sugan pareung uwa-uwa jeung indung bapa kuring kapanggih”, geus kitu lajeung baé jeungkar.

Geus meunang sabulan tacan aya papanggihan.

Tidinya kabeneran, barang geus meunang saratus pala angkatna, anjeunna geus ngaraos palay, nepika hiji banjar karang teungah leuweung, pinuh ku batu-batu jeung karang-karang sarta tatangkalan, jeung aya hiji gedong gedé pisan, aya imah leutik nu deket kadinya, imah tukang kebon.

Tidinya anjeunna luak lieuk béh ningali hiji awéwé pamajikan tukang kebon téa bijil ti jero imahna, bari ngomong pokna: “Bujang nu bageur, saha anjeun téh, nu matak wani-wani los kadieu?” Anjeunna ngawalon: “Kaula anak raja. Rék néangan bapa jeung uwa-uwa jeung indung dipaling ku juru tenung doraka!” Geus kitu ngomong éta pamajikan tukang kebon: “Ieu nagara jeung ieu gedong nu boga hiji juru tenung, sarta manéhna kawasa kacida, jeung upama manggih jalma anu teu nurut di salin rupa, dijadikeun batu atawa tatangkalan, ieu tatangkal jeung batu-batu tadina jalma hirup, éta juru tenung bisa ngajadikeun sagala rupa, taun katukang aya hiji putra raja pameget sumping, teu kungsi lila sumping sadérékna genep, éta kabéh dijadikeun batu jeung tatangkalan, malah ayeuna éta dina jero gedong aya nu kasangsara kacida, aya hiji putri geulis pisan, geus meunang dua welas taun lila na dipaling tina sabab teu daék dikawin ku manéhanana!” Tidinya éta murangkalih éling, yén ieu geus tangtu ibu ramana jeung uwa-uwana téa, kabeneran dipareung kapanggih sakur nu keur ditéangan.

Anjeunna nyarios ti asalna ka pamajikan tukang kebon, sarta mundut calik didinya bari nunggu-nunggu nu keur cilaka, nu dicaritakeun ku pamajikan tukang kebon téa, manéhna jangji ka éta murangkalih rék dianku anak sarta dipapatahan kudu disalin panganggo cara awéwé, supaya ulah kanyahoan ku juru tenung téa, bisi dijadikeun batu.

...Upama manggih jalma anu teu nurut, di salin rupa, dijadikeun batu atawa tatangkalan, ieu tatangkal jeung batu-batu tadina jalma hirup!

Geus kitu éta murangkalih dianggoan cara awéwé sarta kawas ka anakna baé.

Dina hiji mangsa, teu lila ti waktu harita, éta juru tenung jalan-jalan di kebonna téa, katénjo éta murangkalih keur ameungan, ditanya ku juru teunung éh pokna: “Manéh saha?” Ngawalon éta murangkalih: “Kuring anak tukang kebon!” Juru teunung ngomong deui: “Manéh budak lucu teuing, manéh isuk kudu mawa keumbang ka putri nu geulis aya di jero gedong!”

Éta murangkalih atoheun pisan, barang ngadangu omong juru tenung sakitu manisna, sarta tuluy badami jeung pamajikan tukang kebon téa, ihtiyar supaya téréh kauninga ku ibuna putri Balna nu aya dina jero gedong.

Kacarita baheula eukeur waktu putri Balna nikah, carogéna maparin hiji lélépén emas, éta lélépén ku putri Balna dianggokeun ka putrana keur na orok kénéh, geus kitu éta lélépén ku uwana dipiwarang digedéan supaya beunang dianggo.

Éta pamajikan tukang kebon ngélingan ka murangkalih, éta lélépén kudu ditenden dina kembang nu pang sengitna baris ka ibuna, supaya ibuna éling kana éta lélépén.

Martak susah kacida éta pangajaran, tina sabab murangkalih téh gedé sieunan ku juru teunung téa, jeung atoh duméh meunang pelajaran ti pamajikan tukang kebon.

Tidinya kuanjeunna dilampahkeun sakumaha paréntah, juru tenung unggal isuk mawa kembang ka putri Balna, éta juru teunung ti beurang ti peting cicing baé di kamar nungguan putri Balna, kabeneran dina hiji waktu euweuh jalma saurang-urang acan nu nungguan éta putri, datang nu mawa kembang kadinya, nyaéta budak awéwé kukutan tukang kebon téa, dicandak éta kembang ku putri Balna, barang éta budak nyodorkeun kembang alina téh ragrag kana sampéan putri, sarta éta ali ninggang kana sampéan putri, sarta eta ali ninggang kana témbokan disada, tuluy ditingali ku Balna, barina nyaur: naon nu disada téh? geus kitu kapanggih ku anjeunna.

Tidinya kahartoseun yén éta budak putra anjeunna, geuwat dirontok tina bawaning sono, jeung sakitu geus ageung, teu kira-kira baé nu sono pada sono, tuluy baé murangkalih nyarios ka ibuna, ti mimitina pisan.

Aya hiji gedong gedé pisan anu dieusian ku hiji juru tenung

Ibuna mariksa ka putrana lahirna: “Kumaha petana ujang ieu prakara, supaya urang salamet?” Bari lajeung ibuna nyarios, saurna: “Ujang ibu aya didieu geus dua welas taun lilana, sarta tara pisan nyanyabaan dikunci baé dina ieu gedong, tina sabab ibu teu daék dikawin ku juru tenung. waktu ibu dibawa kadieu ku manéhanana dijadikeun anjing, atuh ibu geus teu bisa polah!”

Éta murangkalih pinter kacida jeung sabar, unjukan ka ibuna: “Euh ibu ayeuna montong sieun-sieun, anggur geura ngamanahan kumaha nya piakaleun, supaya ama jeung uwa-uwa harirup deui, tina sabab ayeun jaradi tatangkalan jeung jadi batu, sarta salamet diri urang!” saur putri Balna: “Ayeuna ibu geus dua welas taun lamina didieu, tacan pisan aya saur manis ka juru teunung pansakin!” Walon putrana, “Ayeuna leuwih saé sasauran baé sing manis ala éta juru teunung, kudu kieu nya sasauran ibu téh: [Kula ayeuna geus hayang pisan papanggih jeung salaki, tima geus kalilaan, ari teu kitu kula mangga kawin ku sampéan], geus kitu ibu kudu mariksa kumaha kalaukanana, atawa boga jimat naon nu matak bisa ngahirupan maéhan ka nu lian, jeung dirina pribadi. Tidinya putri balna nurutkeun, sakumaha pangélingan putrana, isukna deui tuluy anjeunna nyampeurkeun ka juru teunung pansakin, bari sasauran sapiunjuk putrana téa.”

Juru tenung pansakin atoheun kacida barang ngadéngé saur putri, sarta ngajak kawin téréh, tatapi éta putri mundut témpo, hayang wawuheun jeung manéhanana, tina sabab sakitu lilana aya didinya mumusuhan baé, putri sasauran ka juru tenung, saurna: “Béjakeun ka kula naon pamaké sampéan nu matak awét umur? Sarta moal baé hilang? Jeung sampéan jadi juru tenung sakitu bisana datang ka ngaleungitkeun akal jalma, jeung nyalin rupa?” Juru tenung ngawalon: “Kunaon nu matak mariksa kitu?” Ari lahiran putri: “Nu matak kula hayang nyaho, bisi tuluy dikawin ku sampéan, ari jadi pamajikan mah hayang sagala nyaho, tina sabab upama aya kitu kieu kula bisa nulungan.”

Ceuk juru tenung téh: “Éh bener ari kitu mah, kuring teu sarua jeung nu séjén, pirang-pirang jauhna tidieu. Saratus réwu eumél (100.000 mil), aya hiji nagara, tapi cara leuweung baé, dina éta jero leuweung di tengahna ayahiji tangkal kawung, jeung genep siki umit gedé pinuh ku cai, di handapeunana umit aya kurung leutik hiji, dieusi manuk kakatua, dina éta manuk ayana umur kuring, upama kakatua dipaéhan kuring gé tangtu paéh!” Putri Balna gewat nyarios ka putrana sakumaha omong juru tenung pansakin téa, tatapi anjeunna rada bingung kumaha nya pimaéhaneun éta kakatua. Putrana naros: “Ibu upama éta kakatua geus beunang ku kuring, kumaha ama jeung uwa-uwa, bisa hirup deui?” Lahiran ibuna: “Ujang montong risi, ku ibu meureun ditulungan!” Nyaur deui putrana: “Ibu dungakeun baé ku kuring éta juru tenung masing sabar nepikeun kana subaya ibu, sarta kuring meureun datang, saméméh nepi kana perjangjian ibu dikawin ku juru tenung!”

Tidinya éta putrana lajeung jeungkar. Pirang-pirang jauhna anjeunna angkat, datang ka nepi kana hiji leuweung, didinya anjeunna ngaraos palay kacida, tuluy kulem dina handapeun kai, anjeunna gugah ngadangu nu ngorosak, ari ditingali aya hiji oray gedé pisan, ngarayap rék kana sayang/sarang manuk galudra nu aya dina luhur éta kai, dina jero éta sayang aya dua manuk galudra leutik kénéh.

Tidinya murangkalih téh reuwas, sok sieun éta manuk dihakan ku oray, tuluy anjeunna mesat pedang dipaéhan oray téh. Teu lila aya nu hiber dina mastakaeunana, nyaéta manuk galudra kolot dua, nu kakara datang euntas néangan kahakanan keur anakna. Manuk galudra narénjo ka bangké jeung ka murangkalih téa, nu maéhan oray, ngomong indung galudra téh ka murangkalih, pokna: “Ujang nu bageur, unggal-unggal taun anak kuring sok dihakan ku éta oray, ayeuna anak kuring ku anjeun bisa hirup, kusabab éta ayeuna kuring tarima kacida dipangmaéhankeun oray, naon nya pimaksudeun anjeun, ayeuna kuring nulungan, sarta ieu anak kuring duanana candak keur badéga.”

Tidinya murangkalih téh atoheun kacida, raos méh laksana nu diseja. Tuluy baé ngawakcakeun nu dimaksud, sarta éta manuk galudra nu dua mébérkeun jangjangna, murangkalih calik dina jero jangjang galudra, tuluy dibawa hiber jauh pisan, datang ka nepi kana leuweung nu aya tangkal kawung ngariung téa, jeung di tengahna nu aya umit genep siki pinuh ku cai, keur mangsa harita jin-jin nu ngajaga ngurilingan éta kabeh haréés tibra pisan, aya sarewu lobana jin téh nu ngajaga, supaya ulah aya nu nyorang kadinya. Tatapi galudra nu mawa murangkalh tuluy baé kadinya, éta murangkalih lungsur tina jangjang galudra, sarta lajeung nyandak umit nu genep, caina ditamplokeun, jeung kakatua téa dibuntel ku anjeunna, lajeung deui tunggang galudra dibawa hiber. Ari murangkalih geus luhur, éta jin harudang nu keur ngajaga teh, néang barangna aya nu maling, liwat saking jin teh sarusaheunana, mani careurik jejeritan baé. Galudra geus nepi kana tangkal kai imahna téa jeung murangkalih, tidinya murangkalih sasauran ka galudra kolot, lahirna: “Ieu anak sampean cokot deui, ngajagana haradé pisan ka kula, upama aya deui kasusah kula tangtu ngabéjaan ménta tulung ka sampéan pribadi jeung ka anak-anak.”

Tidinya éta murangkalih lajeung mulih nyalira angkat baé, datang ka nepi kana gedong juru tenung téa, tuluy anjeunna amengan jeung kakatua dina deukeut pantona, katénjo ku juru tenung téh, tuluy nyamperkeun ka murangkalih, barina ngomong, pokna: “Ujang dunungan kuring anu kasép anu lucu ti mana éta kagungan kakatua, keur kuring baé!” Murangkalih ngawalon: “Moal dibikeun ieu kaka tua banda kula, ieu kanyaah kula, geus leuwih sataun dipiarana!” Cek juru tenung téh “Upama enya kagungan anjeun, teu kaharti kacida datang ka henteu dipaparinkeun! naha rék di jual?”

Lahir murangkalih téh: “Tuan ieu kakatua kula moal di jual!” Éta juru tenung mani pias bawaning susah rewaseun kacida sarta ngomong, “Mangga baé nyandak barang naon baé nu dianggo kahoyong, supaya éta baé kakatua paparinkeun!” Ngawalon murangkalih: “Ayeuna paménta kula, éta putra-putra raja nu tujuh nu ku sampéan nu dijadikeun tatangkalan téa, ayeuna hayang sina hirup deui!” Cek juru tenung téh “Pamundut anjeunna sakitu gampang pisan, paparinkeun baé ayeuna kakatua téh!” Geus kitu tuluy ku manéhanana carogé balna jeung sadérék-sadérékna dihirupan, juru tenung pansikin ngomong deui: “Kadieukeun kakatua kuring!” Saur murangkalih téh: “Ulah rusuh teuing atuh, kahayang kula kabéh sakur nu benang nyali ka sampéan, ayeuna kudu di hirupan kabéh!” Ti dinya pék deui manéhna ngalieuk, bari ngomong: “Kadieukeun kakatua kuring!” Di kebonna ngadadak ngaguruh, nu baheulana batu-batu jeung tatangkalan téh! Ayeuna aya raja, aya papatih, jeung jager-jager, kuda, parabot-parabot, balad-balad pirang-pirang.

Geus kitu juru tenung pansikin ngagero: “Kadieukeun kakatua kuring!” Tuluy murangkalih téh nyandak kakatua, di kenyang jangjangna sabelah datang ka ragrag, ari tidinya leungeun juru tenung pansikin nu kénca locot tina awakna.

Ngenyang deui ku katuhu bari ngagero: “Kadieukeun kakatua kuring!” Dibetot jangjang kakatua téh nu katuhu ku murangkalih, éta leungeun juru tenung katuhu locot, ngegero deui éta juru tenung: “Kadieukeun kakatua kuring!” Ku murangkalih dibetot suku kakatua nu ti kénca, taya tinggalna ngan kari huluna baé, kakatua jeung juru tenung téh, tatapi éta juru tenung masih kénéh baé molotot jeung gegeroan ménta kakatua.

Tidinya saur murangkalih téh: tah ieu kakatua manéh!”Sasauran bari ngagopéngkeun beuheung kakatua, dibikeun ka juru tenung, tatapi harita kénéh éta juru tenung ngawéng huluna ceurik tuluy paéh. Geus kitu dibijilkeun Balna ti jero gedong, sarta tuluy marulih jeung ibuna ramana jeung uwa-uwana ka nagarana. Tidinya Putri Balna sareng carogéna, rapuh [rawuh] putra-putra raja nu genep pada marulih, bari nyandak balad-balad jager sapirang-pirang, aya raja-raja rapuh patih-patih nu geus katenung téa, pada seja mulang tamba, kabéh rumasana Putri Balna nu balik rupa pan, ayeuna kabéh seja kumawula, bral mulih ti karang patenungan, ngaleut ngengkey babanda leut, kawasa raja nu mulih ngalurug, melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandérana, nu minangka sénapatina, nyaéta putra putri balna téa.


Bari sumping ka nagarana lajeung baé tatan-tatan munar nagara, ari putra raja nu genep pada oléng pangantén jeung carogéna. Geus kitu lajeung gunem catur gendu raos, rék ngangkat si-raja-eun, saparo kuring-kuring nyuhunkeun kabéh jadi raja putra raja nu tujuh téa, cek sawaréh Putri Balna baé jadikeun raja, pédah éta nu ngaruat kaluar tina patenungan, atawa Putra Balna, sabab éta nu meunangkeun kakatua jimat juru tenung, méh tilu bulan tacan jadi, tina parebut kahayang, geus kitu putusna pirempug, kudu diundi baé, saha nu keuna, kudu daék jadi raja, sarta kudu ngajungjung karajaan, kudu lulus runtut, ulah dengki. Geus kitu prak diundi, dumadak kana keuna murangkalih putra Nyi Putri Balna téa, dar bedil, ger surakna, lajeung diterapan makuta, diangkat jadi raja.

Kacaritakeun langkung-langkung lulus runtutna, yasa meuli-meuli ati abdi, ngemput-ngemput manah sepuh ngénak-ngénak manah ménak, rama sareng uwa-uwana dianggo panembahan patarosan baé. kacaturkeun deui raja ramana Putri Balna, ti sanggeusna miceun putra-putrana di leuweung téa, teu eureun-eureun nagis, datang kasurem tingalna, jeung geus teu pisan ngurus nagara, ari bandana béak diacak-acak baé ku garwana jeung ku putra kawalonna, anak patih téa, datang kajadi miskin, jeung geus teu di turut ku kuring-kuring, jadi ati-ati beleweuk pisan, ku garwana geus teu diajénan, diangken salaki kuring baé, cacah-cacah geus sakarepna baé, taya panyegah lampah sah, suwung panungtun lampah alus, réhé papyarék lampah goréng, jadi réa rampog réa maling, pepelakkan henteu bijil hasilna, tina taya pisan anu buruk, temahna jadi baruntak nagara, tur nguyang banget, réa nu langlayeuseun.

Kacaritakeun ka nagara éta, yén aya hiji nagara leuwih sugih mukti, beurat beunghar, réa ketan réa keton, réa embé réa paré, sarta adil ratuna, rewu-rewu jalma nu geus maringgat kadinya. Tidinya raja sareng garwana jeung putra kawalonna arangkat seja bermén, da rék meuli mah taya petana, teu kagungan duit saduit, pirang-pirang peuting di jalan, geus kitu sumping ka tapel wates Nagara Balna.

Raja héranneun ningali undang-undang nu ditapelkuen dina pal wates nagara unina: “Ieu ngaran Nagara Balna, nu kacaangan srangéngé, nu nanjung hukumna, nu ngagelar tatana, nu lantip adilna, nu landung payungna, nu seukeut pedangna.”

Manah raja dongkol, éh ieu nagara bet ngaran Nagara Balna, sangaran jeung anak aing bungsuna nu pangpinterna téa, euh buah ati ama naha aya nagara sangaran jeung manéh?

Tuluy mariksa ka hiji aki-aki: “Aki naon asalna nu matak ieu nagara dingaranan nagara balna?” aki-aki ngawalon, “kaula hanteu terang pisan, ngan wara-wara baé, ieu nagara ngadeg anyar, asalna geus nari kolot, ratuna murangkalih kénéh tapi pinter, béjana éta murangkalih putra putri Balna, nu matak ieu nagara ditelahkeuna nagara balna!” Éta raja sepuh barang ngéng ngadangu carita aki-aki kitu, seblak manahna ngucur cisocana, tapi ari garwana ray baé pias, bari ngadégdég, sarta keukeuh ngajakan mulang deui. Barang rék mulang deui, teu meunang ku nu ngajaga lawang [lapang] sakéténg, réh geus meunang wawarta ti nagara saha-saha nu geus asup ka jero nagara sejana bermaén, kudu tuluy di deuheuskeun ka raja, kran geus disadiakeun téa béas digudang-gudang karungan, jadi raja sepuh teu meunang pohpol dipaksa dideuheuskeun ka raja, tapi ku nu nganterkeun hanteu dikira raja, diterka aki-aki lembur baé.

Kacarita di nagara keur kumpulan raja anom jeung ramana ibuna sarta rama-ramana, caralik di kadaton, jebul tukang tunggulawang sakéténg, mawa aki-aki nini-nini nu jajaluk, barang rét ogé putri Balna, jeung sadérék-sadérékna ka ramana, hanteu pangling, gabrug baé dirontok bari ditarangisan, waktu harita éstu hujan cisoca, sanggeusna lilir nu narangis, lajeung pada didamel, sawaréh nu nyisih marang, sawaréh nu nyalinan panganggo, kuwang (kupang) nganggo nu aralus, lajeung bari dahar ngariung.

Waktu harita ratu ning suka bungah, manahna rama jeung putra putu, tatapi mungguh raja istri, nyaéta Ibu kawalon Putri Balna téa, harita keur samagaha manahna, inggis batan maut hinis, reuwas batanna digebag, sieuneun dibalik juligna, dibayar dosana. Tatapi putri Balna jeung sadérék-sadérékna, hanteu nariatkeun pisan males, seja ngahampura réh ngaraskeun kana duriat ramana.

Eusina ieu carita:

Jalma dengki ahirna manggih nyeuri, sanajan mimitina meunang suka. Jalma pinter sarta temen tungtungna manggih kabungahan, sanajan mimitina nyorang heula sangsara.

TAMAT