Jump to content

Wb/su/Warnasari/Pangangkat

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Warnasari > Pangangkat
Pangankat

Meunang nurun tina buku, meunang nganggit ku pikir.

Ieu buku dingaranannana Warnasari: Sari hartina kembang, nyaéta sok jadi kasukan jalma, tapi kembang rupa-rupa watekna, aya nu seungit matak sedep kana ati, aya nu matak were, niwaskeun ka diri.

Demi nyiruan bisa pisan milih, tara kasalahan, ngan mamanisna nu diarah datang ka jadi madu, baruangna teu di sesep.

Paneda kula sakur nu maca dongéng-dongéng ieu niru kana laku nyiruan.

Misilna ieu dongéng, éta upama maduna, wawaasna nyaéta arumna, demi baruangna, nyaéta lamun salah tampa nu maca, mustailna diangkeh eunya, ari éta mah karangan bujangga baheula baé, nu ngarang éta dongéng di nagara Walanda.

Barang kula ngilo éta buku datang ingeutan disalin kana basa Sunda, supaya urang Sunda milu suka maca, tina karameannana, malah mandar ka petik acina, ka ala rasana, ka turut wurukna.

Warna nyaéta rupa-rupa. Ari nyiruan ka resepna pipindahan kembang, tara sarua baé, mana ieu dongéng gé dibedakeun caritana, supaya nu maca ulah bosen.

Lamun réa anu resep kana dongéng pantaran ieu, meren ku kula di tuluykeun deui, karana dina buku Walanda réa pisan carita anu matak resep, sarta aya pulunganeunnana.

—Lasminingrat, Warnasari Jilid I (1876)