Jump to content

Wb/su/Warnasari/Déwa Reksa

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Warnasari > Déwa Reksa

II. Déwa Reksa

Dina hiji leuweung aya hiji tukang ngala kai, imah-imah jeung pamajikanana, sarta éta tukang kai geus boga anak awéwé sahiji umur tilu tahun, éta tukang ngala kai liwat saking mararatna datang ka teu boga rajeki keur hakaneun anakna jeung pamajikanana, malah sakalieun hakaneun anakna gé teu boga.

Hiji mangsa éta tukang ngala kai keur digawé nuaran sagala kakaian, ujug-ujug belegedeg baé aya déwa reksa maké makuta eumas ditabur ku permata-permata nu ting garurilap cahyana, sarta tuluy éta déwa reksa ngalahir:

“Ieu aing déwa reksa anu ngauban nonoman-nonoman, aing nyaho yén manéh liwat saking mararat, ku hal éta ayeuna anak manéh kadieukeun baé rék dibawa ku aing, sarta rék tuluy dikukut.”

Bral tuluy dibawa anakna tukang ngala kai téh ka sawargaloka

Tidinya éta tukang ngala kai atoheun kacida, tuluy dibawa anakna téh ku déwa reksa ka sawargaloka, éta budak awéwé betaheun kacifa, manggih kagenaheun, sarta di béré buah-buah anu aramis sakur anu aya di sawarga, jeung maké papakéan aralus, ditabur ku eumas, ari baturna ulin anak-anak déwa reksa, waktu éta budak umurna opat welas tahun, tuluy déwa reksa ngalahir ka éta budak:

“Éh nyai aing rék leumpang jauh, tah ieu ayeuna sorog-sorog gedong anu tilu welas lapis eusina sawargaloka ieu, tah éta ampihan ku manéh kabéh, anu dua welas lawang hadé ku manéh dibukakeun, sugan hayang nyaho nénjo barang-barang anu alus-alus, sakur anu aya dina jero gedong éta, tatapi eta lawang anu katilu welasna nu sorogna leutik poma pisan ulah rék dibukakeun, sing hadé-hadé sabab upama ku manéh dibukakeun geus tangtu manéh cilaka.”

Éta budak awéwé jangji rék nurutkeun sakumaha paréntah déwa reksa téa, tidinya éta déwa reksa geus lajeung, tuluy éta budak awéwé téh rék nenjoan barang-barang anu alus-alus. Unggal-unggal poé gawéna téh ngan muka mukakeun éta baé gedong-gedong téa baé, nepi ka dua welasanana geus ka ténjo. Dina jero gedong-gedong kabéh nénjo sakitu aralusna, jeung sagala ripa taya nu euweuh, ting gurilap ting barurinyay, bawaning ku alus-alusna, wani ngagebur cahyana éta barang-barang, éta anak-anak déwa nyakitu suka ati kacida, ari tidinya datang napsu ka budak awéwé téa, hayang nyaho aya naon dina jero gedong anu katilu welasna, geus kitu budak awéwé téh ngomong ka anak-anak déwa, pokna: “Daréngékeun kuring téh henteu hayang asup, henteu rék mukakeun kana éta gedong, ngan kuring hayang nincak dipipir-pipirna éta gedong, sarta lalaunan pisan supaya ulah aya anu ngadéngékeun.”

Eta anak-anak déwa ngawaralon pokna:

“Ih, ulah, geura engké urang tangtu cilaka, jeung deui saha anu nyaho picilakaeun kumaha engké urang bisi ngajerit atawa kumaha onam baé, tina bawaning kagét, tah sok sieun kitu.”

Sanggeusna anak-anak déwa téa sasauran kitu éta budak téh cicing baé teu bisaeun ngajawab, tapi tambah napsuna.

Barang éta anak-anak déwa geus marulih éta budak awéwé boga pikiran kieu,

“Ah aing ayeuna ngan sorangan aing ayeuna mah meunang nénjo sabab euweuh jalma anu ngintip.”

Tidinya tuluy manéhna néangan kunci éta lawang gedong anu katilu welasna téa, Barang geus kapanggih tuluy ku manéhna diabuskeun kana liang kunci, jeung tuluy di gowéngkeun lalaunan, tapi éta panto téh ngagentak muka sorangan, sarta manéhanana nénjo barang-barang anu éndah-endah nu mulya-mulya ting barurinyay ting garurilap cahyana kawas panon poé keur moncorong baé. Budak awéwé téh hookeun baé bingung teu bisa ngicep-ngicep acan tina bawaning ku sérab nénjo cahyana éta barang-barang. Lila-lila manéhna ngadeketan kanu hurung téa, sarta ditunjuk ku ramona, ari ramona téh pada harita baé jadi emas.

Tidinya manéhna kakara baé ngarasa reuwas, jeung sieun sakitu gedéna gewat manéhna norojol deui kaluar sarta pantona dipendetkeun, tapi sanajan manéhna geus kaluar gé sieun sarta reuwas kénéh baé, awakna ngadég-dég taya eureunna.

Hente kungsi lila ti waktu harita éta déwa reksa datang, sarta tuluy nyaur ka budak awéwé mundut sorog-sorog téa, bareng éta budak awéwé nyodorkeun sorog-sorog éta déwa reksa ningali wani netep-netep baé ka éta budak awéwé téh, bari mariksa:

“Éta lawang anu katilu welasna henteu dibukakeun ku manéh?”

Budak awéwé téh ngawalon:

“Henteu!”

Geus kitu di rampaangeun na wani karasa ratug tina bawaning ku reuwas, tidinya déwa reksa aya tarka yén éta budak mukakeun panto, anu matag ratug, déwa reksa mariksa sakali deui:

“Na enya teu dibukakeu?”
“Hanteu!”

Éta budak awéwé kadua kalina ngawalon nyakitu deui, hante! Tidinya déwa reksa ningali kana ramona, anu nunjukeun barang-barang téa, da geus jadi emas baé ramona téh.

Geus kitu mariksa deui déwa reksa katilu kalina,

“Manéh wani sumpah yén enya henteu?”

Éta budak awéwé ngawalon henteu deui baé. Ari geus kitu déwa reksa ngalahir:

“Manéh bareto apan geus jangji rék nurut sakumaha paréntah aing, na ari ayeuna manéh ngabobodo, ayeuna manéh ulah aya lila-lila di sawargaloka ieu.”

Ti barang geus ngadéngé saurna déwa reksa kitu, tuluy baé éta budak sasaréan teu inget-inget, ari na hudang manéhanana geus aya dina jero leuweung ganggong sima ganggong, tidinya kagét rék menta tulung, tatapi héran kacida, datang ka teu bisa ngomong sakecap-kecap acan, éta budak téh jadi pireu, tuluy manéhanana luncat sarta rék lumpat tapi teu bisa laju da sukuna najongan tunggul-tunggul baé, euweuh pisan eukeur nyalindung, ngan aya hiji tunggul kai gedé pisan nu deket kadinya, ari geus peuting tuluy éta budak awéwé ngarayap kadinya tina bawaning ku kesel.

Éta budak awéwé téh asup ka jero leuweung sanggeus dikaluarkeun ti sawargaloka

Jeung deui ngan sorangan pisan didinya téh, manéhanana nyieun enggon didinya sarta euweuh pisan paminding angin jeung hujan téh ngan éta baé tangkal kai téa, tidinya kasangsara kacida, ras inget kana waktu keur aya di sawargaloka téa, sagala seubeuh taya kakurangan sarta ulin jeung anak-anak déwa baé, geus kitu manéhna hayang barang hakan, ari didinya hente aya deui kajaba ti pupucukan anu aya téh, kitu ogé manéhna kudu ideur-ideuran néangan éta pupucukan.

Tina sabab bangét kasangsarana dadaharanana gé sok kalakay anu rag-ragan baé, sagala dangdaunan dibawaan, sanggeus kitu datang angin jeung hujan buah, sarta éta budak geus euweuh deui hakaneunana jeung euweuh keur ngiuhan, ngan masih aya éta tumpukan dangdaunan téa, tuluy kadinya lalaunan bawaning kutiris, éta papakéanana geus ruksak pisan wani geus rawang, rag-ragan tina awakna téh. Tidinya datang deui katigatrang jeung panon poé geus bijil panas kacida, éta budak awéwé téh kapanasan pindah kana handapeun tangkal kai, sarta ngabuligir baé taya pisan tamba tiris téh, ngan buukna tambah beuki panjang, datang ka beunang dipaké harudum, kitu baé hirupna téh kasangsara saumur-umur.

Dina hiji waktu keur meujeuhna dangdangrat téa sagala tatangkalan haréjo dauna sakur anu aya didinya, aya hijji raja rék ngarsakeun moro, jeung pirang-pirang ponggawa, geus kitu éta ponggawa unjuk kana ka raja nuduhkeun yén aya uncal dina jero leuweung éta, tuluy raja lungsur tina kuda sarta bari mesat pedang, tuluy nyasaran tatangkalan ka jero leuweung, beuki jero-jero datang kabéh katingali éta budak awéwé téa, keur diuk dina luhur kai buni pisan katuruban ku buuk jeung ku sagala dangdaunan, raja kagét ngahuleung baé sajongjongan mah, tatapi panasaraneun kacida, lajeung baé raja nyampeurkeun bari mariksa:

Saha ieu, kunaon manéh cicing sorangan dina jero leuweung?”

Katingali manéhanana henteu daékeun walon, tina sabab jadi pireu, raja mariksa deui:

Manéh daék milu ka nagara aing?”

Tidinya ngawalon bari ingguk baé, geus kitu lajeung baé dipangku sarta dicandak ngadua jeung anjeuna dina kuda ka nagarana téa, sarta papakéanana gewat disalinan ku anu aralus papakéan karajaan.

Raja mamanahanana kajeun teuing henteu bisa ngomong gé, ningali kagelisanana jeung bararesih, ari geus sumping tuluy ditikah sarta dianggo kanyaah pisan ku raja téh.

Bareng geus aya satahun lilana tina enggeus jadi garwa raja, éta garwa na téh ngowo sarta putrana pameget.

Éta raja carogéna téa keur teu aya keur angkat, datang baé éta déwa reksa téa tengah peuting kana deukeut pangkulemanana, jeung bari sasauran:

Upama manéh ayeuna ngaku yén enya henteuna mukakeun lawang gedong anu katilu welasna nu aya di sawargaloka, manéh ku aing tangtu disina bisa ngomong deui, tatapi upama henteu ngaku mah manéh meureun diantep baé, sarta anak manéh rék dibawa ku aing.”

Ti sanggeus ngadangu omong-omongan déwa reksa sakitu manisna, éta garwa raja calik baé, teu yasaeun ngawalon, ari geus kitu gigideug, yén hente pisan boga dosa mukakeun éta lawang anu katilu welas. Tuluy éta putrana téh dicandak ku déwa reksa téa, ari geus isuk deui éta orok téh pada naréangan tapi weléh teu kapanggih. Tidinya para ponggawa kabéh jeung pada baturna ngararomong, yén éta garwa raja sok ngadaharan jalma, buktina ayeuna putrana gé di dahar. Raja henteu keursaeun ngadangu kana éta omongan tina sabab bawaning ku nyaah ka garwana, éta putrana pang euweuhna murukankeun aya nu maling baé. Ngan sataun gantungna éta pawarang geus kagungan putra sarta pameget deui, jeung éta déwa reksa téa geus nyampeurkeun deui kana deukeut pangkuleumanana barina sasauran deui:

Ayeuna geus rumasa manéh téh yén enya henteu mukakeun lawang anu katilu welasna téh, upama ngaku geus tangtu pisan manéh téh disina bisa ngomong sarta anak manéh dibikeun ku aing, tatapi upama henteu ngaku mah, manéh tuluy pireu, sarta anak maneh moal dibikeun deui jeung anu ayeuna rék dibawa ku aing!”

Éta garwa raja gigideug deui baé teu ngaku, tuluy baé éta orok dibawa deui ku déwa reksa ka sawargaloka. Ari isuk-isuk géhgér éta orok geus euweuh deui, kabéh jalma euweuh panerkana ngan ka garwa raja téa baé.

Tidinya para ponggawa kabéh pada ngadareheusan ka raja sarta bari arunjuk kana hal éta garwana, dikinten sok ngadaharan jalma, éta kudu dipaéhan. Éta raja henteu karsaeun ngadangu kana omongan kitu, hal éta perkara, sarta dirarangankeun kacida ulah aya nu ngomongkeun garwana.

Henteu kungsi lila ti waktu harita geus kagungan putra deui istri, datang deui baé éta déwa reksa téh katilu kalina bari sasauran deui:

Hudang heula manéh turutkeun aing, dicekelan pananganana sarta éta putrana pameget nu dua di témbongkeun ku déwa reksa téh, jeung éta marurangkalih téa maresem baé ka ibuna téh, ibuna ningali suka kacida manahna, geus kitu déwa reksa ngalahir ka garwa raja: Tacan kapikir baé ku ati manéh téh?”

Déngékeun geura, upama manéh ngaku mah, anak manéh duanana dibikeun deui! Éta garwa raja gigideug nyebut henteu deui baé. Tidinya tuluy dilésotkeun sarta éta putrana nu katiluna dicandak deui ku déwa reksa téa.

Ari geus isuk deui éta putrana nu orok geus euweuh deui, tidinya masahur tina kagorénganana pawarang téa, kabéh jalma pada ngomongkeun yén éta pawarang sok ngadahar jalma, ayeuna mah kudu baé dipaéhan.

Tidinya raja ngamanah yén moal pihadéeun maduan kana piunjukna para ponggawa supaya éta pawarang dipaéhan, éta pawarang tuluy dibawa ka gedong pangadilan, supaya ditrapan siksaan anu kabiasakeun di nagara éta nyaéta diduruk keur hirup kénéh.

Sanggeus ditrapan hukuman pawarang dibawa deui ka kamarna sarta dimana geus di tinggalkeun ku jalma anjeuna néangan keur nyumput bawaning ku sieun kaduruk tapi teu manggih.

Datang baé nu mawa pirang-pirang hurunan suluh keur durukeun téa, ari éta pawarang téh ngadeug dina luhur kai bari diranté, ti handapna nu ngadurukan hurungna seuneu jeung anteul pisan kana rarayna éta pawarang téa, ti dinya anjeuna éling sarta sasauran sajeroning manah: “Beuk kieu rasana urut aing reuwas tina sabab ngabobodo.”

Ti sanggeus aya manahna kitu teu lila beut pok baé sasauran lalaunan:

Eh déwa reksa enya pisan ku kuring dibukakeun!”

Bareng éta pawarang geus sasauran kitu, leungit seuneu jeung haseup téh ngan aya nu ngagebur baé, mani sérab, mana horéng éta déwa reksa téa, jeung putra-putra raja nu tilu, ari anu dua digédéngeunana ari anu hiji dina lahunan déwa reksa téa. Tidinya déwa reksa ngalahir:

Saha anu kaduhung, saha anu nyeri! da manéhna kénéh baé teu ngawalon.”

Ari geus kitu mah tuluy baé éta putrana tiluanana dibikeun deui sarta dipaparinan salamet saumur-umur, jeung henteu pireu.

“Hartina ieu carita: Jalma ulah bohong mangké kaduhung. Jeung ulah nyorang larangan, mangké hanjakal. Jalma sabar manggih bagja.”