Wb/su/Warnasari
Appearance
WARNASARI
ATAWA
RUPA-RUPA DONGÉNG,
DI SALIN TINA
BASA WALANDA KANA BASA SUNDA
KU
RADÉN AYU LASMININGRAT
DI
GARUT
DI PIWARANG DI CITAK
DI KANTOR CITAK GUPERNEMEN DI BAȚAVIA.
1876
Meunang nurun tina buku, meunang nganggit ku pikir.
Ieu buku dingaranannana Warnasari: Sari hartina kembang, nyaéta sok jadi kasukan jalma, tapi kembang rupa-rupa watekna, aya nu seungit matak sedep kana ati, aya nu matak were, niwaskeun ka diri.
Demi nyiruan bisa pisan milih, tara kasalahan, ngan mamanisna nu diarah datang ka jadi madu, baruangna teu di sesep.
Paneda kula sakur nu maca dongéng-dongéng ieu niru kana laku nyiruan.
Misilna ieu dongéng, éta upama maduna, wawaasna nyaéta arumna, demi baruangna, nyaéta lamun salah tampa nu maca, mustailna diangkeh eunya, ari éta mah karangan bujangga baheula baé, nu ngarang éta dongéng di nagara Walanda.
Barang kula ngilo éta buku datang ingeutan disalin kana basa Sunda, supaya urang Sunda milu suka maca, tina karameannana, malah mandar ka petik acina, ka ala rasana, ka turut wurukna.
Warna nyaéta rupa-rupa. Ari nyiruan ka resepna pipindahan kembang, tara sarua baé, mana ieu dongéng gé dibedakeun caritana, supaya nu maca ulah bosen.
Lamun réa anu resep kana dongéng pantaran ieu, meren ku kula di tuluykeun deui, karana dina buku Walanda réa pisan carita anu matak resep, sarta aya pulunganeunnana.—Lasminingrat, Warnasari Jilid I (1876)
Ieu buku asalna tina basa Walanda, ditulis ulang ka basa Sunda maké aksara Cacarakan.
Ayeuna, eusina ditranslitérasikeun ku éjaan nu ayeuna maké aksara Latin.
Aya opat carita dina jilid hijina, sumberna ti Wikipabukon.
________
- Carita kahiji
- Putri Kasangsara
- Carita kadua
- Déwa Reksa
- Carita katilu
- Tukang Ngangon Domba Gedé Ambek
- Carita kaopat
- Indung Téré nu Julig jeung Juru Tenung Pansakin