Wb/su/Resep:Hayam bakakak
Appearance
Hayam bakakak téh salah sahiji kadaharan has Sunda anu ilahar disuguhkeun dina acara atawa momen husus. Hayamna dibelah dua tapi henteu nepi ka pegat, tuluy diasakan ku bumbu nepi ka nyerep sarta ahirna dibakar. Biasana disuguhkeun dina kaayaan utuh, lain dipotong-potong.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 1 hayam kampung, beuratna kira-kira 800 gram, dibelah dua tapi ulah nepi ka pegat
- 500 ml cai kalapa
- 2 lembar daun salam
- 3 cm laja, digeprek
- 1 batang sereh, digeprek
- 1 séndok makan asam jawa, dilebur ku 2 séndok makan cai
- 5 séndok makan kecap amis
- 1 séndok téh kaldu hayam
- 3 séndok makan minyak pikeun numis
Bungbu anu diréndos
[edit | edit source]- 8 butir bawang beureum
- 5 siung bawang bodas
- 5 butir kemiri
- 3 cm konéng
- 2 buah cabé beureum gedé
- 1 séndok makan katuncar, disangray
- 2 cm jahé, diranjangan
- 2 séndok makan minyak kalapa
- 1 séndok téh uyah
Bungbu pikeun ngolés
[edit | edit source]- 2 séndok makan margarin
- 1 séndok makan bubuk katuncar
- 1 batang sereh, digeprek
- 1 séndok makan kecap amis
Bahan panglengkep
[edit | edit source]- Sambel tarasi
- Bonténg
- Surawung
- Daun salada
- Tomat
Cara Nyieunna
[edit | edit source]- Panaskeun minyak, tuluy tumis bumbu anu geus diréndos babarengan jeung daun salam, laja, sarta séréh. Tumis nepi ka seungit.
- Sanggeus bumbu seungit, lebarkeun cai kalapa, tuluy asupkeun hayam anu geus dibelah sarta cai asam jawa.
- Masak nepi ka ngagolak. Tuluy tambahkeun kecap amis jeung kaldu hayam. Aduk sangkan bumbu rata.
- Teruskeun masak nepi ka cai na ngurangan sarta daging hayam asak. Sanggeus asak, angkat hayamna.
- Antepkeun hayam sababaraha jam sangkan bumbuna leuwih nyerep kana daging.
- Panaskeun panggangan atawa grill pan. Campurkeun margarin jeung kecap amis pikeun bahan olesan. Olesan hayam sacara rata bari dipanggang.
- Pikeun ngolesna, sereh anu geus digeprek bisa dijadikeun alat pangoles. Panggang hayam nepi ka warnana semu coklat, seungit, sarta bagian luarna asak.
- Sanggeus asak, sajikeun hayam bekakak dina kaayaan utuh, dibarengan ku sambel tarasi, bonténg, surawung, daun salada, jeung tomat.
Catetan
[edit | edit source]Hayam bekakak sacara tradisional leuwih ngeunah lamun dipanggang dina hawu atawa ruhay, sabab seungit haseupna bakal leuwih karasa. Tapi lamun teu aya tungku, bisa ogé ngagunakeun grill pan atawa alat panggang di imah. Lamun teu aya hayam kampung, hayam pejantan atawa hayam negeri ogé bisa dipaké.