Wb/su/Resép:Ulukutek leunca
Appearance
| Wb/su/Resép:Ulukutek leunca | |
|---|---|
| Disuguhkeun | 1 porsi |
| Waktu | 10 menit |
| Tingkat kasulitan | |
| Catetan | Didaharna jeung sangu haneut |
Ulukutek leunca nyaéta kadaharan khas Sunda pikeun deungeun sangu. Rupa kadaharan ieu sami siga sambel.
Bahan
[edit | edit source]- 1/4 kg leunca, kumbah
- 1 genggem surawung
- 1 tomat, dicacagan
- 3 lembar daun salam
- 2 cm laja, digeprak
- 2 batang séréh, digeprak
- 10 cabe rawit beureum
- gula, uyah sacukupna
- cai ± 50 ml
- bungbu penyedap/pecin (opsional)
Bungbu
[edit | edit source]- 5 cabe rawit beureum (lamun hayang leuwih seuhah tambahkeun céngék domba)
- 6 siung bawang beureum
- 4 siung bawang bodas
- 1 oncom (dikira-kira)
Cara nyieun
[edit | edit source]- Tumis kabéh bungbu jeung + tomat + salam + laja + séréh + cabé rawit nepika seeutik seungit.
- Asupkeun leunca, aduk sina rata, tambahkeun gula, uyah, pecin jeung cai
- Tumis deui nepika leuncana rada layu, asupkeun surawung, aduk sekeudeung, angkat, sajikeun dina piring.