Wb/su/Resép:Tumis kangkung bunga pepaya
Appearance
Tumis kangkung kembang gedang (bunga pepaya) téh salah sahiji masakan tradisional Nusantara nu mindeng kapanggih di wewengkon Indonésia Wétan (kawas Manado jeung Papua). Ieu masakan ngahijikeun tékstur kangkung nu rangu jeung kembang gedang nu mibanda rasa rada pait tapi seger. Prosés ngolahna merlukeun téhnik husus sangkan paitna leungit, tuluy digalo jeung bumbu rempah sarta tambahan lauk teri atawa tuna nu méré rasa gurih. Ieu kadaharan boga campuran rasa gurih, lada, sarta seger nu has, matak cocog pisan disuguhkeun jadi ménu utama bareng jeung sangu haneut.
Bahan
[edit | edit source]Bahan Utama
[edit | edit source]- 300 gram kembang gedang, petikan tina gagangna tur wawasuh nepi ka beresih
- 1 beungkeut kangkung, siangan tur wawasuh beresih
- 100 gram lauk teri (bisa diganti ku lauk tuna kaléng), goréng garing
- 2 lambar daun salam
- 2 cm laja, dipékprék
- 1 buah tomat ukuran sedeng, keureutan luyu jeung seléra
- 1/2 séndok téh uyah
- 1/4 séndok téh pedes bubuk
- 1/2 séndok makan saos tiram
- Minyak kalapa sacukupna pikeun numis
Bumbu Ipis
[edit | edit source]- 5 sihung bawang beureum, keureut ipis
- 5 sihung bawang bodas, keureut ipis
- 3 siki céngék beureum jeung cabé beureum, keureut nyérong (bisa diluyukeun jeung pangaresep lada)
Cara Nyieun
[edit | edit source]- Pikeun ngaleungitkeun rasa pait kembang gedang, golakkeun cai nu geus dicampur uyah dina panci. Kulub kembang gedang kurang leuwih 10 menit (bisa ogé ngulubna dihijikeun jeung daun jambu batu atawa daun sampeu). Sanggeus layu, angkat tuluy wawasuh deui ku cai cai beresih sarta peres.
- Panaskeun minyak dina katél. Tumis bawang beureum jeung bawang bodas nepi ka seungit. Asupkeun cabé, daun salam, jeung laja nu geus dipékprék, galokeun deui nepi ka rata.
- Asupkeun tomat jeung kembang gedang nu geus dikulub tadi, galokeun jeung masak sakedap.
- Asupkeun kangkung, tuluy galokeun nepi ka kangkung mimiti layu.
- Tambahkeun uyah, pedes bubuk, jeung saos tiram. Galokeun deui nepi ka bumbu nyerep tur rata.
- Anu pamungkas, asupkeun lauk teri nu geus digoréng garing (atawa tuna), galokeun sakedap, tuluy cobaan heula rasana sangkan pas.
- Angkat sarta tumis kangkung kembang gedang geus garihal siap disuguhkeun.