Wb/su/Resép:Tahu gejrot
Appearance

Tahu gejrot nyaéta kadaharan has Cirebon, Jawa Kulon, nu dijieun tina tahu pong goréng anu dikeureutan, tuluy dicaian ku kuah haseum-amis lada nu dituang dina coét kai. Rasana seger jeung gurih ku karasa lada tina réndosan kasar céngék jeung bawang atah.
Bahan
[edit | edit source]- 10–15 siki tahu pong atawa tahu cokelat goréng (dikeureutan)
- 2 sihung bawang bodas
- 4 sihung bawang beureum
- 5 siki cabé rawit héjo atawa leuwih kumaha kahayang
- 3 siki cabé rawit beureum atawa leuwih kumaha kahayang
- ½ séndok téh uyah
- 75 gram gula beureum/gula kawung
- 1 sdm. cai asem jawa (tina 1 séndok téh asem jawa nu dilarutkeun ku cai)
- 1 sdm. kecap amis
- 250 ml. cai
- ½ sdt. uyah
Cara nyieun
[edit | edit source]- Golakkeun cai, gula beureum, cai asem jawa, kecap amis, jeung uyah dina panci leutik nepi ka gulana leyur sampurna jeung ngagolak, tuluy saring caina sarta antepkeun nepi ka tiis atawa haneut.
- Réndos kasar bawang beureum, bawang bodas, cabé rawit héjo, cabé rawit beureum, jeung uyah dina luhureun coét (leuwih autentik ngapaké coét kai).
- Banjurkeun kuah gula beureum nu geus disaring tadi ka luhureun bungbu nau geus diréndos kasar, tuluy gulah-goléh nepi ka rata.
- Abuskeun tahu pong nau geus dikeureutan ka jero coét nu aya bungbu jeung kuahna, tuluy réndos-réndos (gejrot) tahuna saeutik sangkan kuahna nyerep ka jero bagian tahu.
- Tuang tahu gejrot langsung tina coétna.