Wb/su/Resép:Soto sasak

Soto Sasak nyaéta salah sahiji kuliner has suku Sasak Lombok, Nusa Tenggara Barat. Soto Sasak miboga ciri has kuah nu bening atawa hideung, rasana gurih lantaran dicampur ku rupa-rupa rempah khas Nusantara. Rempah nu mindeng dipaké di antarana kunyit, lengkuas, jahé, serei, lada, jeung masih loba deui. Eusian soto ieu biasana diwangun ku hayam, tauge, bihun atawa soun, lontong, bawang goréng, jeung endog kulub.
Bahan utama
[edit | edit source]- 300 gram dada hayam
- 1500 ml cai
- Minyak pikeun numis
Bungbu nu dihaluskeun
[edit | edit source]- 5 siung bawang beureum
- 2 siung bawang bodas
- 1/2 sendok téh katumbar
- 1 sendok téh lada
- 2 cm kunyit
- 2 cm jahé
- 1/4 buah pala
- 1/2 bungkus terasi
- Pamakéan terasi dina resep Soto Sasak ieu penting pisan, sabab bisa méré rasa has nu béda.
Bungbu séjén
[edit | edit source]- 2 batang (4 cm) kayu manis
- 3 buah kapulaga
- 5 buah cengkeh
- 3 batang serei
- 1 1/2 ruas lengkuas
- 3 lembar daun salam
- Gula jeung uyah sacukupna
- Kaldu jamur sacukupna
Bahan panglengkap:
[edit | edit source]- Kupat
- Mih konéng
- Bihun béas
- Tauge
- Endog rebus, diiris
- Kacang asin atawa kacang bawang
- Koya kalapa, dijieun tina kalapa parut nu disangrai nepi ka coklat, tuluy dihaluskeun
Cara nyieun
[edit | edit source]Tumis heula bumbu halus nepi ka seungit, tuluy asupkeun bumbu séjénna.
Tambahkeun cai kira-kira 1500 ml kana bumbu tumis. Dagoan nepi ka ngagolak, tuluy asupkeun hayam nu saméméhna geus direbus 5-7 menit pikeun miceun kokotor atawa getihna. Asak nepi ka hayamna asak jeung bumbuna nyerep.
Angkat hayamna, tuluy diiris atawa disuwir-suwir.
Samentara éta, susun dina mangkok ketupat, mie konéng, bihun, tauge, irisan hayam, jeung irisan endog. Sanggeus éta, tuang kuahna tuluy taburan koya jeung kacang asin atawa kacang bawang.
Soto Sasak siap disayogikeun.