Jump to content

Wb/su/Resép:Sangu tutug oncom

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Sangu tutug oncom

Sangu tutug oncom atawa sok disebut sangu TO téh salah sahiji kadaharan has Tasikmalaya. Sangu bodas anu pulen dicampur jeung sambel oncom, cabé, jeung cikur, ngahasilkeun rasa gurih, lada, sarta seungit anu has. Biasana sangu tutug oncom didahar dina kaayaan haneut jeung dilengkepan ku lauk asin, tahu, témpé, atawa lalab.

Bahan-bahan

[edit | edit source]

Bahan utama:

[edit | edit source]
  • 500 gram sangu bodas pulen anu masih haneut
  • 150 gram oncom hideung
  • 3 séndok makan minyak goréng
  • 3 séndok makan bawang beureum goréng

Bungbu anu dilemeskeun:

[edit | edit source]
  • 5 sihung bawang bodas
  • 3 sihung bawang beureum
  • 3 buah cabé beureum keriting
  • 2 buah cabé rawit
  • 3 cm cikur
  • 1 séndok téh tarasi anu geus digoréng
  • 2 séndok téh uyah

Bahan panglengkep:

[edit | edit source]
  • Daun surawung
  • Bonténg
  • Sambel tarasi
  • Lauk asin
  • Kurupuk

Cara Nyieunna

[edit | edit source]
  1. Panggang oncom dina luhureun ruhay atawa dina katél panas nepi ka rada garing. Sanggeus kitu, oncom dicacag atawa diremes nepi ka bubuk.
  2. Tumis bungbu anu geus diréndos ku minyak goréng. Tumis nepi ka seungit sarta bumbuna asak.
  3. Asupkeun oncom kana tumisan bungbu. Aduk nepi ka oncom jeung bumbu ngahiji rata. Sanggeus asak, pareuman seuneu.
  4. Tambahkeun bawang beureum goréng, tuluy aduk deui nepi ka rata.
  5. Asupkeunsangu bodas anu masih haneut. Aduk sangu jeung oncom nepi ka campur rata sarta warna jeung rasana ngahiji.
  6. Sanggeus rata, sangu tutug oncom dibagi jadi 3–4 bagian.
  7. Unggal bagian bisa dibungkus ku daun cau sangkan leuwih seungit.
  8. Lamun resep kana rasa anu rada haseum-seungit tina daun cau anu dipanggang, bungkus sangu tuluy panggang sakeudeung dina luhureun bara nepi ka daunna rada garing.
  9. Tuang dina kaayaan haneut, dibarengan ku lauk asin, sambel tarasi, bonténg, daun surawung, jeung kurupuk.

Catetan

[edit | edit source]

Supaya hasilna leuwih ngeunah, hadéna ngagunakeun sangu bodas anu pulen sarta masih haneut. Oncom bisa maké oncom hideung atawa oncom beureum, luyu jeung karesep. Sangu tutug oncom ogé leuwih ngeunah lamun didahar haneut sarta dibarengan ku lauk goréng jeung lalab.