Wb/su/Resép:Sambel oncom
Appearance
Sambel oncom nyaéta salah sahiji sambel has Sunda anu dijieun tina oncom jeung sambara. Sambel oncom rasana gurih jeung lada jeung biasana dijadikeun sambel keur ngalengkepan kadaharan. Ieu resep nyieun pais oncom keur 4-6 jalma.
Bahan
[edit | edit source]Bahan utama
[edit | edit source]- 200 g oncom beureum
- 1 iket surawung, dipotong jeung dicabut daun, terus dibersihkeun.
- 3-4 lembar daun salam (disobek jadi 2-3 bagéan)
Bungbu (dihaluskeun)
[edit | edit source]- 4 sihung bawang bodas
- 6 biji bawang beureum
- 4-6 biji céngék beureum
- 1 séndok téh gula beureum
- Uyah jeung merica sacekapna
- Minyak keur numis
Cara nyieun
[edit | edit source]- Siapkeun bahan jeung bungbu.
- Bersihkeun bawang jeung céngék. Haluskeun dina coét, pisahkeun bungbu nu geus dihaluskeun.
- Oncom dihaluskeun dina coét, terus dicampurkeun jeung bungbu halus, uyah, gula beureum, jeung surawung.
- Tumis oncom jeung bungbu dina katel panas nepi ka mateng.
- Sambel oncom siap dihidangkeun.