Wb/su/Resép:Plecing kangkung
Appearance
Plecing kangkung dijieun tina kangkung nu direbus, tuluy disajikeun dina kaayaan tiis jeung seger bareng sambel tomat. Sambelna dijieun tina cabe rawit, uyah, terasi, jeung tomat, sarta sok aya ogé nu nambahan peresan jeruk limau saeutik pikeun nambah rasa seger.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 500 gram kangkung
- 3 buah cabe beureum
- 5 siung bawang beureum
- 3 siung bawang bodas
- 1 sendok makan tarasi
- ½ sendok téh kaldu bubuk
- Uyah sacukupna
- 2 sendok makan minyak
Cara nyieun:
[edit | edit source]- Kumbah kangkung nepi ka beresih, tuluy tiriskeun.
- Réndos cabe beureum, bawang beureum, bawang bodas, terasi, uyah, jeung kaldu bubuk make blender atawa réndosan
- Panaskeun minyak dina katél, tuluy tumis bumbu halus nepi ka seungit.
- Asupkeun kangkung nu geus dikumbah kana wajan, tuluy aduk rata jeung bumbuna.
- Tambahkeun cai saeutik, tuluy asak make seuneu leutik nepi ka kangkungna asak jeung leuleus.
- Angkat tuluy sajikeun plecing kangkung bareng sangu haneut.