Jump to content

Wb/su/Resép:Pisang coe

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Pisang coe
Pisang coe

Pisang Coe nyaéta kadaharan tradisional ti Maluku, hususna ti Ternate. Kadaharan ieu ogé disebut talam pisang. Pisang Coe mangrupa kueh anu dijieun tina pisang, santan, jeung tipung béas.

Wangunna boga dua lapisan, nyaéta lapisan dasar anu ngandung campuran pisang jeung lapisan luhur anu dijieun tina campuran tipung béas jeung santan. Pisang Coe biasana dijieun ngagunakeun pisang kepok, tapi bisa ogé ngagunakeun pisang Ambon.

Bahan lapisan luhur

[edit | edit source]
  • 2 gelas santan kentel
  • 5 séndok makan tipung béas
  • 1 séndok makan gula
  • vanili bubuk sacukupna
  • uyah sacukupna

Bahan lapisan dasar

[edit | edit source]
  • 5 buah pisang atawa luyu jeung kabutuhan
  • 3 gelas santan kentel
  • 10 séndok makan tipung béas
  • 3 séndok makan gula
  • vanili bubuk sacukupna
  • uyah sacukupna
  • daun pandan sacukupna

Cara nyieun

[edit | edit source]
  1. Daging pisang dibelah jadi dua bagian, tuluy dicampur jeung tipung béas, gula, vanili, uyah, jeung santan. Kabéh bahan diaduk nepi ka rata.
  2. Loyang disiapkeun, tuluy dasarna dialas ku daun pandan. Adonan pisang dituang kana loyang.
  3. Adonan pisang dikukus nepi ka satengah asak.
  4. Bari adonan pisang dikukus, tipung béas dicampur jeung santan, gula, vanili, jeung uyah. Campuran diaduk nepi ka rata.
  5. Campuran tipung béas dituang kana luhur adonan pisang anu masih satengah asak. Adonan tuluy dikukus deui nepi ka asak.
  6. Pisang Coe anu geus asak diangkat tina kukusan, tuluy dipotong-potong saméméh disuguhkeun.