Wb/su/Resép:Pindang gunung
Appearance
Pindang gunung nyaéta kadaharan khas Pangandaran nu dijieun tina lauk laut jeung identik ku bumbu kuah konéng nu gurih sarta haseum. Biasana pindang gunung disajikeun jeung sangu haneut. Ieu resep pindang gunung keur 4-6 porsi.
Bahan jeung Bungbu
[edit | edit source]Bahan
[edit | edit source]- 1 kg lauk (kembung, guramé, patin, bawal mas), dibersihkeun jeung dipotong-potong.
- Cai 1 liter
Bungbu
[edit | edit source]- Uyah
- Merica
- Gula bodas
- Jeruk nipis
- 2 buah Honjé (dipotong)
- 1 buku kunyit
- 1 buku jahé
- 1 buku cikur
- 3 sihung bawang bodas
- 5 sihung bawang beureum
- 5-6 céngék (sesuai salera)
- Minyak
Cara Nyieun
[edit | edit source]- Siapkeun bahan jeung bungbu.
- Potong-potong lauk jadi 2-3 bagéan, terus dibalur ku uyah jeung peresan jeruk nipis. Tinggal 10-15 menit.
- Haluskeun kunyit, jahé, cikur, bawang bodas, jeung bawang bereum.
- Siapkeun panci dina kompor. Panaskeun bungbu halus jeung minyak nepi kaambeu wangi.
- Asupkeun cai jeung lauk ka panci, aduk rata jeung bungbu anu geus ditumis. Tunggu nepi lauk mateng.
- Pindang gunung siap disajikeun