Jump to content

Wb/su/Resép:Pepes mlanding teri

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Pepes mlanding teri
Pepes Mlanding Teri

Pepes Mlanding Teri mangrupa salah sahiji kuliner khas ti Kabupaten Banjarnegara, Jawa Tengah. Ieu mangrupakeun salah sahiji jenis pepes anu dijieun tina lauk teri, mlandingan (petai cina/lamtoro), kelapa parut, jeung bumbu-bumbu nusantara anu dibungkus maké daun pisang. Kadaharan ieu miboga aroma has anu seungit tina campuran rempah jeung daun pisang, kalayan rasa gurih, lada, jeung asin. Resép di handap ieu paranti kurang leuwih 6 porsi.

Bahan-Bahan

[edit | edit source]
  • 500 g lauk teri (jengki/ukuran sedeng), bersihkeun
  • Lamtoro / petai cina
  • 3 lambar daun salam, iris kasar2 lambar daun jeruk, iris leutik
  • ½ buah kalapa ngora, parut
  • Daun pisang pikeun ngabungkus
  • Lidi pikeun nyemat

Bumbu Halus

[edit | edit source]
  • 8 siung bawang beureum
  • 5 siung bawang bodas
  • 3 cabé beureum keriting
  • 10 cabé rawit
  • 4 butir kemiri
  • 4 cm kunyit kolot
  • 2 cm kencur
  • 2 cm jahe
  • 1 cm laos
  • 1 sdt gula pasir
  • 1 sdt uyah

Cara Nyieun

[edit | edit source]
  • Sanggeus sakabéh bahan siap (geus dicuci beresih jeung ditiriskeun).
  • Haluskeun bumbu nepi ka lemes ku cara diuleg atawa diblender.
  • Campurkeun sakabéh bahan, aduk nepi ka rata, tuluy koreksi rasa supaya pas.
  • Bungkus adonan maké daun pisang wangun tum, rapetkeun jeung semat maké lidi. Laksanakeun nepi ka adonan béak.
  • Kukus kira-kira ± 60 menit atawa nepi ka asak. Sanggeus éta angkat jeung tiriskeun nepi ka rada tiis.

Cara Nyajikeun

[edit | edit source]

Sajikeun pepes dina kaayaan haneut supaya aroma jeung rasana leuwih karasa nikmat.