Jump to content

Wb/su/Resép:Papéda kuah kuning

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Papéda kuah kuning
Papéda kuah konéng

Papéda kuah kuning nyaéta kadaharan asal Papua jeung Maluku anu bahan dasar dijieunna tina sagu tuluy umumna didahar bareng lauk kuah konéng. Kadaharan ieu disajikeun dina piring saji tuluy didahar maké sumpit anu disebut gata-gata. Carana adonan sagu diputer gancang pikeun adonanna henteu pegat nalika digulung, tuluy diguyur ku kuah konéng. Papéda tuluy didahar tina gigir piring sabari diuyup kuah konéngna.

Bahan

[edit | edit source]

Bahan papéda

[edit | edit source]
  • 100 gram sagu
  • 1200 mililiter cai
  • 1 sendok entéh uyah
  • 1 sendok entéh gula bodas

Bahan lauk kuah konéng

[edit | edit source]
  • 300 gram lauk kakap fillét, potong jadi dadu ukuranna kurang leuwih 3 séntiméter
  • 1 séndok dahar peresan jeruk nipis
  • 1 séndok entéh uyah pikeun ngabaluran lauk
  • 4 séndok dahar lisah goréng
  • 2 tangkéi séréh, dicokot bagéan bodasna tuluy dipéprék
  • 6 lembar daun jeruk
  • 500 mililiter cai
  • satengah séndok téh gula bodas
  • 2 batang daun bawang dipotongan
  • 2 siki tomat beureum, dibeulah jadi sababaraha bagéan

Bumbu lemes

[edit | edit source]
  • 10 siki bawang beureum
  • 5 sihung bawang bodas
  • 3 siki muncang anu disangrai
  • 2 séntiméter konéng nu dibeuleum
  • 2 séntiméter jahé
  • 1 saparapat séndok entéh uyah
  • 1 séndok entéh gula bodas

Cara ngajieun

[edit | edit source]
  1. Baluran lauk kakap maké peresan jeruk nipis jeung uyah sing rata, tuluy kasisikeun.
  2. Panaskeun minyak dina katél. Tumis bumbu lemes tuluy asupkeun séréh jeung daun jeruk. Galokeun nepi ka seungit tuluy caian. Tambahan gula, galokeun, tuluy masak nepi ka ngagolak.
  3. Asupkeun lauk nu geus dipotongan, daun bawang, jeung tomat. Galokeun lalaunan nepi ka laukna asak.
  4. Tambahkeun peresan jeruk nipis, galokeun sakeudeung, tuluy jait.
  5. Pikeun nyieun papéda, galokeun tipung sagu maké 300 mililiter cai. Tambahkeun uyah jeung gula tuluy galokeun nepi ka kacampur rata.
  6. Golakkeun sésa cai saloba 900 mililiter dina panci tuluy asupkeun adonan sagu saeutik-saeutik kana jero cai panas sabari tuluy digalokeun nepi ka kentel jeung asak, warnana bodas hérang. Tuluy jait.
  7. Pindahkeun papéda jeung lauk kuah konéng kanu mangkok. Tuang nalika haneut kénéh.