Wb/su/Resép:Pais suung
Appearance
Pais suung tiram nyaéta kadaharan anu dijieun tina suung tiram anu dicampur jeung bungbu, endog, cabé, jeung daun bawang. Campuran bahan kasebut dibungkus ku daun cau, tuluy dipanggang nepi ka asak.
Bahan
[edit | edit source]- 300 gram suung atawa jamur tiram
- 2 cabé beureum
- 2 tangkal daun bawang
- 3 séndok makan minyak goréng
- 2 endog, dikocok
- Daun cau pikeun ngabungkus
- Nyéré sacukupna
Bumbu anu dihaluskeun
[edit | edit source]- 8 sihung bawang beureum
- 3 sihung bawang bodas
- 1 cm konéng
- ½ séndok téh lada
- 1¼ séndok téh uyah
- ½ séndok téh gula pasir
Cara nyieun
[edit | edit source]- Beberesihkeun suung tiram, cuci nepi ka beresih, tuluy iris kira-kira 1 cm atawa suwir-suwir nurutkeun seratna. Iris ipis cabé beureum jeung daun bawang, tuluy sisihkeun.
- Panaskeun minyak goréng dina katél. Tumis bumbu anu geus dihaluskeun nepi ka seungit. Asupkeun suung, cabé beureum, jeung daun bawang, tuluy aduk rata. Sanggeus bahan satengah asak, angkat jeung antepkeun nepi ka tiis. Sanggeus tiis, pindahkeun kana wadah.
- Tambahkeun endog anu geus dikocok kana tumisan suung, tuluy aduk nepi ka rata. Beulah adonan jadi genep bagian.
- Candak salembar daun cau, teundeun hiji bagian adonan suung di luhurna. Bungkus wangunna siga lontong, tuluy sematkeun tungtungna ku lidi.
- Panaskeun tempat panggang di luhur bara seuneu. Teundeun pais suung di luhurna, tuluy panggang bari dibulak-balik nepi ka asak. Sanggeus asak, angkat jeung sajikeun.