Wb/su/Resép:Pais oncom
Appearance
Pais oncom nyaéta salah sahiji kadaharan has Sunda anu dijieun tina oncom, surawung, jeung sambara. Pais oncom rasana gurih jeung lada. Biasana pais oncom dipaké jadi deungeun sangu haneut. Ieu resep nyieun pais oncom keur 6 bungkuseun.
Bahan
[edit | edit source]Bahan utama
[edit | edit source]- 250 g oncom beureum
- 50 g leunca
- 1 butir endog
- 1 séndok téh uyah
- ½ séndok téh merica bubuk
- 1 sdt gula pasir
- 1 iket surawung, dipotong jeung dicabut daunna
- daun cau
- 3 lembar daun salam (disobek jadi 2-3 bagéan)
Bungbu (dihaluskeun)
[edit | edit source]- 4 sihung bawang bodas
- 6 biji bawang beureum
- 4 biji céngék beureum
- 4 biji cabé beureum keriting
- 1 séndok téh gula beureum
- 1,5 séndok téh uyah
Cara nyieun
[edit | edit source]- Siapkeun bahan jeung bungbu. Bersihkeun leunca, bawang, céngék, jeung cabé.
- Haluskeun sadaya bungbu dina coét. Pisahkeun bungbu nu geus dihaluskeun.
- Oncom dihaluskeun dina coét, terus dicampurkeun jeung bungbu halus, uyah, gula pasir, surawung, jeung leunca.
- Bungkus campuran oncom dina daun cau, terus diiket ku tali atawa ditusuk lidi. Pais dikukus dina sééng 30 meniteun nepi ka mateng. Salian ti direbus, pais oncom tiasa dibakar di luhur areng nepi mateng.
- Pais oncom siap dihidangkeun.