Jump to content

Wb/su/Resép:Mi celor

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Mi celor
Mie Celor

Mi celor téh mangrupa kadaharan mi anu asalna ti Jambi[1] jeung Kota Palembang, Sumatra Selatan.[2] Kecap “celor” dina basa Melayu Palembang hartina direndem atawa diseduh kana cai panas.[3] Sanggeus éta, mi dihijikeun jeung kuah santan jeung kaldu udang anu kandel tur gurih, tuluy disayogikeun jeung pelengkap saperti endog rebus, tauge, jeung kucay. Mi anu dipaké ukuranana leuwih gedé batan mi biasana, kawas Mi Aceh atawa udon ti Jepang. Mi celor anu ilahar dipaké nyaéta mi konéng atawa mi endog.[4][5]

Asal-usul

[edit | edit source]

Asal-usul mi celor can dipikanyaho sacara pasti, tapi dipikawanoh yén mi asalna ti budaya Tionghoa.[6] Ku kituna, bisa jadi mi celor téh mangrupa hasil perpaduan antara kadaharan Melayu jeung Tionghoa. Kecap “celor” dina basa Melayu dialék Palembang hartina dicelup-celupkeun kana cai panas, nu ngarujuk kana cara nyiapkeun mi saméméh disajikeun.[7]

Cara nyayogikeun

[edit | edit source]

Mi celor dijieun maké mi konéng atawa mi endog anu ukuranana gedé jeung rada lega, sarua jeung mi Aceh atawa udon. Mi dicelupkeun heula sakeudeung kana cai panas sangkan téksturna jadi leuwih lemes, tuluy disiram ku kuah anu kandel. Mi jeung kuah kandel ieu rada sarupa jeung lo mi ti Tiongkok.

Kuahna dijieun tina kaldu udang atawa ebi, tuluy dicampur jeung cipati, susu, tipung tarigu, jeung bumbu séjén saperti lada, uyah, gula, jeung bungbu panyedap. Kuahna warnana bodas rada konéng jeung téksturna kandel. Salian ti éta, bisa ditambahan pelengkap saperti endog rebus, udang, hayam, kucay, jeung tauge. Mi celor disajikeun dina kaayaan panas, sarta bisa ditambahan sambel, bawang goréng, jeung potongan daun bawang.

Masarakat Palembang ilaharna ngadahar mi celor isuk-isuk minangka sarapan. Kadaharan ieu gampang kapanggih di Kota Palembang, sanajan can pati loba kapanggih di kota-kota gedé séjénna.[8]

Eusi gizi

[edit | edit source]

Mi celor ngandung karbohidrat, protéin, pitamin, jeung mineral. Kadaharan ieu bisa jadi sumber karbohidrat pangganti sangu. Protéin asalna tina pelengkap saperti udang, hayam, jeung endog, sedengkeun pitamin jeung mineral asalna tina sayuran pelengkap.[8]

Galeri

[edit | edit source]

Rujukan

[edit | edit source]
  1. ↑ https://makananoleholeh.com/makanan-khas-jambi/
  2. ↑ https://www.indonesia.travel/id/id/travel-ideas/gastronomy/mie-celor/
  3. ↑ https://www.moeslim.id/kuliner/mie-celor-khas-kota-palembang-yang-pas-untuk-sarapan/
  4. ↑ https://www.liputan6.com/regional/read/5647353/mencicipi-nikmatnya-mie-celor-26-ilir-h-syafei-kuliner-legendaris-di-palembang?page=2
  5. ↑ https://www.liputan6.com/hot/read/5617258/4-resep-mie-celor-khas-palembang-yang-pedas-kuah-kental-dan-gurih
  6. ↑ https://id.theasianparent.com/mie-celor-khas-palembang
  7. ↑ https://web.archive.org/web/20220328084824/https://travel.tempo.co/read/1462690/4-keunikan-mie-celor-makanan-tradisional-palembang-asal-usul-sampai-gizi
  8. 1 2 https://web.archive.org/web/20220328084824/https://travel.tempo.co/read/1462690/4-keunikan-mie-celor-makanan-tradisional-palembang-asal-usul-sampai-gizi