Jump to content

Wb/su/Resép:Loték

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Loték

Loték nyaéta kadaharan Sunda anu mangrupa sababaraha rupa sayuran dicampurkeun jeung bumbu kacang. Saélas mah tampilanana siga gado-gado. Ieu loték biasana disajikeun jeung sangu atawa lontong. Rasana gurih, amis, tur rada lada.

Bahan

[edit | edit source]
  • 100 gram togé
  • 1 buah waluh, dipotong kotak 2 cm
  • 200 gram kangkung
  • 100 gram kacang panjang, dipotongan 4 cm
  • 100 gram engkol
  • 100 gram suuk
  • 10 buah cengék
  • 50 gram gula beureum
  • 4 cm cikur
  • 1 sdt uyah
  • 1 sihung bawang bodas
  • 1/2 sdt asem jawa anu dilarutkeun ku 1 sdm cai panas
  • 200 ml cai

Cara nyieun

[edit | edit source]
  • Bumbu lotek: réndos suuk, cengék, bawang bodas, cikur, jeung gula beureum. Tambahkeun cai, asem jawa, jeung uyah, tuluy digalokeun, pisahkeun.
  • Golakeun cai, kulub kabéh sayur gantian, tuuskeun.
  • Abuskeun kabéh sayur dina wadah, tuluy abuskeun bumbu lotek, galokeun.
  • Loték geus siap, bisa ditambahan bawang goreng, kurupuk, atawa peresan jeruk nipis.