Wb/su/Resép:Kupat Tahu
Appearance
Ieu mangrupa kadaharan ti Tatar Sunda anu dijieun tina kupat jeung bumbu kacang. Kupat tahu téh biasana dijakeun jang sarapan isuk-isuk.
Bahan
[edit | edit source]- 150 gram suuk
- Lontong atawa kupat
- 4 buah tahu
- togé
- bawang goréng
- minyak goréng
- kécap
- uyah
- gula
- cai
- 2 siung bawang beureum
- 2 siung bawang bodas
- 6 buah cabé keriting
Cara nyieun
[edit | edit source]- Kumbah togé nepi ka bersih, banjur ku cai ngagolak, tuuskeun.
- Panaskeun minyak tuluy goréng tahu nepi ka asak, pisahkeun, potong 1 tahu jadi 8.
- Goréng suuk nepi ka asak, tuuskeun tinu minyak, tuluy di réndos.
- Tumis bawang beureum, bawang bodas, jeung cabé, tuluy tambahkeun suuk anu geus direndos. Masak nepi ka seungit jeung kaluar minyak. Tambahkeun uyah jeung gula, pareuman seuneu.
- Potong lontong atawa kupat, sajikeun dina piring. Tambahkeun togé jeung tahu tuluy banjur ku bumbu kacang jeung kécap. Tambahkeun bawang goréng.