Wb/su/Resép:Kue bagea
Appearance
Bagea nyaéta kueh tradisional anu dijieun tina tipung sagu. Kueh ieu kaasup kana kueh garing sabab dijieun ku cara dipanggang dina open. Di Ternate, Bagea ilaharna dijieun ku tambahan biji kenari. Sababaraha variasi Bagea ogé ngagunakeun gula beureum minangka campuran.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 2 kilogram tipung sagu
- 1 kilogram tipung terigu
- 1 liter kalapa sangrai, dijieun tina 2 buah kalapa satengah kolot anu diparud, disangrai nepi ka warna coklat, tuluy ditutu atawa diblender nepi ka lemes
- 2 gelas minyak goreng
- 2 séndok téh bubuk kayu manis
- potas sacukupna
- vanili sacukupna
- 15 endog bebek
- 1 kilogram gula pasir
- 200 gram kenari anu dicincang
Cara nyieun
[edit | edit source]- Endog jeung gula dikocok nepi ka rada ngembang. Tuluy ditambahan 1 gelas minyak goreng.
- Bubuk kayu manis, potas, jeung vanili diasupkeun kana adonan, tuluy dikocok deui nepi ka ngembang.
- Sésa 1 gelas minyak goreng jeung kalapa sangrai diasupkeun kana adonan, tuluy diaduk nepi ka rata.
- Tipung sagu, tipung terigu, jeung kenari cincang diasupkeun saeutik-saeutik bari terus diaduk nepi ka adonan bisa dibentuk.
- Adonan dibentuk lonjong atawa oval.
- Adonan dipanggang nepi ka asak. Sanggeus asak, Bagea diangkat sarta diantepkeun nepi ka tiis saméméh disuguhkeun.