Wb/su/Resép:Kuéh Srikaya

Kuéh srikaya téh mangrupa jajanan has Palembang anu warnana héjo, miboga seungit has daun pandan, sarta téksturna lemes jeung leget. Kuéh ieu dijieun tina campuran endog, gula keusik, santan, jeung sari pandan tanpa maké tipung.[1] Kuéh srikaya mineng disayogikeun minangka takjil atawa kadaharan pikeun buka puasa. Rasana amis, téksturna lemes, sarta biasana didahar bareng jeung sangu ketan anu disajikeun misah.[2]
Kuéh srikaya ilaharna didahar jeung ketan atawa roti tawar, tapi bisa ogé langsung didahar teu jeung nanaon. Dina bulan Ramadan, kuéh ieu mineng didagangkeun di pasar tradisional jeung pasar bedug di Palembang. Kuéh srikaya dijieun maké cipati, tapi ayeuna ogé loba anu maké santan bungkusan ditambahan cai. Warna héjo dina kuéh ieu bisa asalna tina sari pandan asli atawa tina pasta pandan jieunan. Dina tradisi Palembang, kuéh srikaya sok disayogikeun minangka hidangan panutup dina prosesi ngidang, nyaéta tata cara nyajikeun kadaharan dina acara sedekahan jeung hajat nikahan.[1]