Wb/su/Resép:Kué asida
Kue Asida téh salah sahiji dahareun amis has Maluku nu asal-usulna diadaptasi tina kuliner Arab jeung nagara-nagara di Wétan Tengah. Kue ieu dijieun tina tipung jeung rupa-rupa bungbu lokal. Téktureuna lemes, méh sarupa jeung dodol, sarta bakal ngalembereh dina sungut waktu didahar. Ilaharna, kue Asida disuguhkeun dina bulan Ramadan pikeun kadaharan buka puasa.
Wangun kue Asida méh sarupa jeung puding. Bahan utamana ngagunakeun bungbu-bungbu saperti kayu manis, kapulaga, jeung cengkéh. Bungbu-bungbu éta ngajadikeun rasa kueuna beuki ngeunah sarta miboga ciri has sorangan, komo deui campuran kayu manis jeung cengkéh nu méré rasa gurih campur amis.
Ilaharna, kue Asida disuguhkeun pikeun babaturan ngaleueut téh atawa ngopi. Kue Asida ayeuna geus mimiti hésé kapanggih minangka jajanan pasar. Sanajan kitu, masih bisa dijieun sorangan di imah lantaran cara nyieunna kawilang gampang.
Bahan-bahan
[edit | edit source]• 250 gram tipung tarigu
• 200 gram gula beureum
• 1 séndok makan margarin
• 400 mililiter cai
• 2 batang kayu manis
• 5 siki kapulaga
• 3 siki cengkéh
• 2 séndok makan margarin dicairkeun
Cara nyieunna
[edit | edit source]1. Campurkeun cai, gula beureum, kayu manis, kapulaga, jeung cengkéh. Kulub nepi ka gula ngalembereh jeung caina ngagolak. Saring caina, tuluy antepkeun nepi ka haneut.
2. Lebetkeun tipung tarigu kana wadah. Tuang sabagian cai gula, tuluy aduk nepi ka rata jeung lemes. Sanggeus éta, asupkeun sésa cai gula bari terus diaduk.
3. Masak adonan nepi ka kentel. Tambahkeun 1 séndok makan margarin, tuluy terus aduk nepi ka adonanna kalis jeung téksturna méh sarupa jeung dodol.
4. Wangun adonan méh sarupa jeung mangkok, tuluy teken bagian tengahna nepi ka ngabentuk cekungan.
5. Tuang margarin nu geus dilebur kana éta cekungan. Kue Asida geus siap disuguhkeun.
Kue Asida ogé bisa dikreasikeun luyu jeung karesep, ngagunakeun bahan-bahan nu leuwih kekinian. Margarin bisa diganti ku cokelat dilebur atawa susu kental manis rasa cokelat. Lamun ditambahan kuah cokelat, rupana bakal méh sarupa jeung choco lava.