Jump to content

Wb/su/Resép:Kiripik sampeu

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Kiripik sampeu
Kiripik sampeu

Kiripik sampeu; keripik singkong, nyaéta hiji kadaharan anu dijieun sampeu beunang nyiksikan ipis tuluy digoréng. Kiripik sampeu ilaharna dijieun tina bahan sampeu sumedeng, tayalian henteu gedé teuing ogé henteu kolot teuing sangkan gampang migawé tur kiripik henteu teuas. Kiwari kiripik sampeu téh geus loba rasana, sagigireun rasa pangsét, amis, aya ogé anu rasa lada (balado).

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • Sampeu
  • 3 siung bawang bodas
  • 1 séndok makan uyah
  • 3 séndok makan soda kué
  • Minyak goréng sacukupna

Cara nyieun

[edit | edit source]
  1. Kupas jeung kumbah beresih sampeu.
  2. Iris sampeu ipis-ipis, tuluy rendam dina baskom anu dieusi cai.
  3. Rendos bawang bodas maké coet atawa chopper.
  4. Asupkeun bawang bodas anu geus lemes jeung soda kué kana rendeman sampeu.
  5. Antepkeun rendeman sampeu salila 10 menit.
  6. Panaskeun wajajan anu dieusi minyak goréng, tuluy goréng sampeu.
  7. Antosan nepi ka buih tina sampeu ngurangan, tuluy aduk rata supaya sakabéh sisi sampeu kagoréng sampurna.
  8. Lamun geus asak, angkat jeung tiriskeun. Sampeu siap disajikeun.