Jump to content

Wb/su/Resép:Katimus

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Katimus
Katimus

Katimus nyaéta kadaharan tradisional Sunda anu dijieun tina sampeu (singkong) anu diparud, dicampur jeung gula beureum sarta kalapa parud, tuluy dibungkus ku daun cau jeung dikukus nepi ka asak.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 500 gram sampeu, diparud
  • 150 gram gula beureum, disisir halus
  • 100 gram kalapa parud
  • ½ sdt uyah
  • 1 lembar daun pandan, lamun aya
  • Daun cau pikeun ngabungkus

Cara Nyieunna

[edit | edit source]
  1. Sampeu dikupas, dikumbah nepi ka beresih, tuluy diparud.
  2. Campur sampeu parud jeung kalapa parud.
  3. Tambahkeun gula beureum jeung uyah, tuluy aduk nepi ka rata.
  4. Siapkeun daun cau anu geus dilayukeun sakeudeung sangkan henteu gampang ruksak nalika dibungkus.
  5. Candak adonan sacukupna, simpen dina daun cau, tuluy bentukkeun siga bungkusan leutik.
  6. Bungkus jeung rapetkeun.
  1. Susun dina kukusan, tuluy kukus kira-kira 30–45 menit nepi ka katimus asak jeung teksturna lemes.
  2. Sanggeus asak, angkat jeung antosan rada tiis.

Cara Nyajikeun

[edit | edit source]

Katimus biasana disajikeun dina kaayaan haneut atawa tiis, masih dibungkus ku daun cau atawa dibuka heula tuluy disimpen dina piring.

Supaya leuwih ngeunah, katimus bisa didahar jeung kalapa parud tambahan. Bisa ogé dijadikeun rencang ngopi atawa ngetéh.