Wb/su/Resép:Kamir
Appearance

Kamir nyaéta kadaharan anu dijieun tina adonan tipung tarigu, mentéga, jeung endog. Kaunikanna aya dina campuran tape sampeu atawa ragi anu boga fungsi minangka pangembang alami nu méré ambu jeung rasa anu has.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 250 gram tipung tarigu serbaguna
- 250 gram santan haneut
- 75 gram margarin
- 75 gram tape sampeu
- 125 gram gula pasir
- 1 butir endog utuh
- 1 butir konéng endog
- 1 séndok téh ragi instan
- 1/2 séndok téh uyah
- (Tambahan, opsional) 1 séndok téh éséns panila
Cara nyieun
[edit | edit source]- Campurkeun tipung tarigu, ragi instan, jeung uyah. Tuluy sisihkeun.
- Rebus santan jeung gula nepi ka ngagolak, tuluy geuwat pareuman seuneu.
- Asupkeun margarin kana santan. Aduk nepi ka gula leyur jeung margarin ngalembereh. Tuluy sisihkeun.
- Lumatkeun tape sampeu nepi ka lemes.
- Tambahkeun endog utuh jeung konéng endog. Kocok nepi ka campur rata.
- Sacara silih gentosan jeung saeutik-saeutik, asupkeun bahan garing jeung santan kana campuran tape jeung endog. Léngkah ieu supaya tipung henteu ngagumpal waktu diaduk.
- Tutup wadah ku kaén beresih. Antepkeun salila 40 menit nepi ka adonan ngembang dua kali lipet. Adonan anu geus ngembang bakal ngaluarkeun ambu fermentasi anu has sarta katingali aya gelembung hawa. Adonan ogé jadi leuwih hampang.
- Panaskeun cetakan tuluy olesan ku minyak. Tuang adonan kana cetakan. Tiasa ogé nambahan rupa-rupa eusian saperti nangka, coklat, cau, kéju, atawa rupa-rupa selai di bagian tengah kué.
- Lamun bagian handap geus mimiti kacoklatan, balik kuéna sarta asakkeun nepi ka dua sisina asak sampurna.
- Réngsé. Kué kamir haneut geus siap didahar.