Jump to content

Wb/su/Resép:Hayam tuturuga

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Hayam tuturuga

Hayam tuturuga nyaéta kadaharan has ti Sulawesi Utara nu dijieun tina daging hayam jeung dimasak maké santan sarta bumbu konéng. Kadaharan ieu asalna mangrupa adaptasi tina tuturuga, masakan tradisional masarakat Minahasa anu baheulana ngagunakeun daging penyu (tuturuga dina basa lokal urang Minahasa mah). Ku sabab penyu mangrupa sasatoan nu kudu dilestarikeun sarta dilarang diburu, dagingna tuluy digantikeun ku daging hayam.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 800 g daging hayam, dipotong jadi 10 bagian, kulitna dipiceun
  • 200 ml susu rendah lemak
  • 150 ml santan kentel
  • 150 ml cai
  • 6 lambar daun jeruk
  • 10 buah cabé rawit beureum
  • 1 tangkal séré
  • 24 tangkal kemangi, daunna waé nu dicokot
  • 2,5 séndok téh kaldu hayam
  • 2 séndok makan minyak goréng pikeun numis

Bungbu nu dihaluskeun

[edit | edit source]
  • 15 buah cabé rawit beureum
  • 10 butir bawang beureum
  • 4 siung bawang bodas
  • 4 buah cabé beureum gedé
  • 2 butir kemiri, disangray heula
  • 2 cm jahé
  • 2 cm konéng (kunyit)
  • 1 séndok téh cai jeruk nipis
  • 1 séndok makan minyak goréng

Cara nyieun

[edit | edit source]
  • Panaskeun minyak, tuluy tumis bumbu nu geus dihaluskeun nepi ka seungit.
  • Asupkeun séréh, daun jeruk, jeung cabé rawit beureum, tuluy aduk nepi ka rata.
  • Asupkeun potongan hayam, tuluy asakkeun nepi ka warna dagingna robah. Tambahkeun kaldu hayam, tuluy aduk nepi ka rata.
  • Tuang cai, susu rendah lemak, jeung santan kentel, tuluy aduk. Sanggeus éta asupkeun daun kemangi sarta aduk deui nepi ka rata.
  • Teruskeun ngasakan nepi ka hayam asak sarta kuahna rada kentel. Angkat sarta siap disajikeun.