Jump to content

Wb/su/Resép:Hayam rica-rica surawung

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Hayam rica-rica surawung

Hayam rica-rica kemangi mangrupa kadaharan has ti wewengkon Manado, Propinsi Sulawesi Utara. Ieu kadaharan dijieun tina daging hayam anu diasakan jeung bumbu rica-rica, nyaéta campuran cabé, bawang beureum, bawang bodas, jahé, jeung rupa-rupa rempah séjén anu ngahasilkeun rasa lada jeung seungit. Dina sababaraha pérsi, daun surawung ditambahkeun dina ahir prosés masak pikeun méré aroma anu has.

Kecap rica asalna tina basa Manado anu hartina cabé atawa lada. Ku kituna, rica-rica ngarujuk kana olahan kadaharan anu ngagunakeun cabé minangka bahan utama bungbuna. Sajaba ti hayam, bungbu rica-rica ogé ilahar dipaké pikeun ngolah lauk, bebek, atawa rupa-rupa kadaharan laut.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 1 potong hayam kampung dipotong jadi 8 bagian, kulitna dipiceun
  • 150 g térong, dibeulah dua tuluy dipotong jadi tilu bagian
  • 1 siki jeruk nipis, dicokot caina
  • 1 séndok téh uyah
  • 6 lambar daun jeruk, tulang daunna dipiceun
  • 3 gagang séréh, digeprek
  • 200 ml cai
  • 1 séndok dahar kecap amis
  • 1 séndok téh kaldu hayam
  • 100 g daun kemangi, dipétikan daunna
  • 3 séndok dahar minyak goréng pikeun numis

Bungbu rica-rica, dilemeskeun

[edit | edit source]
  • 12 siki céngék
  • 4 siki cabé beureum gedé
  • 10 siki bawang beureum
  • 6 siung bawang bodas
  • 3 cm jahé
  • 2 cm konéng
  • 1 séndok téh uyah

Cara nyieun

[edit | edit source]

Daging hayam dibalur ku cai jeruk nipis jeung uyah, tuluy diantep heula sawatara waktu.

Minyak dipanaskeun, tuluy bungbu anu geus dihaluskeun ditumis babarengan jeung daun jeruk sarta séré nepi ka seungit.

Sanggeus éta, daging hayam diasupkeun tuluy diaduk nepi ka rata. Ditambahan cai, kecap amis hideung, jeung kaldu hayam, tuluy diasakan nepi ka satengah asak.

Térong diasupkeun sarta diaduk nepi ka rata. Wajan ditutupan, tuluy diasakan deui nepi ka asak jeung caina ngurangan.

Dina tahap ahir, daun surawung diasupkeun sarta diaduk sakeudeung nepi ka layu. Sanggeus asak, kadaharan diangkat tuluy disajikeun.