Jump to content

Wb/su/Resép:Hayam bungbu rintek wuuk

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Hayam bungbu rintek wuuk

Hayam bungbu rintek wuuk atawa sohor ku sebutan RW, numutkeun kana ngaran bungbu nu sabenerna mah teu halal jang umat muslim, lantaran aslina maké daging anjing. Ngan beuki kadieu, kadaharan has Minahasa ieu diadaptasi kana hayam sabab bisa dikonsumsi ku salian ti urang non-muslim. Hayam bungbu RW dipikasohor sabab lada sarta beunghar ku bungbu. Kadaharan ieu ngagunakeun bumbu anu dicincang atawa ditumbuk kasar saperti cabe, bawang beureum, jahé, sereh jeung daun jeruk, asak nepi ka sambelna ngurangan.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 1 hayam kampung, dipotong jadi 8 atawa 12 bagian
  • 1 séndok makan cai jeruk nipis
  • 1 séndok téh uyah
  • 2 tangkal séréh, digeprek
  • 5 lambar daun jeruk, tulang daunna dipiceun
  • 1 lambar daun konéng (daun kunyit), dibeungkeut simpul
  • 1 beungkeut surawung, daunna dipetik
  • 2 tangkal daun bawang, diiris kasar
  • 200 ml cai
  • Minyak goréng sacukupna

Bungbu nu dihaluskeun (atawa dicincang kasar)

[edit | edit source]
  • 10 siung bawang beureum
  • 5 siung bawang bodas
  • 15 buah cabé rawit beureum (saluyukeun jeung tingkat lada nu dipikahayang)
  • 5 buah cabé beureum keriting
  • 2 cm jahé
  • 2 cm laja (lengkuas)
  • 2 cm konéng (kunyit), tiasa dibeuleum sakeudeung
  • 3 butir muncang, disangray heula

Cara masak

[edit | edit source]
  • Lumurkeun potongan hayam ku cai jeruk nipis jeung uyah. Antosan salila 15 menit, tuluy kumbah nepi ka bersih.
  • Panaskeun minyak, tuluy tumis bumbu nu geus dihaluskeun babarengan jeung séré, daun jeruk, sarta daun konéng nepi ka seungit jeung asak.
  • Asupkeun potongan hayam kana tumisan bumbu. Aduk nepi ka warna hayam robah sarta dagingna rada kaku.
  • Tuang cai, tuluy tutup wadah masakna. Asakkeun dina seuneu leutik nepi ka bumbuna nyerep sarta daging hayam jadi hipu, atawa nepi ka caina nyirorot.
  • Sateuacan diangkat, asupkeun daun kemangi jeung daun bawang. Aduk nepi ka layu sarta rata, tuluy pareuman seuneu.