Jump to content

Wb/su/Resép:Géhu

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Géhu

Gehu nyaéta salah sahiji kadaharan Sunda. Kadaharan ieu dijieun tina bahan baku tahu jeung togé anu digoréng, sarta saméméhna dilumuran ku racikan tipung tarigu jeung bungbu-bungbu. Gehu miboga rasa gurih jeung renyah. Kadaharan ieu biasana dijadikeun batur sarapan atawa batur ngopi.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 10 tahu Bandung warna konéng
  • ¼ kg togé anu seger
  • 3 batang bawang daun, disiksik
  • 1 batang daun salédri, disiksik
  • 1 sdt merica
  • Uyah saeutik
  • 6 siung bawang beureum
  • 3 siung bawang bawang bodas
  • 2 bungkus bungbu penyedap
  • 1 endog hayam
  • ¼ kg tarigu
  • Minyak sacukupna

Cara nyieun

[edit | edit source]
  1. Beulah tahu jadi dua, tuluy kerok saeutik bagian jerona. Sisihkeun.
  2. Haluskeun bawang beureum, bawang bodas, jeung merica, tuluy tambahkeun uyah.
  3. Panaskeun 1 séndok minyak goréng dina wajan, tuluy asupkeun bumbu anu geus dihaluskeun. Sanggeus seungit jeung satengah asak, asupkeun irisan bawang daun jeung seledri. Tambahkeun saeutik cai jeung 1 sachet kaldu bubuk. Sanggeus ngagolak, asupkeun tauge, antepkeun sakeudeung nepi ka layu. Angkat tuluy antepkeun nepi ka tiis.
  4. Bari nungguan tumisan tauge tiis, jieun adonan kulit dina mangkok ukuran sedeng. Kocok endog, asupkeun 1 sachet kaldu. Lamun resep, tambahkeun ogé irisan daun seledri. Campurkeun tipung tarigu, tuluy tambahkeun cai saeutik-saeutik nepi ka adonan rada kentel. Ulah teuing encer.
  5. Siapkeun wajan pikeun ngagoréng jeung minyak anu cukup loba sangkan gorengan kakeueum ku minyak.
  6. Asupkeun tumisan tauge kana tahu hiji-hiji. Ulah teuing saeutik, sina taugena siga rék kaluar tina tahu. Jepit tahu, tuluy celupkeun kana adonan nepi ka sakabéh bagianna katutupan ku adonan. Asupkeun kana minyak panas dina seuneu sedeng.
  7. Antosan tahu nepi ka asak jeung warnana konéng kaemasan, tuluy angkat.
  8. Lamun aya sésa adonan jeung tauge, campurkeun tuluy goréng jadi bala-bala atawa bakwan.
  9. Sajikeun tahu goréng jeung cabé rawit héjo. Hadéna didahar waktu masih haneut.