Wb/su/Resép:Es teler
Appearance

Es teler nyaéta inuman es campur has Indonésia anu eusina potongan buah alpukat, kalapa ngora, jeung nangka, anu disiram ku kuah santan, susu kentel amis, jeung sirop. Ieu inuman panutup anu amis jeung creamy pisan populér disajikeun tiis maké és serut atawa és batu.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 1 buah alpukat asak, kerok atawa potong dadu
- 1 buah kalapa ngora, candak daging jeung caina
- 100 gram nangka, iris ipis
- 100 ml susu kentel amis
- 2 séndok makan gula pasir saluyu jeung selera
- 100 ml cai asak
- Es batu sacukupna
- (Tambahan, opsional) 1 lambar daun pandan
Cara nyieun
[edit | edit source]- Beulah alpukat jadi dua, piceun sikina, tuluy kerok dagingna maké séndok sarta potong dadu.
- Kerok daging kalapa ngora.
- Iris nangka ipis-ipis.
- Simpen sakabéh bahan dina kulkas sangkan tiis saméméh diracik.
- Siapkeun panci leutik.
- Asupkeun gula pasir, cai, jeung salambar daun pandan.
- Rebus ku seuneu leutik bari diaduk nepi ka gula leyur sampurna.
- Antosan nepi ka ngagolak, tuluy pareuman seuneu.
- Antepkeun nepi ka tiis.
- Paké mangkok atawa gelas pikeun nyajikeun.
- Asupkeun alpukat, kalapa ngora, jeung nangka anu geus tiis.
- Tambahkeun és batu sacukupna.
- Tuang cai gula kana gelas.
- Tambahkeun susu kentel amis di luhurna.
- Tambah saeutik susu cair.
- Aduk lalaunan sangkan sakabéh bahan campur rata.
- Sajikeun.