Jump to content

Wb/su/Resép:Es pallu butung

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Es pallu butung
Es Pallu Butung

Es Pallu Butung mangrupakeun kuliner has Makassar anu amis, legit, tur nyegerkeun. Biasana hidangan ieu disajikeun minangka kadaharan panutup.

Bahan-Bahan:

[edit | edit source]
  • 40 gr tipung béas
  • 500 ml santan
  • 1/2 sdt uyah
  • 50 ml krimer kental manis
  • 2 lambar daun pandan
  • 5 buah cau raja
  • Sirop cau sacukupna
  • És batu sacukupna

Cara Nyieunna:

[edit | edit source]

1. Seupan cau nepi ka asak.

2. Pesék kulit cauna.

3. Potong-potong cau, tuluy pisahkeun.

4. Pikeun nyieun bubur sumsum: campur santan, tipung béas, uyah, jeung krimer kental manis,

5. Asakkeun ku seuneu leutik bari terus diaduk.

6. Asupkeun cau seupan kana wadah saji.

7. Tambahkeun és batu, bubur sumsum, krimer kental manis, jeung sirop cau.