Wb/su/Resép:Empal gentong
Appearance
Empal Gentong nyaéta salah sahiji kahadaran khas ti Cirebon anu dijieun dina wadah kendi tina taneuh liat, anu diasakan dina hawu.
Empal gentong jantén kahadaran khas Cirebon, anu bahan dasarna tinu daging saréng jéroan sapi make santén. Anu di dahar jeung sangu atawa lépeut.
Bahan
[edit | edit source]- 500 gram daging sapi (dicampur jeroan sapertos babat atawa paru)
- 1,5 liter cai
- 250 ml santan rada kentel
- 2 lembar daun salam
- 2 batang seréh (geprak)
- 3 lembar daun jeruk
- 2 cm lengkuas (geprak)
- Gula, garam, jeung penyedap rasa secukupna
- Minyak saeutik pikeun ngagoreng bumbu
Bumbu jang di haluskeun :
- 4 siung bawang bodas
- 8 siung bawang beureum
- 4 butir kemiri (sangray)
- 2 cm kunyit (bakar)
- 1 cm jahe
- 1/2 séndok téh ketumbar (sangray)
- 1/4 séndok téh merica bubuk
Léngkah
[edit | edit source]- Ngagolakeun daging: Kaul jeung kulub daging sapi dina cai ngagolak dugi ka empuk. Upami tos empuk, angkat lajeng potong-potong ngabentuk dadu. Cai tilas ngakulubna (kalduna) ulah dibuang.
- Ngagoreng Bumbu: Panaskeun minyak saeutik dina katel. Tumis bumbu halus, daun salam, seréh, daun jeruk, jeung lengkuas dugi ka seungit jeung mateng.
- Ngacampurkeun Bumbu jeung Kaldu: Masukeun tumisan bumbu anu tos seungit kana panci cai kaldu daging tadi. Adok dugi ka rata.
- Masak Daging jeung Santan: Masukeun potongan daging sapi. Tambahkeun santan, gula, garam, jeung penyedap rasa. Adok lalaunan supados santanna teu pecah.
- Ngécék Rasa: Ungkab nganggo seuneu leutik dugi ka bumbu nyerap kana daging. Cicipan rasana, sesuaikeun garam jeung gulana nepi ka pas dina lidah.
- Sajikeun empal : Angkat Empal Gentong anu tos asak. Sajikeun dina mangkok kalawan ditaburan daun kucai, bawang goreng, sambel cabé bubuk, jeung kuahan haneut. Langkung nikmat dituang saréng lontong atawa nasi haneut.