Wb/su/Resép:Dodol rumput laut
Appearance

Dodol rumput laut mangrupakeun salah sahiji produk kuliner tradisional khas Lombok, Nusa Tenggara Barat, nu geus dipikawanoh minangka kuéh has pikeun oleh-oleh wisatawan. Kadaharan ieu miboga tékstur kenyal jeung rasa nu amis.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 1,5 kg rumput laut anu seger
- 400 gram tipung ketan
- 200 gram tipung terigu
- 1 kg gula pasir atawa gula beureum nurutkeun kabeuki
- Santan kentel sacukupna
- Uyah jeung panili sacukupna
- Perisa tambahan (misalna strobéri atawa ganas)
Cara nyieun
[edit | edit source]- Rumput laut dikeueum heula dina larutan kapur kira-kira 24 jam supaya téksturna jadi leuleus, tuluy dikumbah sababaraha kali nepi ka bener-bener beresih.
- Sanggeus éta, rumput laut dihaluskeun nepi ka jadi pasta.
- Siapkeun kuali gede, tuluy asupkeun santan bareng jeung tipung ketan jeung tipung terigu, diaduk nepi ka rata.
- Tambahkeun gula, uyah, jeung panili kana kuali, tuluy diasak make seuneu leutik.
- Rumput laut diasupkeun, tuluy diaduk terus-terusan pikeun teu tutung, nepi ka adonan jadi kandel jeung kalis. Prosés ngaduk ieu bisa nyokot waktu nepi ka kira-kira 2 jam.
- Lamun adonan geus kalis, perisa bisa ditambahan nurutkeun rasa nu dipikahayang.
- Adonan tuluy dituangkan kana cetakan atawa loyang nu geus dialasan ku plastik atawa kertas minyak.
- Tiiskeun nepi ka ngagel, sanggeus éta dipotong-potong nurutkeun ukuran nu dipikahayang.