Jump to content

Wb/su/Resép:Cilung

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Cilung

Cilung nyaéta kadaharan anu biasana dijual di sakola-sakola sarta tiasa dijadikeun kadaharan cemilan di imah.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 2 séndok makan tipung tapioka
  • Cai bodas sacukupna
  • Kaldu bubuk sacukupna
  • Lada bubuk sacukupna
  • 1 butir endog hayam
  • Bubuk panyedap rasa pikeun nambahan rasa; tiasa nganggo rasa BBQ, kéju, atawa saos
  • Minyak goréng sacukupna
  • Cocolok sate

Cara nyieun

[edit | edit source]
  1. Campur tipung tapioka, kaldu bubuk, lada bubuk, jeung cai bodas, tuluy aduk rata. Pastikeun adonan henteu teuing encer jeung henteu teuing kentel.
  2. Siapkeun teplon, tuluy olesan ku minyak goréng.
  3. Kocok 1 butir endog hayam, tuluy jieun dadar.
  4. Tambahkeun campuran tipung tapioka di luhureun dadar endog. Taburkeun bubuk panyedap rasa di luhurna.
  5. Lamun sisi dadar endog geus karasa garing jeung gampang leupas, gulung maké tusuk sate.
  6. Sajikeun haneut.