Jump to content

Wb/su/Resép:Cakalang santang

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Cakalang santang
Cakalang santang ti Manado

Cakalang Santang mangrupa salah sahiji masakan khas Sulawesi Utrara. Kecap santang di dieu sarua hartina jeung cipati amun ditarjamahkeun kana Basa Sunda mah.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 4 potong cakalang fufu goréng
  • 3 siung bawang beureum
  • 1 siung bawang bodas
  • 1/2 ruas konéng
  • 1 sachet santan instan
  • 1 buah daun bawang
  • 8 buah cabé rawit, diulek kasar
  • 1/2 séndok lada
  • 3 séndok minyak goréng
  • uyah jeung panyedap rasa sacukupna

Cara nyieun

[edit | edit source]
  1. Haluskeun bawang beureum, bawang bodas, konéng, jeung cabé rawit.
  2. Panaskeun minyak, tuluy tumis bumbu halus tepi ka kaambeu seungit.
  3. Asupkeun cai jeung cipati, tuluy aduk nepi ka ngagolak.
  4. Sanggeus éta, asupkeun cakalang fufu nu geus digoréng sarta daun bawang.
  5. Aduk rata, tuluy tambahkeun uyah, panyedap rasa, jeung lada nurutkeun selera.
  6. Asakkeun sakeudeung ku seuneu leutik nepi ka bumbuna nyerep kana lauk bari terus diaduk sangkan santanna teu peupeus.
  7. Lamun geus asak, pareuman kompor tuluy hidangkeun.