Wb/su/Resép:Cakalang pampis
Appearance

Cakalang pampis mangrupa olahan lauk cakalang nu diawetkeun ngaliwatan prosés diasapan. Ieu hidangan kawilang dipikawanoh di Manado sarta biasana diolah jadi masakan nu miboga rasa lada nu disebut pampis.
Bahan-bahan
[edit | edit source]- 500 gr lauk cakalang atawa tongkol
- 2 gagang sereh, digeprek
- 6 lambar daun jeruk, dipotong-potong
- 2 lambar daun pandan
- 1 lambar daun konéng
- 3 iket kemangi, dicokot daunna
- Uyah, gula, kaldu bubuk, jeung lada bubuk sacukupna
- Minyak goréng sacukupna
Bumbu halus
[edit | edit source]- 10 buah cabé beureum
- 5 buah cabé rawit beureum
- 10 siung bawang beureum
- 7 siung bawang bodas
- 1 ruas jahé
- 1 ruas konéng
Cara nyieun
[edit | edit source]- Bersihkeun heula lauk cakalang saméméh diolah. Piceun duri jeung kulitna nu kandel.
- Sanggeus éta, seupan daging lauk cakalang nepi ka asak.
- Daging lauk tuluy disuwir-suwir maké garpu supaya leuwih gampang.
- Cabé beureum, cabé rawit, bawang beureum, bawang bodas, jahé, jeung konéng diasupkeun kana blender tuluy dihaluskeun. Lamun euweuh blender, bisa ogé ditutu sacara manual.
- Panaskeun panci, tuluy tumis bumbu halus maké saeutik minyak nepi ka seungit.
- Asupkeun ogé daun jeruk, daun konéng, jeung sereh kana tumisan.
- Sanggeus éta, asupkeun suwiran lauk cakalang kana panci, tuluy aduk nepi ka rata jeung bumbu.
- Tambahkeun uyah, gula, kaldu bubuk, jeung lada nurutkeun selera. Lamun bumbuna karasa garing teuing, bisa ditambahan saeutik cai.
- Asupkeun daun kemangi, tuluy asakkeun nepi ka bumbuna nyerep sampurna.