Wb/su/Resép:Burgo

Burgo téh mangrupa kadaharan has ti Palembang jeung Jambi. Dina taun 2021, burgo geus ditangtukeun ku Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemdibud) kalayan nomer pendaptaran 202101401 salaku Warisan Budaya Takbenda (WBTB)[1] anu asalna ti Propinsi Sumatra Selatan. Burgo kaasup kana jajanan, lain kadaharan utama. Kadaharan ieu biasana bisa kapanggih di warung-warung has Palembang sarta ilaharna disajikeun bareng jeung kadaharan séjén saperti lakso, laksan, jeung celimpungan. Burgo bakal leuwih ngeunah lamun didahar dina kaayaan haneut, ku sabab éta warung-warung biasana ngajual burgo bari dipanaskeun maké kompor.
Bahan utama burgo nyaéta satengah kilo béas, sagu, satengah kilo lauk gabus, jeung cai. Salian ti éta, dina prosés nyieunna ogé dipaké rupa-rupa bumbu tambahan, saperti laos, katumbar, kemiri, cikur, temu konci, bawang beureum, bawang bodas, gula keusik, daun salam, jeung saeutik kapur sirih.[2]
Bahan-bahan
[edit | edit source]
Adonan burgo dijieun tina campuran tipung béas, sagu atawa tapioka, jeung cai. Burgo dijieun ku cara adonan dipanaskeun dina wajan datar, tuluy dilipet jeung digulung. Burgo biasana disajikeun maké kuah bodas anu dijieun tina campuran santan jeung daging lauk. Rupa-rupa jinis lauk bisa dipaké, tapi lauk gabus mangrupa pilihan anu paling sering dipaké. Pikeun resep anu leuwih murah jeung basajan, sok aya ogé anu ngan maké udang garing (ébi).
Kuah santan ieu dibéré bumbu campuran bawang bodas, katumbar, laos, uyah, jeung daun salam. Saméméh disajikeun, panekuk burgo anu geus dilipet dipotong-potong heula, tuluy disiram ku kuah santan, sarta ditambahan taburan bawang goréng. Sambel jeung peresan jeruk nipis bisa ditambahan pikeun nambahan rasa lada jeung haseum anu seger.[3]
Cara nyayogikeun
[edit | edit source]
Pikeun nyayogikeun burgo sangkan katénjona leuwih ngeunah jeung rasana leuwih ngeunah, nu kahiji nyaéta motong burgo jadi siksikan kira-kira rubakna 2 cm. Sanggeus dipotong, susun irisan burgo sacara rapih dina piring sangkan katingal leuwih ngagugah napsu dahar. Geus kitu, parinkeun kuah santan anu geus dimasak saméméhna ka luhur burgo nepi ka rata. Pastikeun kuahna cukup loba sangkan unggal potongan burgo kasiram ku rasa gurih tina santan anu dibumbuan.
Pikeun ngalengkepan sajianana, bisa ditambahan endog rebus anu geus dikupas jeung dipotong sakahayang minangka lauk batur. Salian ti éta, taburan bawang goréng anu garing jeung seungit ogé bisa ditambahan pikeun nambahan rasa jeung tékstur anu béda. Ku cara nyajikeun saperti kieu, burgo bakal katingali leuwih matak dahar jeung siap dinikmati minangka kadaharan anu ngeunah jeung ngawaregkeun.[4]