Wb/su/Resép:Bilenthango
Appearance

Bilentango nyaéta salah sahiji kadaharan has Gorontalo anu dijieun tina lauk anu diasakan ku bumbu husus. Kadaharan ieu ngagunakeun lauk mujair anu diasakan dina luhureun daun cau kalayan bumbu anu dilemeskeun.
Bahan
[edit | edit source]- 1 lauk mujair, bisa diganti ku lauk séjén
- 1 siki jeruk nipis
Bungbu
[edit | edit source]- 10 cabé rawit
- 10 siung bawang beureum
- 1 siung bawang bodas
- 1 jahé sacukupna
- 1 buah tomat
- 2 sikieun katuncar
- 1 tangkal daun bawang
- Uyah, gula, cabé, jeung bubuk kaldu sacukupna
- Daun cau sacukupna
Cara nyieun
[edit | edit source]- Beulah awak lauk, tuluy beberesihkeun tina eusi beuteung jeung getihna. Lumurkeun lauk ku cai peresan jeruk nipis. Anteup salila 10 menit, tuluy bilas nepi ka beresih.
- Haluskeun cabé, bawang beureum, jahé, kemiri, jeung tomat. Tambahkeun uyah, gula, cabé, jeung bubuk kaldu sacukupna.
- Teundeun lauk di luhureun daun cau. Lumurkeun bumbu anu geus dihaluskeun kana sakujur lauk, tuluy taburkeun daun bawang anu geus diiris ipis.
- Siapkeun katél datar, tuluy tuangkeun 2–3 séndok makan minyak goréng. Teundeun lauk anu geus dibungkus atawa dilapis daun cau dina katél. Goréng ku minyak saeutik nepi ka lauk asak. Katél bisa ditutup sangkan prosés ngasakan lauk leuwih gancang.
- Lauk ulah nepi ka kakeueum ku minyak sangkan bumbu anu aya di luhurna henteu sumebar. Sanggeus lauk asak, angkat tuluy sajikeun.