Wb/su/Resép:Bebalung

Bebalung, nu sok disebut ogé bebalung sapi, nyaéta kadaharan tradisional khas Lombok nu wangunna kawas sup daging. Kadaharan ieu dipikawanoh ku rasana nu gurih jeung beunghar rasa. Bebalung dijieun tina iga sapi atawa daging sapi salaku bahan utama, tuluy diasak make rupa-rupa bumbu sangkan ngahasilkeun rasa nu has. Dina basa Sasak, kecap bebalung hartina tanaga, lantaran masarakatna percaya yén kadaharan ieu bisa méré tanaga jeung ningkatkeun kakuatan awak.
Bebalung biasana sok disayagikeun dina rupa-rupa acara penting, saperti hajatan kawinan, sunatan, kenduri, nepi ka upacara adat jeung acara pati. Kadaharan ieu lain saukur dipikaresep ku rasana wungkul, tapi ogé miboga ajén kabersamaan dina tradisi masarakat Lombok.
Bahan-bahan
[edit | edit source]Bahan Utama
- 500 gram tulang iga sapi atawa munding
- 1 cm lengkuas digeprék
- 1 cm jahé digeprék
- 1 batang serei digeprék
- 1 sendok téh kaldu bubuk
- 4 sendok makan cai asem Jawa
- 1 sendok téh uyah
Bungbu Halus
- 3 buah bawang beureum
- 3 siung bawang bodas
- 3 buah cabe rawit beureum
- 1 sendok téh katumbar bubuk
- 1 cm cikur
- 1/2 sendok téh lada bubuk
- 1/2 sendok téh terasi bubuk
Cara nyieun
[edit | edit source]Nyieun bebalung dimimitian ku ngagolakkeun iga sapi dina cai nepi ka ngagolak. Mun aya buih nu mucunghul, dibuang heula pikeun kuahna angger hérang. Sanggeus kitu, teruskeun ngagolakkeun make seuneu leutik salila kira-kira 1 nepi ka 2 jam nepi ka dagingna jadi leuleus. Bari nungguan, bungbu halus ditumis make saeutik minyak nepi ka seungit. Sanggeus éta, tambahkeun séréh, daun salam, daun jeruk, jeung lengkuas, tuluy digalo nepi ka bumbuna asak sampurna.
Bungbu tumisna diasupkeun kana rebusan iga, diaduk rata, tuluy diasak deui. Sanggeus éta, tambahkeun uyah, gula, jeung kaldu sapi bubuk lamun maké, tuluy dirasakeun deui saluyu jeung karesep. Mun hayang rada pedes, bisa nambahan cabe beureum tuluy diasak kira-kira 10 menit supaya bumbuna nyerep. Bebalung biasana disayagikeun dina kaayaan haneut, dilengkepan ku peresan jeruk limau jeung sambel rawit minangka pelengkap.