Wb/su/Resép:Balakutak cabé gendot
Appearance

Balakutak téh ngaranna sato laut nu sarupa jeung cumi, ngan ukuranna leuwih gede. Husus dina basa Sunda mah leuwih dipikawanoh ku sebutan balakutak. Biasana diolah ku cara digoréng atawa diasakan jeung mangsi sorangan nepi ka jadi balakutak hideung. Rasana gurih, lemes, tur nikmat pisan. Mun can kungsi ngasaan, ieu aya salasahiji resep nu bisa dicobian di imah.
Bahan
[edit | edit source]- 5 siki balakutak ukuran sedeng
- 2 siki jeruk nipis
Bungbu
[edit | edit source]- 3 siung bawang beureum
- 2 siung bawang bodas
- 2 ruas jahé
- 1 ruas laja (lengkuas)
- 2 lambar daun salam
- 3 lambar daun jeruk
- 2 siki cabé héjo gedé atawa nu gendot
- 2 siki cabé beureum gedé
- 1 ruas konéng (kunyit)
- ½ séndok téh merica
- Uyah jeung gula sacukupna
- Minyak goréng sacukupna
Cara nyieun
[edit | edit source]- Kumbah balakutak nepi ka beresih. Cabut tulang tonggongna nu teuas, tapi mangsina ulah dipiceun. Sanggeus éta, tuluy potong sakahayang.
- Iris ipis bawang bodas, bawang beureum, cabé beureum, jeung cabé héjo. Daun jeruk disoék saeutik atawa piceun tulang daun di tengahna sangkan seungitna leuwih karasa. Jahé jeung laja digeprek, ari konéng mah dihaluskeun.
- Panaskeun saeutik minyak, tuluy tumis bawang bodas jeung bawang beureum nepi ka seungit. Sanggeus éta, asupkeun bumbu séjénna, tuluy tumis deui nepi ka asak jeung ngaluarkeun seungit.
- Lebetkeun balakutak, aduk sakeudeung. Tambahkeun cai saeutik waé, tuluy béré uyah jeung gula sacukupna.
- Lamun balakutak geus rada nyirorot, kuahna beuki loba, sarta rasana geus merenah, hartina geus asak. Geura angkat, ulah lila teuing diasakan sangkan balakutak teu jadi liat.
- Balakutak hideung siap dihidangkeun bari dipirig ku sangu haneut.