Jump to content

Wb/su/Resép:Air guraka

From Wikimedia Incubator
< Wb | su
Wb > su > Resép:Air guraka
Air guraka

Guraka nyaéta inuman tradisional ti Maluku anu dijieun tina jahé beureum, gula beureum, gula pasir, jeung sereh. Bahan-bahan éta digodog babarengan dina cai nepi ka ngahasilkeun inuman anu biasana disuguhkeun dina kaayaan haneut.

Guraka ilahar diinum nalika hawa tiis atawa nalika usum hujan. Dina sababaraha pariasina, Guraka disuguhkeun kalayan taburan kacang kenari atawa kacang almond.

Bahan-bahan

[edit | edit source]
  • 50 gram jahé beureum
  • 500 gram gula beureum
  • 50 gram gula pasir
  • 1 batang sereh
  • 1 liter cai
  • 25 gram kacang kenari atawa kacang almond pikeun taburan

Cara nyieun

[edit | edit source]
  • Jahé beureum diberesihan, tuluy digeprek.
  • Cai, jahé, gula beureum, gula pasir, jeung sereh diasupkeun kana panci.
  • Campuran digodog nepi ka ngagolak, tuluy diteruskeun salila kira-kira 20 menit ku seuneu sedeng.
  • Sanggeus asak, seuneu dipareuman sarta campuran diantepkeun nepi ka rada tiis.
  • Cai Guraka disaring, tuluy dituang kana gelas.
  • Guraka disuguhkeun kalayan taburan kacang kenari atawa kacang almond di luhurna.