Wb/su/Resép:És goyobod
Appearance
És goyobod nyaéta salah sahiji minuman khas ti Garut, Jawa Kulon. Minuman ieu ngagaduhan rasa anu amis. Minuman ieu biasa dijual di sisi jalan, hususna di Kota Garut. Harga és goyobod kisaran 5-20 rébu.
Bahan-bahan
[edit | edit source]Bahan adonan goyobod
[edit | edit source]- 40 gram tipung hunkwe
- ¼ sdt uyah
- 3 sdm gula bodas
- 2 tétés pasta stroberi
- 300 ml cai asak
Bahan sirop
[edit | edit source]- 150 gram gula bodas
- 1 btg daun pandan
- 300 ml cai asak
Bahan santen
[edit | edit source]- 300 ml santan nu éncér
- ¼ sdt uyah
- 1 btg daun pandan
Bahan palengkep
[edit | edit source]- Kalapa ngora anu geus dikerok
- Alpukat asak
- Manisan kolang kaléng fanta
- Selasih (keueum ku cair nepi ka ngembang)
- Nangka konéng
Cara nyieun
[edit | edit source]- Campurkeun tipung hunkwee, pasta stroberi, cai, gula bodas jeung uyah, terus galokeun nepi ka rata.
- Masak terus aduk-aduk nepi ka kentel jeng bening.
- Angkat, terus tuang tina wadah.
- Asupkeun kanu kulkas nepi ka teuas.
- Pas keur kondisi panas, adonan goyobod bakal warna beureum pisan. Tapi mun geus tiisi, goyobod bakal balik ka warna beureum ngora.
Cara nyieun sirop jeung nyajikeun
[edit | edit source]- Campurkeun cai, gula bodas jeung daun pandan. Terus masak nepi ka ngagolak jeung ngentel. Lamun bérés, angkat.
- Campurkeun santen, uyah, daun pandan. Simpen di luhur seuneu kompos terus aduk-adu nepi ka ngagolak. Lamun bérés, angkat.
- Potong-potong goyobod, alpuket, dan nangka jadi bentuk dadu. Husus kolang-kaléng, siksik ipis.
- Simpen dina wadah gelas atawa mangkok. Tambahkeun és batu, kerokan kalapa ngora, jeng selasih.
- Tuangkeun sirop jeung santan/susu cair.
- És goyobod jadi jeung siap dituang.